Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Tawarikh 27 >> 

1Yotam mimiti jumeneng raja dina yuswa dua puluh lima taun, ngarajaanana genep welas taun, calikna di Yerusalem. Jenengan ibuna Yerusa putra Sadok.

2Anjeunna midamel anu sapagodos jeung manah PANGERAN, cara ramana. Ngan henteu nurutan dosa anu dipidamel ku ramana, anu ngukus ku anjeun di Bait Allah. Tapi ari rahayat mah angger ngaralampahkeun dosa.

3Nya Yotam anu ngadamel gapura anu disebut Gapura Kaler, di Bait Allah. Kuta kota Opel di wewengkon Yerusalem ku anjeunna dipanjangan.

4Di pagunungan-pagunungan Yuda anjeunna ngadamel kota-kota. Di leuweung-leuweung ngadamel benteng-benteng jeung munara-munara.

5Merangan jeung ngelehkeun raja Amon sabaladna. Urang Amon salila tilu taun dipaksa kudu mayar upeti unggal taun ku perak 3.400 kilogram, jeung ku dua rupa gandum masing-masing 1.000 ton.

6Kakawasaan anjeunna terus nambahan lantaran sumujud tur suhud ka PANGERAN Allahna.

7Kajadian-kajadian waktu anjeunna ngarajaan, peperangan-peperangan jeung siasat-siasatna, kabeh kaungel dina Kitab Babad Raja-raja Israil jeung Yuda.

8Waktu mimiti jumeneng raja, yuswana dua puluh lima taun, ngarajaanana genep welas taun, calikna di Yerusalem.

9Sanggeus pupus dikurebkeun di Kota Daud. Ahas, putrana, jadi raja ngagentos anjeunna.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  2 Tawarikh 27 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel