Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Samuel 10 >> 

1Dina hiji mangsa, raja nagara Amon anu jenengan Nahas pupus, tuluy diganti ku Hanun, putrana.

2Saur Raja Daud, "Kami rek nembongkeun kahadean ka Hanun, sabab Raja Yahas, ramana, hade ka kami." Ti dinya anjeunna ngintun sawatara utusan ka Hanun nawiskeun ngiring sungkawa. Sanggeus eta utusan-utusan daratang ka Amon,

3para pamingpin Amon arunjukan ka rajana, "Naha leres Daud ngintun utusan teh tawis hormatna ka suwargi tuang rama? Sanes! Eta utusan dipiwarang ngincer nagara urang supados gampil ditempuhna."

4Para utusan ku Hanun ditangkep, janggotna dikurudan sabeulah-sabeulah, pakeanana diguntingan lebah biritna, tuluy disina baralik.

5Kacida areraeunana eta para utusan teh, nepi ka teu waranieun balik. Kadangueun ku Daud, seug ku anjeunna dipiwarang narunggu heula di Yeriho, ngadarago janggotna jaradi deui.

6Urang Amon geus boga rasa bakal ditempuh ku Daud. Tuluy nyewa prajurit-prajurit bangsa Siria, ti Bet Rehob jeung Soba 20.000 prajurit, ti Tob 12.000 prajurit, ti raja Maaka 1.000 prajurit.

7Daud geus uningaeun, gancang nimbalan Yoab sina ngetrukkeun saayana balad.

8Urang Amon geus tata baris di lawang kota Raba, ibu kota Amon. Balad sewaan ti Siria, ti Tob jeung ti Maaka diteundeun di pasisian.

9Kajudi ku Yoab yen baladna rek digencet ti hareup jeung ti tukang. Ganjang anjeunna meting prajurit-prajurit Israil, disanghareupkeun ka urang Siria.

10Sesana dipercayakeun ka Abisai, rayina, disanghareupkeun ka urang Amon.

11Saur Yoab ka rayina, "Upama Akang kadeseh ku urang Siria, Rayi geuwat ngabantu. Upama Rayi kadeseh ku urang Amon, ku Akang dibantu.

12Sing teger, sing teteg. Hayu urang tarung ngabela bangsa jeung nagara Allah urang, bari tawekal narima pangersa PANGERAN."

13Balad Yoab geus maju narajang, balad Siria kalabur.

14Kanyahoan ku urang Amon yen urang Siria kalabur, urang Amon oge kalabur ti hareupeun Abisai, arasup deui ka jero kota. Sanggeus urang Amon mundur, Yoab mulang ka Yerusalem.

15Sanggeus urang Siria ngarasa teter ku urang Israil, tuluy ngumpulkeun deui pasukan-pasukan.

16Urang Siria anu caricing di wetaneun Walungan Eprat oge ku Hadad Eser didatangkeun, geus aya di Helam. Eta balad dipingpin ku Sobak, panglima perang Hadad Eser.

17Daud geus uningaeun tuluy mepek balad, ti dinya meuntasan Walungan Yordan, muru ka balad Siria di Helam anu geus taki-taki. Der perang.

18Balad Siria kadeseh ku balad Israil sarta loba pisan anu kasambut, 700 urang ti pasukan kareta jeung 40.000 urang ti pasukan kudana. Malah Sobak, panglima perang musuh oge tiwas.

19Sanggeus raja-raja anu kaereh ku Raja Hadad Eser ngarasa kasoran, seug marenta taluk ka urang Israil sarta jadi kaereh ku urang Israil. Ti dinya urang Siria jadi kapok ngabantu ka urang Amon.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  2 Samuel 10 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel