Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Samuel 5 >> 

1Geus kitu sakabeh kaom Israil daratang ka Daud di Hebron sarta arunjukan kieu, "Abdi sadaya sareng Gusti teh tunggal sadaging sagetih.

2Kapungkur nalika abdi sadaya dirajaan keneh ku Saul, Gusti parantos ngapalaan abdi sadaya dina pangperangan. Kawuwuh-wuwuh PANGERAN parantos nangtoskeun yen Gusti bakal jadi pamingpin sareng raja umat Mantenna."

3Sakabeh pamingpin Israil daratang ka Raja Daud di Hebron, sarta anjeunna ngayakeun perjangjian jeung maranehna kalayan PANGERAN saksina. Seug anjeunna ku maranehna dilisahan dijenengkeun raja nyangking Israil.

4Waktu anjeunna diangkat jadi raja, yuswana tilu puluh taun, sarta ngarajaanana opat puluh taun.

5Waktu ngarajaan nagara Yuda wungkul, lilana tujuh satengah taun, calikna di Hebron. Tuluy ngalih ka Yerusalem, ngarajaan sakuliah Israil jeung Yuda, meunang tilu puluh tilu taun.

6Cunduk waktu, Daud sabaladna budal seja merangan Yerusalem. Tapi ceuk angkeuhan pribumina, nya eta urang Yebus, pamohalan Daud bisa ngarebut eta kota. Nu matak ceuk maranehna ka Daud, "Pamohalan maneh bisa asup! Ku nu lolong jeung ku nu gempor ge maneh tangtu mundur."

7(Tapi Daud iasa ngarebut benteng-benteng maranehna di Sion, anu saterusna kamashur disebut "Kota Daud.")

8Saur Daud harita ka baladna, "Cik, aya di dieu anu ijid ka urang Yebus kawas kami? Kacida ijidna nepi ka hayang maehan maranehna? Jig ka ditu nanjak mapay torowongan cai, tarajang eta jelema-jelema anu palengkor jeung lalolong pikaijideun teh." (Nu matak terus aya basa, "Nu lolong jeung pengkor teu meunang asup ka panglinggihan PANGERAN.")

9Eta benteng beunang karebut ku Daud jeung terus dilinggihan, sarta dilandi ngaranna jadi "Kota Daud". Kotana diadegkeunana sakurilingeun eta benteng, mimiti ti hiji tempat beunang ngurug sina luhur, wetaneun pasir tea.

10Beuki lila Daud beuki nanjung, sabab diaping ku GUSTI Allah, Allah Nu Maha Kawasa.

11Geus kitu Raja Hiram ti nagara Tirus ngintun utusan dagang ka Daud. Ngintunan balok-balok oge kai kiputri golondongan, sakalian jeung tukang-tukang kai katut tukang-tukang tembokna, sina mangadegkeun karaton.

12Ku sabab kitu ku Daud kahartos yen anjeunna ku PANGERAN geus diteguhkeun jadi raja nyangking Israil, sarta karajaanana ku Mantenna dibeungharkeun pikeun kabagjaan umat-Na.

13Sanggeus ngalih ti Hebron ka Yerusalem, Daud tambih garwa jeung parekan, putra-putrana oge rea istri pameget.

14Ieu putra-putrana anu dibabarkeunana di Yerusalem: Samua, Sobab, Natan, Suleman,

15Yibhar, Elisua, Nepeg, Yapia,

16Elisama, Elyada jeung Elipelet.

17Urang Pelisti mareunang beja yen Daud geus jadi raja nyangking Israil. Tuluy mepek balad rek nangkep anjeunna. Sanggeus Daud ngadangu warta, anjeunna lungsur ka benteng.

18Urang Pelisti geus narepi ka Lebak Repaim sarta nyaricingan eta lebak.

19Daud unjukan ka PANGERAN, "Kumaha eta urang Pelisti teh kedah dilawan? Kumaha abdi bakal unggul?" Waler PANGERAN, "Pek perangan, ku Kami rek diselehkeun ka maneh."

20Ti dinya Daud angkat ka Baal Perasim, seug eta urang Pelisti teh ku anjeunna dielehkeun di dinya. Pok anjeunna ngalahir, "PANGERAN geus ngabedahkeun musuh kami, lir caah ngabedah sagala rupa." Eta sababna eta tempat teh ku anjeunna dingaranan Baal Perasim.

21Waktu urang Pelisti kalabur, brahala-brahalana kataringgaleun, ku Daud jeung sabaladna diparulungan.

22Tapi urang Pelisti murubul deui, nyicingan deui Lebak Repaim.

23Daud unjukan deui ka PANGERAN. Ari walerana-Na, "Narajangna ulah ti beulah dieu, tarajang ti tukangeunana ti lebah gumplukan tangkal-tangkal baka.

24Lamun geus aya sora pabuis di pucuk-pucuk tangkal baka maneh kudu gancang narajang, sabab Kami bakal maju ti heula ngelehkeun balad Pelisti."

25Sakumaha timbalan PANGERAN ku Daud dilampahkeun, sarta anjeunna hasil iasa ngusir balad Pelisti ti semet Geba nepi ka Geser.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  2 Samuel 5 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel