Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Samuel 3 >> 

1Saterusna perang antara golongan Saul jeung golongan Daud teh lila pisan. Tapi Daud ngadegna beuki weweg, sabalikna lawanna mah beuki hengker.

2Ieu putra-putra Daud anu dibabarkeun di Hebron, aya genep. Pareleanana nurutkeun tanggal wedalna: Amnon, putra ti Ahinoam urang Yisrel;

3Kilab, putra ti Abigail urut bojo Nabal ti Karmel; Absalom, putra ti Maaka, putri Raja Talmai ti Gesur;

4Adonia, putra ti Hagit; Sepaca, putra ti Abital;

5jeung Itream, putra ti Egla. Kabeh pameget, dibabarkeunana di Hebron.

6Sabot perang antara golongan Daud jeung golongan Saul, Abner beuki kawasa bae di golongan Saul.

7Dina hiji poe anjeunna digeunggeureuhkeun ku Isboset putra Saul, lantaran ngaranyed ka Rispa binti Aya, urut parekan Saul.

8Abner kasundut manahna, nyarekan ka Isboset, saurna, "Rek nyangka Bapa hianat ka Saul? Rek nyangka Bapa enyaan ngabantu ka Yuda teh? Malah ku tina ngingetkeun ka Saul suwargina rama hidep, Bapa teh bebela ka saderek-saderekna, ka sobat-sobatna. Hidep pribadi ku Bapa sakitu dibelaanana kapan, henteu diselehkeun ka Daud. Ayeuna, kakara boga kasalahan sakitu jeung eta awewe, nepi ka digeunggeureuhkeun!

9(3:9-10) Bisi teu uninga, Daud ku PANGERAN geus ditangtukeun bakal nyandak ieu karajaan ti Saul saturunanana. Daud bakal jadi raja Yuda ongkoh, raja Israil ongkoh, raja sakuliah nagara ti tungtung nepi ka tungtung. Ayeuna da enggeus kieu, anggur rek sakalian ngabantu ngalaksanakeun hal eta! Lamun teu nepi ka kitu, kajeun dicabut nyawa ku Allah!"

10(3:9)

11Isboset kacida sieuneunana ku Abner, mani teu kecet-kecet.

12Ti dinya Abner ngirimkeun jelema ka Daud di Hebron. Titip saurna, "Nagara teh saha anu bade ngatur? Sae urang ngadamel perjangjian. Jisim abdi sumeja ngabantu nalukkeun Israil ka Sang Raja."

13Waler Daud, "Satuju! Eta perjangjian urang ayakeun. Saratna: Upama engke anjeun datang nepungan kaula, Mikal binti Saul kudu dibawa."

14Kajaba ti kitu Daud ngintunkeun utusan ka Isboset, titip saurna, "Mikal garwa kami, pulangkeun! Maskawinna, saratus siki kulit kulup urang Pelisti ku kami geus dibayar!"

15Seug Mikal ku Isboset dicandak ti Paltiel bin Lais salakina.

16Paltiel nuturkeun nepi ka kota Bahurim bari ceurik sajajalan. Sanggeus diparentah ku Abner, "Geura balik!" kakara balik.

17Abner nepungan para pamingpin Israil, tuluy sasauran, "Ti bareto aranjeun harayang dirajaan ku Daud.

18Ayeuna tangtu kalakon. Aranjeun tangtu aringet kana timbalan PANGERAN anu kieu, ‘Kami arek make abdi Kami Daud ngaluputkeun umat Kami Israil ti urang Pelisti, jeung ti sakabeh musuhna.’"

19Ka urang Binyamin oge Abner nyaurkeun saperti kitu. Ti dinya anjeunna tuluy ka Hebron rek ngunjukkeun ka Daud yen urang Binyamin jeung urang Israil geus daek ngiringan.

20Sasumpingna ka Hebron jeung dua puluh urang pangiringna, Abner ku Daud dipestakeun.

21Abner unjukan, "Jisim abdi amit, bade ihtiar supados sabangsa Israil sumujud ka Gusti. Tangtos hasil, tangtos daraekeun dirajaan ku Gusti. Cita-cita Gusti bakal kahontal, lajeng ngarajaan sakuliah nagara." Ku Daud dijurung jeung ditanggel kasalametanana.

22Geus kitu Yoab sabaladna sumping tas ngarurug, nyandak jarahan loba pisan. Ari Abner geus undur ti Hebron, geus dijurung ku Daud tur ditanggel kasalametanana.

23Sanggeus Yoab sabaladna sumping, aya anu ngabejaan yen Abner tas ngadeuheusan Raja Daud, jeung geus dijurung deui kalawan ditanggel kasalametanana.

24Yoab ngadeuheus ka raja, sarta miunjuk, "Kumaha tindakan Gusti teh? Abner dongkap ngadeuheus ka Gusti. Ku naon disina wangsul kitu bae?

25Gusti tangtos uninga, ka dieuna aya maksad awon, bade ngintip Gusti damel naon, sok angkat ka mana."

26Undur ti Daud, Yoab marentah nyusul Abner. Abner kasusul di sumur Sira, tuluy dibawa ka Yoab. Daud teu uningaeun.

27Sanggeus aya di Hebron deui Abner ku Yoab diajak nyalingker ka gigireun panto gapura, pura-pura rek dibawa harewos. Bles beuteungna ditubles ku Yoab, naur pati Asahel rayina.

28Barang Daud ngadangu wartana, anjeunna sasauran nyalira, "PANGERAN uninga, Abner maotna lain ku kami, lain kahayang raja.

29Babalesna sing malik ka Yoab sakulawarga! Ti unggal turunan Yoab sing aya anu katerap ku kasakit bengang, atawa ku lepra, atawa sing hengker kawas awewe, atawa sing kasambut perang, atawa sing kurang hakan!"

30Kitu jalanna Yoab jeung Abisai ngabales ka Abner anu geus maehan Asahel saderekna basa tarung di Gibon.

31Ti dinya Daud marentah sangkan Yoab saanak buahna nyosoeh pakeanana jeung kudu dibaraju karung, nandakeun prihatin ku maotna Abner. Waktu Abner dimakamkeun, Raja Daud ku anjeun ngiring jajap, angkat tukangeun peti mati.

32Abner dimakamkeun di Hebron. Raja nangis di makam mani ngagukguk, kabeh anu keur di makam careurik.

33Daud mudalkeun katineungna ka Abner, saurna, "Na Abner teh maotna kawas nu taya kabisa?

34Pan leungeunna teu ditalian, sukuna teu dibangbaluhan, maotna teh lir jalma anu nyieun kajahatan!" Geus kitu jalma-jalma teh careurik deui nyeungceurikan Abner.

35Sapoe eta Daud henteu kersa tuang, dikeukeuhan ge ku abdi-abdina teu kersaeun bae. Malah saurna, "Lamun memeh surup panonpoe kami geus barang dahar, masing dicabut nyawa ku Allah!"

36Sanggeus tetela kitu, tungtungna dianggap memang kitu pihadeeunana. Tetela sagala peta anjeunna matak senang ka rahayat.

37Jalma-jalma boh golongan Daud boh golongan Israil jadi yakin, yen maotna Abner lain ku anjeunna.

38Daud ngandika ka para gegeden, "Bisi teu aruninga, anu hilang poe ieu teh hiji pamingpin Israil anu agung!

39Cacakan kami ku Allah geus dijenengkeun raja, mani ngarasa sakieu leuleusna. Eta anak-anak Seruya teh ceuk kami mah kacida telengesna. Kajahatanana mugia dibales ku PANGERAN."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  2 Samuel 3 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel