Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Raja-raja 22 >> 

1Waktu Yosia jadi raja Yuda, yuswana dalapan taun. Calikna di Yerusalem, marentahna tilu puluh hiji taun. Ibuna nya eta Yedida binti Adaya, asal ti Boskat.

2Lampah Yosia pikamanaheun PANGERAN, nulad lampah Raja Daud karuhunna, kacida saregepna kana pikukuh-pikukuh ti Allah.

3Dina taun kadalapan belas pamarentahanana, Raja Yosia nimbalan ka Sapan bin Asalya incu Mesulam, panitera karaton, dipiwarang ka Bait Allah. Timbalanana,

4"Saurkeun ka Imam Agung Hilkia, duit anu katarima ti jalma rea, anu dikumpulkeun ku imam-imam anu jaraga lawang Bait Allah teh bereskeun.

5Bejakeun yen eta duit kudu diserenkeun ka jelema-jelema anu ngamandoran pagawean ngomean Bait Allah, sina dipake mayar

6tukang kayu, tukang ngadegkeun, tukang batu, pikeun meuli kayu jeung batu kaperluan ngomean.

7Duit anu dikaluarkeun ku nu digarawe teu kudu dipenta balitunganana, sabab anu digarawena kabeh jelema jujur."

8Timbalan raja anu ditepikeun ku Sapan, ku Hilkia dijalankeun. Geus kitu Hilkia nyaurkeun yen mendak kitab Hukum-hukum PANGERAN di Bait Allah. Kitabna diasongkeun ka Sapan. Ku Sapan dibaca di dinya.

9Ti dinya Sapan marek ka raja sarta miunjuk, "Artos anu dikempelkeun di Bait Allah parantos dikaluarkeun, diserenkeun ka anu ngarawaskeun padamelan ngomean Bait Allah."

10Piunjukna deui, "Sareng ieu abdi ngabantun ieu kitab ti Hilkia." Seug kitabna dibacakeun ku Sapan ka raja.

11Anggeus eta kitab dibaca, raja nyosoeh anggoanana, reuwas jeung ngaraos hariwang.

12Geuwat marentah ka Imam Hilkia, Ahikam bin Sapan, Akbor bin Mikaya, Sapan sekretaris nagara, jeung ka Asaya, pangaping raja. Saurna,

13"Kami jeung sakumna bangsa Yuda pangnaroskeun ka PANGERAN perkara ungel ieu kitab. PANGERAN geus tangtu bendu ka urang, lantaran kamistian-kamistian urang anu kaungel dina ieu kitab ku urang teu dilakonan."

14Ti dinya Hilkia, Ahikam, Akbor, Sapan jeung Asaya arangkat ka bumi Hulda, hiji nabi istri di Yerusalem, di hiji kampung anyar. (Caroge eta nabi istri nya eta Salum bin Tikwa putu Harhas, pagawe purah ngurus jubah-jubah Bait Allah.) Sanggeus aranjeunna nerangkeun pamaksudan,

15ku eta nabi istri dipiwarang marulih,

16ngemban waleran ti PANGERAN ka raja, kieu, "Yerusalem jeung sapangeusina tangtu ku Kami dihukum saluyu jeung anu kaungel dina eta kitab anu dibaca ku raja,

17sabab geus malungkir ti Kami, ngalurban ka aallahan-aallahan. Kalakuanana geus ngahurungkeun amarah Kami mani ngagedur, moal bisa pareum, bakal ngalentab ka Yerusalem.

18Ari hal raja, bejakeun ieu pangandika Kami, GUSTI Allah Israil: Maneh nurut kana ungel eta kitab.

19Jeung sanggeus nyaho yen Yerusalem sapangeusina ku Kami bakal dijieun tempat anu matak kukurayeun sarta ngaranna bakal dijieun paranti sasapaan, maneh terus tobat, ngarendahkeun diri di payuneun Kami nepi ka nyosoeh pakean. Ku sabab kitu Kami kasuat ku panyambat maneh.

20Eta kacilakaan anu bakal tumiba ka Yerusalem teh moal waka kajadian sapanjang jaman maneh keneh mah. Lamun geus nepi kana waktuna, maneh mah maot teh bakal maot biasa sarta kalawan senang." Sanggeus kitu utusan-utusan raja teh marulang, ngunjukkeun hal eta ka Raja Yosia.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  2 Raja-raja 22 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel