Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Tawarikh 12 >> 

1Tacan lila Rehabam jadi raja nyepeng kakawasaan, anjeunna jeung rahayatna tuluy mengpar tina Hukum PANGERAN.

2Dina taun kalima pamarentahan Raja Rehabam, kateusatiaan maranehna ka PANGERAN teh meunang hukuman. Raja Sisak ti nagara Mesir ngarurug ka Yerusalem,

3pasukanana dua welas rebu kareta, genep puluh rebu prajurit kuda, jeung prajurit lianna lobana tanpa wilangan, campur jeung pasukan-pasukan urang Libia, urang Sukit, urang Sudan.

4Sanggeus ngarebut kota-kota Yuda anu dibenteng tea, Raja Sisak terus maju nepi ka Yerusalem.

5Nabi Semaya ngadeuheus ka Raja Rehabam jeung ka para pamingpin urang Yuda anu keur tumplek ka Yerusalem nyingkahan Sisak. Anjeunna ngalahir, "Kieu timbalan PANGERAN, ‘Maraneh enggeus ninggalkeun Kami. Ku sabab eta Kami ge rek ninggalkeun ka maraneh, ku Kami rek diserenkeun ka Sisak.’"

6Raja jeung para pamingpin rarumasaeun kana dosana, sarta salaurna, "Parantos layak pisan PANGERAN midamel kitu teh."

7Ningali kaayaan kitu PANGERAN ngandika ka Semaya, dawuhana-Na, "Ku sabab maranehna rarumasaeun kana dosana, ku Kami moal nepi ka dimusnakeun. Lamun engke geus ditarajang ku Sisak, rek dibere karahayuan saeutik. Yerusalem moal sakumaha nandangan bebendu Kami.

8Tapi teu meunang henteu, kudu eleh ku Sisak, sina ngararasaeun bedana antara ngawula ka Kami jeung ngawula ka raja-raja alam dunya."

9Sanggeus Sisak nepi ka Yerusalem, tuluy ngajabelan raja brana nu aya di Bait Allah jeung di karaton. Sagala rupana dikeduk, kitu deui kepeng-kepeng emas dadamelan Raja Suleman tea.

10Ti dinya Rehabam ngadamel gantina ku kepeng-kepeng tina tambaga, tuluy dititipkeun ka para kapala kawal gapura karaton.

11Saban raja angkat ka Bait Allah eta kepeng-kepeng ku para pangawal dibawa ka Bait Allah, geus kitu diasupkeun deui ka kamar jaga.

12Ku sabab anjeunna ngangken dosa ka PANGERAN, bebendu PANGERAN rada leler, anjeunna henteu sakumaha dicilakakeunana, kaayaan nagara Yuda oge hade.

13Rehabam marentah di Yerusalem jadi raja mekarkeun kakawasaanana. Mimiti jumeneng dina yuswa opat puluh hiji taun, marentahna tujuh welas taun, calikna di Yerusalem anu ku PANGERAN dianggo ti saantero tanah Israil paranti ngabakti ka Mantenna. Jenengan ibuna Naama asal ti tanah Amon.

14Rehabam teu kersa nuturkeun pangersa PANGERAN, lampahna goreng.

15Laku lampah Rehabam ti awal nepi ka ahir, kitu deui hal pala putrana, kaungel dina kitab-kitab Carita Nabi Semaya jeung Carita Nabi Ido. Rehabam salawasna ngan perang bae jeung Yarobam.

16Sanggeus pupus dikurebkeun di makam karajaan di Kota Daud. Ti dinya Abia putrana ngaganti jadi raja.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  2 Tawarikh 12 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel