Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Samuel 18 >> 

1Daud ngaloris balad anu ngiring, tuluy dibagi jadi sababaraha pasukan, aya anu sarebuan, aya anu saratusan. Tiap pasukan aya kapalana.

2Geus kitu balad teh dibagi tilu bagian. Sapertilu dipingpin ku Yoab, sapertilu ku Abisai raina Yoab, sapertilu deui ku Itai urang Gat tea. Saur raja ka aranjeunna, "Kami oge rek milu perang."

3Tapi ku aranjeunna diwagel, "Gamparan mah ulah angkat. Balad onaman sanaos dugi ka kapaksa kalabur oge, atanapi dugi ka kantun saparo, ku musuh moal dianggap. Dupi salira Gamparan mah tinanding balad salaksa. Gamparan langkung sae ngantos di dieu, di dayeuh, ngatur bala bantuan."

4"Kumaha hadena bae, kami nurutkeun," walerna. Ti dinya anjeunna ngadeg di sisi lawang dayeuh, ningalikeun budalna pasukan-pasukan, anu sarebuan, anu saratusan.

5Raja nimbalan ka Yoab, Abisai, jeung Itai, saurna, "Kade eta budak, Absalom ulah dikieu-kieu." Eta dawuhan ku balad oge kadarengeeun.

6Balad Daud geus budal ka luar ti dayeuh. Terus mokprok jeung balad Israil di leuweung Epraim, der campuh.

7Urang Israil eleh ku balad Daud lain meumeueusan, aya 20.000 urang anu kasambut poe eta.

8Perang terus nyaliara sawewengkon eta, anu paraeh cilaka di leuweung leuwih loba ti batan anu paraeh kasambut perang.

9Prok Absalom amprok jeung balad Daud. Bigalna dilumpatkeun. Barang nepi ka handapeun hiji tangkal kiara anu dahanna rekep, gurawil bae ngagurawil, sabab mastakana tiselap kana dahan kiara, salirana guwang-gawing di awang-awang. Ari bigalna terus lumpat.

10Aya anu nguninga ka Yoab pokna, "Abdi ningal Absalom guwang-gawing dina tangkal kiara."

11Saur Yoab, "Geus puguh katenjo ku naon henteu terus dipaehan bae di dinya ku maneh? Moal teu diperesen ku kami sapuluh gebleg perak jeung sabuk hiji."

12Tembalna, "Sanaos diperesen sarebu gebleg perak oge, abdi mah teu wantun nyintreuk-nyintreuk acan ka eta putra raja. Sadayana oge nguping raja nimbalan ka Bapa, ka Abisai, sareng ka Itai, dawuhanana, ‘Sing inget ka kami, eta budak, Absalom, ulah dikieu-kieu.’

13Saupami abdi baha ka raja dugi ka maehan Absalom, halna tangtos kadangu ku raja, da sagala rupi hal oge ku anjeunna mah kadangueun bae. Upami parantos kitu mah Bapa ge tangtos moal ngabelaan ka abdi."

14Saur Yoab, "Ah, cumah ngobrol jeung maneh!" Geus kitu anjeunna nyandak tumbak tilu. Absalom kasampak hirup keneh keur roroesan dina dahan kiara. Bles angenna ditubles.

15Jol prajurit sapuluh urang, tuluy marilu nyampurnakeun Absalom.

16Yoab miwarang niup tarompet, tangara kudu eureun perang. Balad daratang tas ngabeberik urang Israil.

17Mayit Absalom diturunkeun, tuluy digurubagkeun kana lombang jero di eta leuweung, bru dibugbrugan ku batu. Urang Israil kabeh geus kalabur, baralik ka saimah-imahna.

18Keur hirupna Absalom teh ngadamel hiji tugu keur salirana di Lebak Raja, dumeh teu kagunganeun putra pameget anu bakal neruskeun jenenganana. Anu matak eta tugu ku anjeunna dingaranan ku jenenganana ku anjeun, sarta nepi ka ayeuna eta tugu katelah Tugu Absalom.

19Geus kitu jol Ahimaas bin Sadok unjukan ka Yoab, "Manawi karujukan, ieu pikabingaheun teh urang unjukkeun ku abdi ka raja, yen anjeunna ku PANGERAN parantos diluputkeun ti musuh."

20Waler Yoab, "Ulah! Poe ieu mah najan anu pikabungaheun oge ulah hidep anu ngabejakeunana. Poe sejen mah pek bae. Sabab anu tiwas poe ieu teh putra raja."

21Ti dinya Yoab nimbalan ka budak urang Sudan saurna, "Silaing kudu ka kangjeng raja ayeuna. Uningakeun sakur anu kasaksian ku silaing di dieu." Budak teh nyembah, semprung lumpat.

22Ahimaas maksa, "Matak naon abdi oge widian ngunjukkeun ieu wartos ka kangjeng raja?" Saur Yoab, "Keur naon ka ditu anaking? Ka-teu-teu-ari da moal aya pihasileunana."

23"Sawios ku kitu ku kieu oge, matak naon?" "Nya jig atuh," saur Yoab. Semprung Ahimaas oge lumpat, mudun ka Lebak Yordan, teu lila budak urang Sudan anu tadi geus kapiheulaan.

24Daud keur linggih di nu lega antara lawang jero jeung lawang kota beulah luar. Anu kemit unggah ka luhur lawang kuta, terus nangtung di dinya, tuluy nenjo aya anu keur lumpat nyorangan.

25Gancang ceceluk ka handap, nguninga ka raja. Lahiran raja, "Upama nyorangan, bejana tangtu hade." Anu lumpat beuki deukeut.

26Beh deui anu keur kemit teh nenjo saurang deui anu keur lumpat. Gero ngabejaan ka nu jaga lawang, "Tuh aya saurang deui anu lumpat!" Saur raja, "Eta oge tangtu mawa beja hade."

27Ceuk nu kemit, "Parantos rada sidik jalmina, rupina mah Ahimaas." Saur raja, "Jelema hade eta mah. Bejana tangtu ngeunah."

28Ahimaas norojol bari ngawilujengkeun ka raja, bruk sujud kana taneuh payuneunana, piunjukna, "Puji ka PANGERAN, Allah Gamparan, anu ngersakeun Gamparan unggul ngelehkeun jalmi-jalmi anu ngalawan ka Sang Raja!"

29Raja mariksa, "Ari Absalom kumaha, salamet?" Piunjuk Ahimaas, "Gusti, nalika abdi diutus ku panglima Yoab, abdi ningal aya anu ribut-ribut, duka abdi gamparan teu terang aya naon."

30"Enya, geus maneh nyisi nangtung di dieu," saur raja. Ahimaas nyisi tuluy nangtung di dinya.

31Teu lila torojol budak urang Sudan tea datang, tuluy unjukan ka raja, "Gusti, abdi ngabantun wartos pikabingaheun! Dinten ieu Gusti ku PANGERAN parantos dipaparin kaunggulan ti anu ngaralawan ka Gusti!"

32"Ari anak kami, Absalom, salamet?" Eta budak ngawalon, "Mugi-mugi sadaya musuh Gusti, sakur anu ngalawan ka Gusti, sing sapertos eta Gusti anom."

33Raja rampohpoy, manahna sumeblak. Sup lebet ka kamar peuntaseun lawang, ngadon nangis. Bari angkat henteu weleh sumambat, "Emh Absalom, Absalom, anaking! Mending oge Ama anu paeh, nalangan Enung, anaking, anaking!"


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  2 Samuel 18 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel