Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Raja-raja 9 >> 

1Dina waktu eta Nabi Elisa nyaur hiji nabi ngora, saurna, "Geura dangdan, kudu ka Ramot wewengkon Gilad. Bawa ieu minyak jetun ka ditu.

2Panggihan Yehu putra Yosapat putu Nimsi. Bawa misah ti nu sejen, ajak ka kamar paduduaan.

3Kucurkeun ieu minyak kana sirahna. Sebutkeun kieu, ‘Andika ku PANGERAN dilisahan jadi raja nagara Israil,’ sanggeus kitu hidep kudu buru-buru gancang nyingkah ti ditu."

4Bral nabi ngora teh iang ka Ramot.

5Barang datang kasampak Yehu keur babadamian jeung kapala-kapala balad. Pok eta nabi mihatur, "Pangapunten Juragan, aya wartos kangge Juragan." Saur Yehu, "Pikeun saha? Saha anu dimaksud?" Pihaturna, "Juragan!"

6Yehu cengkat tuluy ka jero kamar. Sanggeus aya di jero kamar seug sirahna ku nabi dikucuran ku minyak. Kieu pihatur eta nabi, "PANGERAN Allah Israil ngandika, ‘Maneh ku Kami dilisahan jadi raja nyangking umat Kami Israil.

7Raja dunungan maneh, anak Ahab, paehan, wawales ti Kami ka Isebel anu geus maehan nabi-nabi Kami jeung abdi-abdi Kami lianna.

8Sakulawarga Ahab katut turunanana kudu tumpur. Sakur ahlina anu lalaki, kolot, ngora, ku Kami bakal ditumpes.

9Ku Kami rek disaruakeun jeung ahli-ahlina dua raja Israil, Raja Yarobam jeung Raja Baasa.

10Isebel moal manjing kubur, bangkena sina dihakan ku anjing di wewengkon Yisrel.’" Sanggeus ngomong kitu nabi ngora teh kaluar tuluy lumpat.

11Yehu kaluar nyampeurkeun deui kanca-kancana anu nararos kieu, "Kumaha teu kieu-kieu? Bade naon eta nu burung teh, ngomong naon?" Saur Yehu, "Ah, aranjeun geus aruninga."

12Ceuk para perwira kanca-kanca Yehu, "Terang ti saha! Cobi carioskeun kumaha ngomongna eta jalma teh." Waler Yehu, "Nya eta sanggemna teh, kieu pangandika PANGERAN, ‘Maneh ku Kami dilisahan jadi raja Israil.’"

13Para perwira kanca-kanca Yehu teu talangke ngalamparkeun jubahna kana umpak tangga pangluhurna anu ditincak ku Yehu, tuluy nariup tarompet, ger sarurak, "Yehu jumeneng raja!"

14(9:14-15) Sanggeus kitu Yehu pasini ngamusuh ka Raja Yoram. Raja Yoram harita aya di Yisrel keur nambakeun tatu-tatuna urut perang di Ramot ngalawan Raja Hasael ti Siria tea. Saur Yehu ka para perwira kancana, "Urang parantos sahate. Kade ulah aya jalma molos kaluar ti Ramot, heug mopoyanan ka nu araya di Yisrel."

15(9:14)

16Yehu terus kana kareta seja muru ka Yisrel. Ari Raja Yoram harita tacan damang, keur dilayad keneh ku Raja Ahasia.

17Pangawal anu keur kemit di munara pangawas di Yisrel nenjoeun ka aleutan Yehu, tuluy ngagero, "Aya nu ka dieu saaleutan!" Saur Yoram, "Papag ku nu tumpak kuda! Sidikkeun, batur atawa musuh."

18Jelema anu diutus terus kaluar tumpak kuda mapag Yehu, pok mihatur, "Kaula utusan raja. Raja palay uninga andika teh kanca atawa sanes." Saur Yehu, "Maneh teu kudu nyaho! Hayoh biluk ka kami!" Kawal di munara pangawas lapor yen utusan geus amprok jeung aleutan, tapi henteu balik deui.

19Ngirim deui utusan sejen, pok ngomong ka Yehu cara nu ti heula. Yehu oge ngawalonna kawas tadi, "Maneh teu kudu nyaho! Hayoh biluk ka kami!"

20Ku nu kawal dilaporkeun deui yen utusan geus amprok jeung aleutan tapi henteu datang deui. "Kapala aleutanana tumpak kareta, ngajalankeunana sapertos anu kasurupan, rupina mah sapertos Yehu!" ceuk nu kemit.

21"Pasang kareta kami!" saur Raja Yoram. Ti dinya clak anjeunna kana kareta, bareng jeung Raja Ahasia dina karetana ku anjeun, tuluy maju mapag Yehu. Prok amprok di lebah lahan Nabot.

22"Anjeun teh rek niat hade?" saur Raja Yoram. Saur Yehu, "Rek niat hade kumaha sapanjang di dieu loba keneh elmu nu nyarembah ka brahala, anu dimimitian ku si Isebel indung maneh?"

23"Aduh Ahasia, urang kalejokeun!" Yoram ngagero ka Ahasia bari malikkeun karetana terus kabur.

24Yehu ngawengkang gondewa sataker tanaga. Jamparingna ngabelesat, keuna kana pungkur Raja Yoram, tembus kana angenna. Bluk Yoram tibeubeut dina kareta, terus pupus.

25Yehu ngalahir ka Bidkar, pangawal utamana, "Angkat bangkena, balangkeun ka lahan Nabot. Maneh tangtu inget keneh basa urang tumpak kuda tukangeun Raja Ahab bapana Raja Yoram. Harita PANGERAN geuning ngandika ka Ahab, pangandika-Na,

26‘Kami kamari ningali Nabot saanak incuna dipaehan. Kami sumpah, maneh oge ku Kami rek dipaehan di dieu, di kebon ieu!’ Geuwat bangkena angkat," saur Yehu, "balangkeun ka lahan Nabot, nekanan timbalan PANGERAN."

27Raja Ahasia barang ningali eta kajadian terus kabur dina karetana, muru ka kota Bet Hagan, diudag-udag ku Yehu. "Manehna oge paehan!" saur Yehu ka baladna. Sanggeus nepi ka jalan anu terus ka Gur, Ahasia beunang deukeut Yiblam, sarta tatu. Tapi nguat-nguat anjeun nepi ka kota Megido. Barang nepi ka dinya terus pupus.

28Layonna ditareang ku ponggawa-ponggawana, dibawa ka Yerusalem dina kareta. Tuluy dimakamkeun di makam karajaan di Kota Daud.

29Ahasia mimiti jadina raja dina taun kasabelas Yoram putra Ahab ngarajaan nagara Israil.

30Yehu cunduk ka Yisrel. Kajadian-kajadian anu tadi geus kauninga ku Isebel. Isebel tuluy diwedak, socana disipat, rambutna didangdanan, terus nempo ka jalan tina jandela karaton.

31Barang Yehu lebet ngalangkung gapura, Isebel ngagero, "Euy, Simri! Tukang maehan! Rek naon ka dieu?"

32Yehu tanggah, tuluy ngalahir, "Saha nu daek biluk ka kami?" Aya dua tilu ponggawa karaton anu ngelolkeun sirah tina jandela, nempo ka anjeunna di handap.

33Yehu ngalahir, "Jongklokkeun eta awewe!" Gebut diragragkeun, getihna muncrat kana tembok jeung kana kuda. Yehu ngajalankeun karetana digelengkeun ka Isebel.

34Geus kitu sup Yehu lebet ka karaton, tuluy tuang. Reres tuang kakara anjeunna marentah, saurna, "Urus bangke eta awewe jahat teh, kuburkeun, da anak raja eta teh."

35Tapi barang rek dikubur bet geus teu aya, kari tangkorekna, tulang suku jeung tulang leungeun.

36Tuluy diunjukkeun ka Yehu. Ari saur Yehu, "Tinekanan sakumaha timbalan PANGERAN anu diandikakeun ka Elias abdi-Na. Kapan timbalana-Na teh, ‘Bangke Isebel sina dihakan anjing di wewengkon Yisrel,

37sesa-sesa awakna bacacaran lir kokotor sato, nepi ka moal aya anu boga panyana yen eta sesa awakna.’"


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  2 Raja-raja 9 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel