Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Tawarikh 16 >> 

1Dina taun katilu puluh genep Raja Asa nyangking nagara Yuda, Raja Baasa ti Israil ngarurug ka Yuda. Eta raja nohagaan kota Ramah, megatkeun jalan kaluar asup ka nagara Yuda.

2Asa ngaluarkeun perak jeung emas ti Bait Allah jeung ti karaton, dikirimkeun ka Raja Benhadad, raja Siria anu calikna di Damsik. Titip saur kieu,

3"Kaula ngahaturkeun ieu perak sareng emas. Urang silih bantu sapertos rama urang kapungkur. Baasa raja Israil ulah dibantu deui, sina ngundurkeun baladna ti wewengkon kaula."

4Pangajak Asa ku Benhadad ditarima. Eta raja nginditkeun panglimana mawa balad ngagempur kota-kota nagara Israil, ngarebut Iyon, Dan, jeung Abel Bet Maaka, kitu deui kota-kota di wewengkon Naptali tempat gudang-gudang bekel.

5Barang Raja Baasa ngadangu eta kajadian seug nunda padamelanana nohagaan Ramah tea.

6Ti dinya Raja Asa ngumpulkeun rahayat ti sakuliah Yuda, ditimbalan ngakutan batu jeung kayu urut Baasa di Ramah, tuluy dipake nohagaan kota Geba jeung Mispa.

7Mangsa eta, Nabi Hanani ngadeuheus ka Raja Asa, unjukan kieu, "Ku margi Gusti mundut dibantu ka raja Siria, sanes muntang ka PANGERAN Allah Jeng Raja, balad Israil jadi luput ti Gusti.

8Dupi balad katut pasukan karetana sareng pasukan serdadu kuda urang Sudan sareng urang Libia tea oge sanes sakitu ageungna? Geuning ku PANGERAN diserenkeun, Gusti anu unggul da muntang ka Mantenna.

9PANGERAN teh teu weleh neuteup-neuteup ngawaskeun ka saalam dunya, seja maparin pitulung ka sing saha anu suhud hate ka Mantenna. Eta damel Gusti kitu teh kalintang bodona. Mana ti ngawitan wangkid ieu Gusti moal kendat-kendat perang."

10Rey bae Asa geregeteun, heug nabi teh dirante. Ti wates harita Asa mimiti telenges ka sawatara rahayatna.

11Kajadian-kajadian dina jaman pamarentahan Asa ti awal nepi ka ahir, kaungel dina Kitab Babad Raja-raja Yuda jeung Israil.

12Dina taun katilu puluh salapan jadina raja, Asa katerap kasawat dina dampal sampean parna pisan nepi ka jadi wuwudon. Tapi ti batan mundut pitulung ka PANGERAN, anggur dudukun.

13Dua taun ti harita anjeunna pupus,

14tuluy dikurebkeun di Kota Daud, pajaratanana karang beunang natah anjeunna keneh. Layonna diboborehan ku bungbu-bungbu jeung minyak seungit, sarta rahayat masang api unggun nandakeun sungkawa katilar ku anjeunna.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  2 Tawarikh 16 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel