Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Raja-raja 6 >> 

1Dina hiji poe murid-murid anu dididik ku Elisa arunjukan, "Pamondokan abdi-abdi teh alit teuing.

2Manawi karujukan abdi bade nuaran kai caket Walungan Yordan, bade ngadamel pamondokan anyar." "Heug bae," waler Elisa.

3Salah saurang ti maranehna ngeukeuhan ka Elisa supaya anjeunna milu angkat. Elisa rujuk,

4seug bareng angkat. Sadatangna ka sisi Walungan Yordan prak naluaran tangkal.

5Anu saurang, keur jongjon nuar hiji tangkal, hulu kampakna coplok terus nyemplung kana cai. Seug ngalengis ka Elisa, pokna, "Juragan, kumaha ieu abdi? Eta kampak teh kenging nambut!"

6"Ka mana ragragna?" saur Elisa. Sanggeus dituduhkeun, Elisa nilas regang, tuluy dicemplungkeun kana cai. Pecenghul kampak teh ngambul.

7"Tuh cokot," saurna. Tuluy dicokot.

8Hiji mangsa raja Siria merangan ka Israil. Sanggeus mundut pirempug para perwirana, anjeunna milih hiji tempat tuluy masanggrahan.

9Tapi Elisa ngintun saur ka raja Israil, ngawartosan ulah deukeut-deukeut ka dinya lantaran aya balad Siria keur ngintip.

10Raja Israil marentah supaya urang wewengkon eta caringcing. Kitu bae sababaraha kali.

11Lila-lila raja Siria jadi kacida jengkeleunana, tuluy mariksa ka para perwira, "Cik saha anu sapongkol jeung raja Israil?"

12Piunjuk nu saurang, "Teu aya, Gusti! Mung sagala rupi anu disaurkeun ku Gusti, dalah di lebet kamar Gusti ku anjeun, kauninga bae ku Nabi Elisa, lajeng diunjukkeun ka raja Israil."

13Timbalan raja, "Teangan di mana imahna, ku kami rek ditangkep!" Sanggeus diuningaan yen Elisa aya di Dotan,

14raja Siria nginditkeun pasukan gede tur lengkep katut pasukan kuda jeung kareta. Daratangna ka nu dijugjug geus peuting, tuluy eta tempat dikepung.

15Bray isuk gandek Elisa hudang tuluy kaluar, ret nenjo aya balad Siria keur ngepung, lengkep katut pasukan kuda jeung kareta. Tuluy hariweusweus ka Elisa, "Aduh Juragan, kumaha?"

16Saur Elisa, "Tong sieun! Anu nyarengan ka urang leuwih loba batan eta."

17Tuluy anjeunna neneda, "Nun PANGERAN, ieu rencang beuntakeun panonna sina awas." Paneda anjeunna dimakbul ku PANGERAN. Barang eta gandek ngareret deui, geuning di lamping-lamping pasir sakuriling Elisa teh geus pinuh ku kuda seuneu jeung kareta seuneu.

18Balad Siria geus maju narajang. Elisa sasambat, "Nun PANGERAN, musuh teh lolongkeun!" Paneda anjeunna ku PANGERAN dimakbul, musuh jadi lalolong.

19Elisa nyampeurkeun sarta saurna, "Aranjeun kasalahan, tempatna lain di dieu. Hiap tuturkeun, urang ka jelema anu keur ditareangan." Ku anjeunna tuluy dicandak ka Samaria.

20Sanggeus araya di jero kota, Elisa neneda, "Nun PANGERAN, ieu jalmi-jalmi sina bareunta!" Panedana ku PANGERAN dimakbul. Ana bray bareunta, horeng di jero kota Samaria!

21Barang balad Siria katingali ku raja Israil, anjeunna naroskeun ka Elisa, "Kumaha Ama, urang perenkeun bae? Urang basmi?"

22"Ulah!" waler Elisa. "Musuh anu katangkep keur perang teu kenging aya anu dipaehan. Anggur suguhan sina dalahar sina ngarinum, teras sina warangsul ka rajana."

23Seug eta balad Siria teh ku raja Israil disuguhan dahar nginum. Sanggeus sareubeuheun tuluy dititah baralik ka raja Siria. Ti dinya urang Siria eureun meranganana ka urang Israil.

24Hiji mangsa Raja Benhadad ti nagara Siria nyandak balad terus ngepung Samaria.

25Nagara Samaria jadi tigerat ku dahareun. Ku tigerat-tigeratna, sirah kalde ge nepi ka laku dalapan puluh uang perak, tai japati dua ratus gram laku lima uang perak.

26Dina hiji poe waktu raja Israil roronda dina luhur kuta, aya hiji awewe sasambat ka anjeunna, pokna, "Gusti Sang Raja! Tulungan abdi!"

27Raja ngawaler, "Lamun PANGERAN geus teu kersaeun nulung, kami rek bisa kumaha? Marukankeun kami boga keneh anggur atawa gandum?

28Aya sual naon?" Wangsulna, "Nun, ieu awewe kamari ieu ngajak ngahakan pun anak, sanggemna enjingna giliran anakna anu kedah diteda.

29Nya lajeng pun anak ku abdi dikulub, diteda sareng manehna. Ari dongkap kana giliran anakna bet diulahkeun, anakna disumputkeun!"

30Ngadangu kajadian anu sakitu matak ngerikna, raja nyosoeh anggoanana. Horeng di jeroeun raksukanana teh raja geuning nganggo raksukan karung, sidik katarenjo ku jelema-jelema anu dareukeut kana kuta.

31Raja tuluy ngalahir, "Kami masing kasiku ku Allah upama memeh panonpoe surup tacan neukteuk beuheung Elisa!"

32Geus kitu anjeunna nimbalan sangkan Elisa ditangkep. Ari Elisa keur aya di bumi, keur cacarios jeung sepuh-sepuh anu sarumping natamu. Samemeh utusan raja nepi, anjeunna sasauran ka sepuh-sepuh, "Aya utusan si tukang maehan ka dieu, bade nilas sirah kaula! Upami parantos dongkap, panto kedah ditulakan, ulah dipaparin asup. Moal lepat raja nuturkeun pandeuri."

33Tacan tamat sasauranana, raja geus sumping manten, tuluy ngalahir, "Ieu kacilakaan teh ti PANGERAN! Jadi naon gawena kami ngarep-ngarep pitulung-Na?"


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  2 Raja-raja 6 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel