Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Raja-raja 23 >> 

1Raja Yosia nyaur sakabeh pamingpin urang Yuda jeung Yerusalem.

2Ti dinya kabeh muru ka Bait Allah, bareng jeung para imam, nabi-nabi, jalma rea, nu baleunghar, nu mariskin. Ti dinya raja ngaos ungel perjangjian tina kitab anu kapanggih ti Bait Allah tea nepi ka tamat, dibandungan ku sarerea.

3Anggeus ngaos, raja ngadeg deukeut tihang parantina ngadeg, tuluy ikrar ka PANGERAN yen kalawan iklas sumeja anut ka Mantenna, seja nohonan sugri timbalan jeung pikukuh Mantenna, ngalakonan perjangjian anu kaungel dina eta buku. Jalma rea oge kabeh ikrar seja nohonan eta perjangjian.

4Geus kitu kalawan timbalan raja, sakur parabot paragi nyembah ka Baal, ka Dewi Asera jeung ka bentang-bentang, dikaluar-luarkeun ti Bait Allah ku Imam Agung Hilkia, ku imam-imam bawahan jeung ku imam-imam anu jaraga lawang Bait Allah; ku raja dipiwarang diduruk di Lebak Kidron, lebuna dipiceun ka Betel.

5Ti dinya raja mecat imam-imam altar brahala purah ngurban ka Baal, ka panonpoe, ka bulan, ka planit, jeung ka bentang-bentang, nya eta para imam anu diangkat ku raja-raja Yuda anu ti hareula, anu ditempatkeun di sakuliah tanah Yuda jeung di deukeut-deukeut Yerusalem.

6Arca Dewi Asera dikaluarkeun ti Bait Allah tuluy diduruk di Lebak Kidron luareun kota, lebuna dibebek nepi ka lembut tuluy dipiceun diawur-awur ka pakuburan umum.

7Kobong-kobong di Bait Allah anu dicaricingan ku awewe-awewe palacuran kuil (anu pagaweanana sapopoe ninun lawon jubah paranti ngabakti ka Dewi Asera) dibongkar.

8Imam-imam anu nyebar di kota-kota Yuda jeung di sakuliah nagara, ku raja disina kumpul di Yerusalem, altar-altar pangurbananana kabeh diharamkeun. Altar-altar paranti nyuguh ka dewa-dewa di deukeut gapura anu dijieun ku Yosua, wali kota eta nagri, kencaeun anu ngalaliwat ka gapura utama, diruntuh-runtuhkeun.

9Eta imam-imam teu meunang ngimaman di Bait Allah, ngan meunang keneh bagian roti anu teu diragian cara imam-imam sejen.

10Topet oge, tempat nyembah dewa di Lebak Hinom ku Raja Yosia dinajiskeun, supaya ulah aya deui anu ngaduruk anakna nu lalaki atawa nu awewe dijieun kurban beuleuman ka Dewa Molek.

11Kuda jeung kareta di latar-latar Bait Allah deukeut gapura jeung teu jauh ti tempat Natan Melek mantri agung, anu ku raja-raja Yuda nu ti hareula diajangkeun pikeun tutumpakan dewa srangenge, ku Raja Yosia dieuweuhkeun, kudana dipindahkeun, kareta-karetana diduruk.

12Altar-altar dina hateup karaton luhureun kamar-kamar Raja Ahas bareto, buatan raja-raja Yuda anu ti hareula, jeung altar-altar di dua latar Bait Allah buatan Raja Menase, ku Raja Yosia diancur-ancurkeun tuluy dipiceun ka Lebak Kidron.

13Altar-altar buatan Raja Suleman paranti ngurban ka Dewi Astoret sesembahan urang Sidon, ka Dewa Kamos sesembahan urang Moab, jeung ka Dewa Molek sesembahan urang Amon, kabeh brahala pikagirukeun wungkul, anu ayana di wetaneun Yerusalem kiduleun Gunung Jetun, ku Raja Yosia dinajiskeun.

14Tugu-tugu dewa jeung arca-arca Dewi Asera dirubuh-rubuhkeun, tempat urut nangtungna eta tugu-tugu jeung arca-arca ku Yosia dibugbrugan ku tulang-taleng jelema.

15Tempat ibadah ka dewa di Betel anu diadegkeun ku Raja Yarobam bin Nebat anu mawa Israil kana dosa, eta oge dirubuhkeun, altar-altarna diguling-gulingkeun, batuna dipekprekan, dibebek nepi ka lembut, arca Dewi Asera diduruk.

16Anggeus eta Raja Yosia rarat-reret ka lebah lamping, beh ningali aya astana-astana, seug marentah supaya tulang-taleng ti eta astana-astana dikeduk, tuluy diduruk dina altar, tanda yen eta altar diharamkeun, tinekanan sakumaha piwejang nabi baheula jaman Raja Yarobam, basa eta raja ngaresmikeun eta altar. Raja Yosia rarat-reret deui, beh ningali astana nabi anu ngawejangkeun perkara eta,

17seug mariksa, "Itu astana saha?" Ceuk urang Betel, "Sumuhun pajaratan nabi anu sumping ti Yuda, anu ngawejangkeun perkawis anu ayeuna nuju dipidamel ku Gusti ka ieu tempat ngurban."

18Saur Yosia, "Eta makam ulah dikieu-kieu. Tulang-talengna antep tong dipindahkeun." Jadi tulang-taleng eta nabi mah, kitu deui tulang-taleng nabi-nabi anu ti Samaria henteu diganggu.

19Tempat-tempat ibadah ka brahala di saban kota Israil beunang ngadegkeun raja-raja Israil anu ngajaheutan manah PANGERAN tea, ku Raja Yosia dirugrug-rugrugkeun, altar-altarna diharamkeun cara ngaharamkeun altar anu di Betel tea.

20Imamna kabeh dipeuncitan dina altar-altar paragi maranehna ngurban, tulang-talengna diduruk di dinya. Geus kitu Yosia mulih deui ka Yerusalem.

21Raja Yosia marentahkeun supaya jalma-jalma kabeh nekanan deui Paska pikeun ngamulyakeun PANGERAN Allahna, nurutkeun kamistian anu kaungel dina Kitab Perjangjian jeung PANGERAN tea.

22Ti jaman eta bangsa diparentah ku para hakim, tacan aya raja Israil atawa raja Yuda anu ngayakeun Paska cara kitu.

23Kakara harita, jaman Yosia ngarajaan dina taun kadalapan belasna, di Yerusalem aya deui Paska.

24Jeung supaya hukum-hukum anu kaungel dina kitab anu ku Imam Agung Hilkia kapanggih di Bait Allah tea bisa digumatikeun, jalma-jalma tukang manggil arwah jeung tukang-tukang torah ku Raja Yosia diusiran ti Yerusalem jeung ti sakuliah Yuda, geus kitu anjeunna miceunan sakabeh dewa rumah tangga, arca-arca, jeung barang-barang paranti nyembah ka dewa-dewa.

25Kakara harita aya raja anu sakitu suhudna ka PANGERAN, ngabdi sabudi pangarti, ngawula kalawan iklas, sakuat-kuat nekanan Hukum Musa. Tur sanggeus anjeunna teu aya deui raja anu saperti kitu.

26Parandene kitu ngagolakna bendu PANGERAN ka Yuda ku karana kadorakaan Raja Menase bareto nepi ka nyundut manah Mantenna, henteu lemper.

27Mana PANGERAN lajeng nimbalan, "Najan Yuda ge rek disingkirkeun ti payuneun Kami cara nyingkirkeun Israil. Kitu deui Yerusalem jeung ieu Bait Kami, najan ku Kami geus dipilih jeung dipeting dijadikeun tempat paranti ngabakti ka Kami, mo burung dipiceun!"

28Carita Raja Yosia salian ti eta kaungel dina Kitab Babad Raja-raja Yuda.

29Pupusna lantaran kasambut perang di Megido, waktu megat Piraon Neko sabaladna ti Mesir anu keur maju ka Walungan Eprat rek ngabantu perang ka raja Asur.

30Layonna diangkat kana kareta, ku mantri-mantrina dibawa ka Yerusalem, dimakamkeun di makam karajaan. Sanggeus anjeunna pupus, urang Yuda ngangkat Yoahas putrana jadi raja.

31Yoahas jadina raja Yuda dina yuswa dua puluh tilu taun, calikna di Yerusalem, ngarajaanana tilu bulan. Ibuna nya eta Hamutal binti Yermia ti Libna.

32Lampahna nirca ti PANGERAN nurutan lampah karuhun-karuhunna.

33Marentahna kandeg kaburu ditangkep ku Piraon Neko ti Mesir, dipanjara di Ribla di tanah Hamat, tur nagara Yuda didengda kudu mayar ku perak 3.400 kilo jeung emas tilu puluh opat kilo.

34Piraon Neko tuluy ngangkat Elyakim putra Yosia keneh, jadi raja Yuda ngaganti Raja Yosia, sarta jenenganana dilandi jadi Yoyakim. Ari Yoahas ku Piraon Neko terus diboyong ka Mesir nepi ka pupusna di ditu.

35Raja Yoyakim narik pajeg ti rahayat, gedena nurutkeun kakayaan masing-masing, pikeun naekkeun jumlah upeti anu dipundut ku raja Mesir.

36Yoyakim mimiti jadi raja Yuda dina yuswa dua puluh lima taun, calikna di Yerusalem, marentahna sabelas taun. Ari ibuna nya eta Sebuda binti Pedaya ti Ruma.

37Lampahna nirca ti PANGERAN, nulad kalakuan karuhunna.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  2 Raja-raja 23 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel