Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Korintus 2 >> 

1Ku sabab kitu ceuk timbangan sim kuring, tinimbang matak susah hate aranjeun mah leuwih hade sim kuring ulah datang deui.

2Sabab lamun sim kuring nyusahkeun hate aranjeun, saha deui anu bisa nyenangkeun hate sim kuring, salian ti aranjeun keneh anu geus disusahkeun hate ku sim kuring?

3Eta sababna nu matak harita sim kuring ngirim eta surat. Sabab sim kuring teu hayang ari datang tuluy meunang kanalangsaan ti aranjeun, jelema-jelema anu ku sim kuring diharep baris ngabungahkeun hate sim kuring.

4Nulis eta surat teh bari sedih jeung nalangsa nepi ka bijilan cipanon. Teu pisan-pisan sim kuring boga maksud ngajengkelkeun ka aranjeun, sabalikna hayang nembongkeun kanyaah anu taya papadana.

5Mun aya jelema anu nyusahkeun, nyusahkeunana teh lain ka sim kuring, tapi ka aranjeun, sakurang-kurangna ka sabagian. (Nyebutkeun kieu soteh supaya sim kuring ulah nemen teuing nyalahkeunana ka nu boga dosana),

6da hukuman ti kalolobaan aranjeun oge ka eta jelema teh geus cukup.

7Tapi ayeuna mah geus bae jelema anu salah teh hampura, sina janglar ulah nalangsa katutuluyan, bisi pegat harepanana.

8Pamenta sim kuring, tembongkeun ka jelemana yen aranjeun teh saenyana mah mikanyaah ka manehna.

9Surat sim kuring bareto teh maksudna nguji, diturut henteuna salawasna papatah-papatah sim kuring ku aranjeun.

10Upama eta anu salah ka aranjeun ku aranjeun dihampura, ku sim kuring oge tangtu dihampura. Ana sim kuring geus ngahampura, lamun enya aya anu kudu dihampura, dihampurana teh di payuneun Kristus, keur pijamugaeun aranjeun,

11supaya Iblis ulah nepi ka ngawasaan ka urang, kawantu kana maksud-maksud Iblis teh urang geus teu bireuk deui.

12Sanggeus sim kuring datang ka Troas rek ngawawarkeun Injil Kristus, Gusti maparin pijalaneun ka sim kuring pikeun baranggawe di Troas.

13Orokaya hate kacida honcewangna lantaran dulur urang, Titus, henteu kasampak aya di ditu. Ku sabab kitu sim kuring amitan ka urang ditu terus ka Makedoni.

14Puji sukur ka Allah, sim kuring ku Allah teu kendat dituyun, dipilukeun kana arak-arakan kaunggulan Kristus, sina satunggal jeung Kristus. Ku Allah dikersakeun kudu ngamashurkeun warta hal Kristus, sina sumebar lir wawangen anu nyambuang ka mana-mana.

15Sim kuring teh dijadikeun minangka menyan seungit anu dikukuskeun ku Kristus haturan Allah, angseuna sina nyambuang kaangseu boh ku jalma-jalma anu pisalameteun, boh ku anu picilakaeun.

16Pikeun anu picilakaeun kaangseuna mani lanjung matak paeh, pikeun anu pisalameteun kaangseuna mani ngadalingding seungit matak hirup. Atuh saha anu sanggup ngemban tugas kawas kitu?

17Ari sim kuring moal kawas umumna jalma rea ngemban pangersa Allah sambarangan kawas kana barang murah. Sabalikna ku sabab diutus ku Allah, nyarita di payuneuna-Na teh kudu reujeung saenyana sakumaha layakna abdi Kristus.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  2 Korintus 2 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel