Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Tawarikh 19 >> 

1Raja Yosapat, raja nagara Yuda salamet, tuluy mulih ka karaton di Yerusalem.

2Aya hiji nabi, Yehu bin Hanani, ngadeuheus ka raja, miunjuk kieu, "Naha sae Gusti ngabantu ka nu jarahat, sabilulungan sareng anu mikageuleuh ka PANGERAN? Eta damel Gusti teh ngalantarankeun PANGERAN bendu ka Gusti.

3Untung sanaos kitu ge Gusti aya keneh saena, parantos nyingkir-nyingkirkeun arca-arca Asera sesembahan rahayat, sareng parantos sateka-teka nuturkeun pangersa Allah."

4Najan calikna di Yerusalem, Raja Yosapat sok angger angkat-angkatan nepangan rahayat, ngider ti Bersyeba ti tungtung kidul nepi ka rarambu pagunungan Epraim di tungtung kaler, ngawawadian rahayat supaya marulang deui ka PANGERAN, Allah karuhun maranehna.

5Di kota-kota Yuda anu dibenteng, anjeunna ngangkat hakim-hakim

6kalawan timbalan kieu, "Masing ati-ati nibankeun hukuman. Wewenang anu dijalankeun ku maraneh teh lain ti manusa, sategesna eta teh wewenang ti PANGERAN. Lamun maraneh nibankeun hukuman, Mantenna aya nungkulan.

7Masing sieun ku PANGERAN, ati-ati tata peta, sabab PANGERAN Allah maraneh moal ngantep ka anu curang atawa beurat sabeulah atawa daek nampa pangruruba."

8Ari di Yerusalem, anu ku anjeunna diangkat jaradi hakim teh sawatara urang Lewi, sawatara imam, jeung sawatara jalma kokojo, purah nguruskeun jalma-jalma anu boga perkara ngalanggar Hukum PANGERAN, atawa memeres pacekcokan urang kota.

9Maranehna ku anjeunna ditimbalan kieu, "Jalankeun kawajiban maraneh kalawan sieun ku PANGERAN, tuhu ka Mantenna dina sagala lampah.

10Satiap aya dulur sabangsa ti mana bae ngunjukkeun perkara anu tumali jeung urusan getih, atawa palanggaran-palanggaran hukum jeung papakon-papakon anu salian ti eta, ati-ati papatahan pilampaheun dina nandangan cocoba, ulah nepi ka maranehna nyieun kasalahan atawa dosa ka PANGERAN. Lamun henteu kitu, boh maraneh boh eta dulur sabangsa, bakal kacida dibenduanana ku PANGERAN. Lampahkeun kitu, sangkan maraneh ulah nyieun kasalahan.

11Anu wenang mere putusan ahir dina urusan agama, Imam Agung Amarya. Anu wenang mere putusan ahir dina perkara perdata, Sebaja bin Ismail, gupernur Yuda. Urang Lewi tanggung jawab ngurus sangkan putusan-putusan pangadilan tea jalan sakumaha mistina. Sing parengkuh. Jalankeun ieu parentah. Mugia PANGERAN nyarengan pihak nu bener!"


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  2 Tawarikh 19 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel