Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Tawarikh 10 >> 

1Rehabam angkat ka Sekem, sabab keur didaragoan di ditu ku urang Israil kaom-kaom kaler, rek dijenengkeun raja.

2Barang Yarobam bin Nebat anu keur aya di Mesir nyingkahan Raja Suleman, ngareungeu beja kitu, gancang bae mulang.

3Ku urang Israil kaom-kaom kaler anjeunna diala, ti dinya bareng nepungan Rehabam, tuluy mihatur kieu ka Rehabam,

4"Tanggungan anu ku tuang rama dikeunakeun ka kuring sadaya kacida ngaripuhkeunana. Manawi anjeun kersa maparin kaentengan malar hirup kuring sadaya ulah ripuh teuing, kuring sadaya seja satia jadi bawahan."

5Waler Rehabam, "Kaula menta tempo tilu poe rek nimbang-nimbang heula. Engke bae ka darieu deui." Jalma-jalma terus budal.

6Rehabam mundut pituah para sesepuh urut jurunasehat Suleman, ramana. Saurna, "Kumaha timbangan Bapa-bapa, jawab kumaha eta jelema-jelema teh?"

7Piunjuk para sesepuh, "Upami Jeng Putra nembongkeun kahemanan, ngawaler ku nu pigenaheun hatena, tangtos maranehna bakal satia kumawula ka Jeng Putra."

8Tapi eta nasehat para sesepuh teh ku anjeunna teu ditolih, anggur nepangan juru-juru nasehat nu diangkat ku anjeunna, barudak anu saumur jeung anjeunna.

9Saurna, "Cik pirempug aranjeun kumaha hadena kuring teh? Jawab kumaha eta jelema-jelema anu marenta kaentengan teh?"

10Jawab maranehna, "Saurkeun kieu, ‘Cinggir kami leuwih gede ti batan cangkeng ama kami.’

11Saurkeun deui kieu, ‘Tanggungan maraneh ti ama kami memang beurat. Ku kami rek dijieun leuwih beurat. Maraneh ku ama kami disabet ku pecut, ku kami mah rek dibabukan ku pecut cucuk beusi!’"

12Sanggeus tilu poe tea, Yarobam jeung jalma loba ngadareuheus deui ka Raja Rehabam sakumaha pamundutna.

13Tapi raja lain nurut kana pituah para sesepuh. Ngawalerna ge keras,

14da nurutkeun timbangan anu ngarora. Saurna kieu, "Ama kami mere tanggungan beurat ka maraneh. Tanggungan ti kami mah bakal beuki beurat. Ama kami nyabet ka maraneh ku pecut, kami mah arek ngababukan ku pecut cucuk beusi!"

15Jadi raja teh henteu malire kana pamenta eta jelema-jelema. Eta geus kitu dikersakeunana ku GUSTI Allah, sangkan laksana pangandika-Na ka Yarobam bin Nebat ku perantaraan Ahia jurupeleng ti Silo.

16Barang geus tetela yen pamentana ka raja teu dipalire, seug tinggorowok pokna, "Rorod Daud saturunanana! Naon jasana ka urang? Eh urang Israil, baralik! Keun Rehabam mah sina kumaha karepna!" Jadi urang Israil teh barontak.

17Rehabam pada ninggalkeun, jadi raja ge ngan keur rahayat di wewengkon Yuda wungkul.

18Anggeus kitu Rehabam miwarang Adoniram anu keur ngamandoran jelema-jelema anu gawe paksa, dipiwarang nepungan urang Israil. Tapi tiwas pada ngabenturan ku batu. Sanggeus uninga kitu, clak Rehabam kana kareta, rurusuhan kabur ka Yerusalem.

19Ti harita rahayat karajaan Israil kaler ngalawan ka raja terah Daud.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  2 Tawarikh 10 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel