Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Korintus 12 >> 

1Saenyana agul teh taya untungna. Tapi teu rek agul kumaha, sabab sim kuring kungsi meunang tetenjoan jeung wahyu ti Gusti.

2Sim kuring terang ka hiji jelema umat Kristus, anu opat welas taun ka tukang dadak sakala diangkat ka sawarga pangluhurna, (sim kuring teu terang, naha eta teh kajadian saenyana atawa ngan tetenjoan wungkul, ngan Allah anu uninga).

3(12:3-4) Terang deuih eta jelema teh terus diangkat ka Pirdus (ieu oge duka kajadian saenyana, duka ngan tetenjoan wungkul, ngan Allah anu uninga). Di dituna manehna meunang dedengean anu henteu bisa kaucapkeun ku omongan, dedengean anu henteu idin diucapkeun ku biwir manusa.

4(12:3)

5Tah sim kuring agul teh ku eta jelema, da ari diri sorangan mah naon agulkeuneunana, lian ti agul ku karumasaan boga hate lembek.

6Tapi sanajan rek agul-agul ge, nu diomongkeun mah perkara anu bener, moal kawas omongan nu burung. Tapi moal rek muji maneh, bisi aya jelema anu nyangka yen sim kuring jelema leuwih, boh dina pangalaman boh dina caritaan anu geus katenjo jeung kadenge ku manehna.

7Ngan supaya ulah nepi ka jadi kamagungan dumeh meunang tetenjoan jeung wahyu anu sakitu arahengna, sim kuring dibere hiji kanyeri dina awak, enteng tapi numbukan bae ngagoda kana awak lir utusan Iblis, supaya sim kuring ulah agul.

8Tilu kali sim kuring nunuhun ka Gusti, nyuhunkeun supaya eta kanyeri dileungitkeun.

9Tapi waler-Na, "Kurnia Kami ka maneh geus cukup, sabab kakawasaan Kami paling matih ana maneh keur lembek." Ku sabab kitu sim kuring mah lembek oge agul, bungah pisan, da bakal bisa ngarasa kana panangtayungan kakawasaan Gusti.

10Demi Kristus, sim kuring mah lembek kajeun, dihina kajeun, sangsara kajeun, dikaniaya kajeun, nandangan suker kajeun. Puguh ari keur lembek sim kuring mah jadi bedas teh.

11Memang sim kuring geus jadi jelema bodo, tapi aranjeun nu jadi lantaranana. Benerna aranjeun teh ngahargaan ka sim kuring. Kieu-kieu oge sim kuring henteu katitih ku eta "rasul-rasul" aranjeun anu luar biasa teh.

12Tandana yen sim kuring rasul, geus mindeng dibuktikeun reujeung kasabaran ku ngayakeun hal-hal anu ajaib jeung araheng.

13Iwal ti tara dipentaan tulung perkara duit, cik dina hal naon aranjeun kurang dipentingkeun ti batan jamaah-jamaah sejen teh? Bisi karasana henteu adil, hampura bae.

14Ngalayad aranjeun teh geus rek tilu kali jeung ayeuna. Lain rek aya nu dipenta, rek ka aranjeun teh sono ka jelemana, lain kana duitna. Jeung deui lain anak anu kudu maraban kolot, tapi kolot anu kudu maraban anak.

15Ka aranjeun teh ulah-bon harta banda, raga sakujur oge rido masrahkeun. Sageuy kurang nyaraah keneh bae ka sim kuring anu sakieu nyaahna ka aranjeun.

16Sageuy teu karasa yen bareto sim kuring tara ngarepotkeun ka aranjeun. Tapi make aya anu nuduh magar sim kuring pelit, loba ekol sok macikeuh.

17Na kumaha? Na kungsi sim kuring narik untung ti aranjeun mun ngirim utusan ka dieu?

18Enya sim kuring teh ngutus Titus jeung baturna saurang papada umat Kristus ka dieu. Eta kitu anu dipajarkeun narik untung teh? Lain sarua tekad jeung cara hirup Titus jeung sim kuring teh?

19Palangsiang ceuk pamikir aranjeun sim kuring jeung Titus teh ti bareto nepi ka ayeuna ngan hayang meunang sorangan bae. Henteu, dulur-dulur! Sim kuring nepikeun dawuhan Kristus ka aranjeun kalawan kauninga ku Allah teh rek nulung aranjeun.

20Sim kuring paur, sieun ari jol ka dieu nyampak aranjeun sulaya tina kahayang sim kuring, sabalikna sim kuring sulaya tina kahayang aranjeun. Sieun timbul pacogregan seug garelut, sieun engke padengki-dengki, silih pikajengkel, silih hualkeun, silih upat jeung paagul-agul nepi ka jadi rusuh.

21Inggis ari jol teh engke sim kuring ku Gusti Allah diparengkeun apes di hareupeun aranjeun, sieun meunang kasedih, bisi jelema-jelema anu bareto nyieun kadorakaan teh loba keneh anu tacan robah, masih rujit kalakuan, masih keneh sok rarucah jeung lalacur.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  2 Korintus 12 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel