Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Raja-raja 2 >> 

1Cunduk kana waktu, PANGERAN kersa ngangkat Elias ka sawarga, jalan angin puyuh. Ti dinya Elias angkat ti Gilgal disarengan ku Elisa.

2Di tengah jalan Elias sasauran ka Elisa, "Maneh mah di dieu bae, Ama ku PANGERAN ditimbalan ka Betel." Pihatur Elisa, "Abdi sumpah demi kasatiaan abdi ka PANGERAN anu jumeneng sareng ka Ama, abdi moal ngantunkeun Ama." Bral arangkat ka Betel.

3Murid-murid di Betel nyalampeurkeun ka Elisa, nararos, "Kumaha sampean parantos terang? Juragan sampean dinten ieu bakal dicandak ku PANGERAN." "Kaula ge terang," walon Elisa. "Tapi ulah gareruh."

4Elias ngalahir ka Elisa, "Maneh cicing di dieu, Ama ku PANGERAN ditimbalan ka Yeriho." Pihatur Elisa, "Abdi sumpah demi kasatiaan abdi ka PANGERAN anu jumeneng sareng ka Ama, abdi moal ngantunkeun Ama." Bral arangkat ka Yeriho.

5Murid-murid di Yeriho nyalampeurkeun ka Elisa, naranya, "Kumaha sampean geus terang? Juragan sampean dinten ieu bakal dicandak ku PANGERAN." "Kaula ge terang," walon Elisa. "Tapi ulah gareruh."

6Elias ngalahir ka Elisa, "Maneh cicing di dieu, Ama ku PANGERAN ditimbalan ka Walungan Yordan." Pihatur Elisa, "Abdi sumpah demi kasatiaan abdi ka PANGERAN anu jumeneng sareng ka Ama, abdi moal ngantunkeun Ama." Bral arangkat

7ka Walungan Yordan, ditaluturkeun ku murid-murid nabi lima puluh urang. Elias jeung Elisa liren di sisi walungan, murid-murid anu lima puluh urang oge areureun, rada jauh.

8Elias muka jubah, digulungkeun tuluy dipeupeuhkeun kana cai. Bray cai nyingray nepi ka dasar, Elias jeung Elisa mareuntas.

9Di peuntas ditu Elias ngalahir ka Elisa, "Geura pok, hidep rek menta naon ka Ama, memeh Ama dicandak." Elisa mihatur, "Nyuhunkeun dipaparin pangawasa Ama, supados tiasa jadi gegentos Ama."

10Waler Elias, "Hidep menta anu hese. Lamun Ama keur dicandak katenjo, pamenta hidep bisa tinekanan. Lamun teu katenjo, pamenta hidep moal dikabul."

11Sabot aranjeunna sasauran bari angkat, dumadakan dipapag ku kareta seuneu anu ditarik ku kuda seuneu, seug Elias dicandak, diangkat ku angin puyuh.

12Ku Elisa katingalieun, seug Elisa sasambat, "Ama! Ama! Nabi Israil anu digjaya! Ama parantos lajeng!" Les Elias teu katembong deui. Bawaning ku gegetun Elisa nyoehkeun anggoanana mani beulah dua.

13Top Elisa mulung jubah Elias anu ragrag ti awang-awang, tuluy malik angkat ka sisi walungan, ngadeg heula sakeudeung.

14Jubah Elias dipeupeuhkeun kana cai bari saurna, "Di mana PANGERAN, Allah Elias?" Cai dipeupeuh deui, bray nyingray ka ditu ka dieu, seug anjeunna meuntas.

15Katarenjoeun ku murid-murid nabi urang Yeriho anu lima puluh urang. Ceuk maranehna, "Pangawasa Elias turun ka anjeunna!" Tuluy maranehna marapag ka Elisa, brek marando.

16Ti dinya mihatur, "Ieu abdi-abdi lima puluh urang, sami baredas. Dunungan sampean bade dipilarian, bisi ku Roh PANGERAN diragragkeun di gunung atanapi di lebak." Waler Elisa, "Keun bae tong ditareangan."

17Tapi ku sabab maraksa ku Elisa diidinan. Bral maranehna laleumpang, tingtaranggah tingtarempo nareangan Elias, tapi nepi ka tilu poe teu kapanggih.

18Tuluy baralik deui ka Elisa anu keur ngantos di Yeriho. Anjeunna ngalahir, "Ceuk kaula ge entong ditareangan."

19Aya sababaraha urang Yeriho ngadareuheus ka Elisa, pihaturna, "Hatur uninga, ieu kota teh saleresna mah sae, mung caina awon sareng watekna matak kaluron."

20Elisa ngalahir, "Kami pangnyokotkeun uyah kana pinggan anyar." Song disanggakeun.

21Anjeunna angkat ka sirah cai, seug uyah teh diawurkeun kana sirah cai bari saurna, "Timbalan PANGERAN, ‘Ieu cai ku Kami dirobah jadi alus, moal matak paeh atawa kaluron.’"

22Pilahir Elisa tinekanan, ti harita eta cai jadi alus.

23Ti Yeriho Elisa angkat ka Betel. Di jalan, waktu anjeunna keur nanjak, aya barudak kalaluar ti nagara eta, seug maroyokan ka anjeunna, pokna, "Euy gundul, geuwat nyingkir!"

24Elisa ngareret, socana merong ka eta barudak anu lobana opat puluh dua urang, seug disapa bari nyambat pajenengan PANGERAN. Torojol ti leuweung aya nu bijil, dua biruang bikang, seug nyasaak eta barudak.

25Elisa lajeng angkatna ka Gunung Karmel, ti dinya terus mulih ka Samaria.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  2 Raja-raja 2 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel