Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Korintus 8 >> 

1Dulur-dulur, sim kuring rek nyaritakeun hal berkah Allah ka jamaah-jamaah di Makedoni.

2Maranehna geus meunang cocoba kacida beuratna, tapi parangina teu weleh barerag. Sarta sanajan kacida mariskinna oge daraekeun mere derma tur pohara laleahna.

3Merena teh mani sakuat-kuat, malah leuwih ti kitu. Turug-turug

4mani keukeuh menta diidinan ngumpulkeun derma, rek ngabantu umat Allah di Yudea.

5Teu nyana nepi ka kitu! Geus ngabdi ka Gusti teh, ku kersaning Allah make jeung nawarkeun tanaga ka sim kuring sabatur-batur.

6Ti dinya sim kuring menta ka Titus anu ngamimitian ngayakeun usaha kitu, supaya eta usaha anu sakitu mulyana teh dituluykeun di tempat aranjeun ongkoh.

7Aranjeun unggul dina sagala rupa, dina kapercayaan, dina kapercekaan nyarita, dina pangaweruh, dina sumanget kana tutulung, kitu deui dina kanyaah ka sim kuring. Muga sing unggul oge dina ngihtiarkeun eta usaha anu mulya tujuanana.

8Ieu anjuran lain parentah. Nyaritakeun sumanget tutulung batur soteh hayang neuleuman gedena kanyaah aranjeun.

9Aranjeun geus terang kumaha murah asihna Gusti urang Yesus Kristus. Anjeunna teh sugih, tapi iklas hirup miskin, supaya kasugihan Anjeunna ngabeungharkeun aranjeun.

10Ceuk timbangan sim kuring, usaha aranjeun anu taun tukang tea mending rengsekeun ayeuna. Bareto aranjeun anu ngamimitian ngajalankeun jeung nganiatanana.

11Tah ayeuna teruskeun, anggeuskeun! Jalankeun enya-enya sakumaha niat tadina, nyarumbang sakamampuh aranjeun.

12Lamun aranjeun geus marere sakumaha kakuatan aranjeun, anu bakal ditampi ku Allah teh kakuatan merena tina kaboga anu geus aya, lain ti nu tacan aya.

13(8:13-14) Lain maksud sim kuring rek ngentengkeun batur tuluy ngarerepot ka aranjeun, ngan ku sabab ayeuna aranjeun keur aya dina kacukupan, munasabah lamun mere ka batur anu keur butuh. Engke lamun aranjeun pareng kakurangan sarta maranehna keur aya dina kacukupan, tangtu aranjeun oge ditulung. Jadi saimbang, pada silih ladenan.

14(8:13)

15Sabab ceuk Kitab Suci, "Anu ngumpulkeunana loba moal matak leuwih, anu ngumpulkeunana saeutik moal matak kurang."

16Puji sukur ka Allah, Titus dikersakeun sakitu hayangeunana ngabantu gawe ka aranjeun, teu beda ti sim kuring.

17Kituna teh lain ngan ku pamenta sim kuring bae, tapi kahayangna sorangan ge kitu.

18Anjeunna bakal mawa batur saurang, jelema anu kacida dihormatna ku jamaah-jamaah di ditu, tina ku suhudna ngawawarkeun Injil Kasalametan.

19Eta dulur ku jamaah-jamaah geus ditangtukeun pikeun ngabaturan sim kuring engke, sabab engke teh sim kuring kudu indit nganteurkeun duit sumbangan tea, pikeun kamulyaan Allah, jeung pikeun nandakeun yen hayang tutulung.

20Tangtu sim kuring kudu ati-ati ngurus duit sumbangan teh, ulah nepi ka jadi panyerewedan.

21Seja bruk-brak teh lain ka payuneun Allah bae, ka papada jelema nya kitu keneh.

22Aya deui hiji dulur anu bareng diutus ka aranjeun teh, anu geus sering dicoba tur salawasna bukti soson-sosonna kana tutulung. Ayeuna, ku lantaran geus tamplok kapercayaanana ka aranjeun, napsu tutulung teh beuki jadi.

23Geus puguh ari Titus mah, kawantu batur sim kuring anu babarengan ngabantu ka aranjeun. Ari anu duaan deui eta teh wawakil jamaah-jamaah, pagaweanana matak mulya ka Kristus.

24Muga ditarima, sing pada mikanyaah, supaya kanyaah aranjeun kanyahoan ku jamaah-jamaah di ditu. Tembongkeun yen sim kuring ngalem aranjeun teh teu nyalahan.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  2 Korintus 8 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel