Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Petrus 1 >> 

1Kahatur dumateng dulur-dulur, anu geus baroga kayakinan anu mulya saperti kayakinan sim kuring. Eta kayakinan teh ti Allah anu sipat adil, jeung ti Yesus Kristus Jurusalamet urang. Ieu serat ti sim kuring Simon Petrus, anu ngabdi ka Yesus Kristus sarta jadi rasul-Na.

2Mugia aranjeun ginanjar rahmat rahayu, rehna geus terang ka Allah jeung ka Yesus, Gusti urang.

3Ku kawasaning Allah ku manten, urang geus dipaparin sakur nu perlu, supaya bisa hirup kalawan saregep ibadah, tina sabab geus terang ka Yesus Kristus anu nyaur urang supaya kamulyaan jeung kasaeana-Na tumerap ka urang.

4Ku jalan kieu, kurnia agung anu mulya kabina-bina anu dijangjikeun ku Mantenna, geus dipaparinkeun ka urang. Nya ku karana kurnia ieu aranjeun luput tina sagala pangaruh ieu dunya anu ngaruksak, sarta aranjeun geus katerapan ku sipat-sipat ilahi.

5Ku sabab kitu kudu ihtiar enya-enya supaya beuki leuwih mantep percaya ka Kristus dibarengan ku hirup hade. Jaba ti eta aranjeun kudu baroga pangarti kana hal pangersa Allah;

6pangarti deudeul ku ngawasaan diri; ngawasaan diri deudeul ku katabahan; katabahan deudeul ku ibadah, hirup numutkeun pangersa Allah;

7ibadah tambah ku nyaah ka batur sakapercayaan; kanyaah eta deudeul ku kanyaah ka sakabeh jelema.

8Aranjeun perlu ngabogaan ieu sipat-sipat. Lamun ieu sipat-sipat geus kapiboga tur beuki hirup, tangtu aranjeun bakal leuwih rajin jeung leuwih terang ka Gusti urang Yesus Kristus, sarta tangtu hasil.

9Tapi lamun teu ngabogaan sipat-sipat kieu mah pandanganana sempit, jeung tangtu poho yen diri geus diberesihkeun tina dosa-dosa nu bareto.

10Ku sabab kitu dulur-dulur, sing beuki saregep ihtiar, supaya beuki mantep ngadeg dina kaayaan geus disaur jeung dipilih ku Allah. Lamun geus kitu mah pamohalan aranjeun undur tina kayakinan iman.

11Ku jalan kieu aranjeun bakal dibere hak asup ka Karajaan anu langgeng, Karajaan Yesus Kristus, Gusti jeung Jurusalamet urang.

12Ku sabab kitu, sanajan aranjeun geus terang kana eta hal anu sayakti, tur geus mantep ngadeg dina eta, sim kuring moal weleh ngingetan.

13Satungtung aya keneh umur mah tetep ngarasa wajib ngageuing supaya aranjeun tetep pengkuh kana eta.

14Sabab sim kuring geus dibere terang eces pisan ku Gusti urang Yesus Kristus yen sim kuring bakal tereh ninggalkeun ieu dunya,

15nu matak sabisa-bisa rek ihtiar heula sangkan aranjeun pengkuh kana eta hal, sanajan engke sim kuring geus teu aya di dunya.

16Kamulyaan Gusti urang Yesus Kristus anu dicaritakeun ku sim kuring teh lain asal tina carita-carita beunang nganggit, sabab kasaksian pisan ku sorangan kamulyaana-Na teh.

17(1:17-18) Waktu Anjeunna ku Allah Rama diterapan kamulyaan jeung kaagungan di gunung nu suci tea, sim kuring jeung batur duaan keur reureujeungan jeung Anjeunna, sarta kadenge ku ceuli sorangan gentra Anu Maha Mulya ti sawarga, ngadawuhkeun salira Anjeunna, ungelna, "Ieu teh putra kakasih Kami, anu dipisuka ku Kami!"

18(1:17)

19Sanggeus nyaksian kitu, sim kuring beuki percaya bae kana dawuhan Allah anu diwartakeun ku nabi-nabi teh. Aranjeun oge kudu kitu, sabab eta anu diwartakeunana teh ibarat lampu anu ngagenclang di nu poek nepi ka bray beurang, ibarat cahya bentang isuk anu moncorong di jero hate aranjeun.

20Tapi sanajan kitu aranjeun kudu terang, jelema mah moal aya saurang-urang acan anu ngarti sorangan kana eusi piwejang dina Kitab Suci.

21Jeung jelema mah moal aya anu bisa sorangan ngawartakeun dawuhan Allah perkara nu bakal pijadieun engke. Nabi-nabi oge ngawejangkeunana teh estu ku karana pangersa Roh Suci.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  2 Petrus 1 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel