Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Tawarikh 29 >> 

1Hiskia mimiti jumeneng raja dina yuswa dua puluh lima taun. Ngarajaanana dua puluh salapan taun, calikna di Yerusalem. Jenengan ibuna Abia, putra Jakaria.

2Lampah anjeunna saperti lampah Daud karuhunna, sapagodos jeung manah PANGERAN.

3Dina bulan kahiji taun jumenengna, Raja Hiskia muka deui lawang-lawang Bait Allah, sakalian diomean.

4Anjeunna ngumpulkeun imam jeung urang Lewi di buruan Bait Allah beulah wetan,

5tuluy ngadawuh, "Maraneh urang Lewi geura susuci. Sucikeun ieu Bait Allah, gedong PANGERAN Allah karuhun maraneh. Sagala barang anu ngotoran ieu Bait Allah piceunan.

6Karuhun urang geus barelot ti PANGERAN, Allah urang. Mantenna ngaraos teu suka. Maranehna geus malungkir ti Mantenna, narukangan ka tempat panglinggihana-Na.

7Lawang-lawang Bait Allah ditutup, lampu-lampuna dipareuman, tara ngahaturkeun kukus, tara ngahaturkeun kurban beuleuman di ieu Bait Allah, gedong Allah Israil.

8Nu matak PANGERAN teh bendu ka Yuda jeung ka Yerusalem. Hukuman anu katarima ku aranjeunna matak sieun sarerea. Maraneh tangtu geus teu bireuk deui kana hal eta.

9Karuhun urang tariwas di pangperangan, anak bojo urang digiring dijaradikeun boyongan.

10Ayeuna kami seja nyieun ikrar ka PANGERAN Allah Israil, mugia bendu-Na ka urang ulah kateterasan.

11Anaking kabeh! Ulah ngahahambur deui waktu. Maraneh teh ku PANGERAN geus dibakukeun purah ngukus ka Mantenna jeung purah mingpin rahayat ngabarakti ka Mantenna."

12(29:12-14) Urang Lewi anu harita araya di dinya nya eta: Mahat bin Amasai jeung Yoel bin Asarya, ti golongan Kahat. Kis bin Abdi jeung Asarya bin Yehalelel, ti golongan Merari. Yoah bin Simna jeung Eden bin Yoah, ti golongan Gerson. Simri jeung Yehiel, ti golongan Elisapan. Jakaria jeung Matanya, ti golongan Asap. Yehuel jeung Simei, ti golongan Heman. Semaya jeung Usiel, ti golongan Yedutun.

13(29:12)

14(29:12)

15Maranehna ngumpulkeun urang Lewi lianna, tuluy kabeh susuci. Prak ngaralampahkeun timbalan raja, ngaberesihan Bait Allah, nurutkeun papakon Hukum PANGERAN.

16Ari para imam arasup ka Bait Allah, seja nyucikeun eta. Sagala barang anu matak najis kana Bait Allah dikaluar-luarkeun, ditumpuk di buruanana. Ti dinya terus diakutan ku urang Lewi ka luareun kota, ka Lebak Kidron.

17Eta pagawean dimimitian ti tanggal hiji bulan kahiji, anggeusna dina tanggal dalapan, kaasup jeung ngomean lawang asup ka rohangan Bait Allah. Geus kitu disambung deui dalapan poe nepi ka tanggal genep welas, dipake tatahar geusan ngabakti di Bait Allah.

18Ti dinya urang Lewi ngunjukkeun hasil gawena ka Raja Hiskia, piunjukna, "Padamelan abdi sadaya parantos rengse. Bait Allah sakurilingna parantos pulih deui, suci deui, kitu keneh altar paranti ngaduruk kurban, sareng meja paranti roti suci katut paparabotanana.

19Paparabotan anu ku Raja Ahas disingkah-singkahkeun waktos anjeunna mungkir ti Allah tea, ku abdi sadaya parantos diwangsul-wangsulkeun sareng parantos disanggakeun deui. Sadayana aya, caket altar PANGERAN."

20Raja Hiskia teu talangke ngumpulkeun para kekentong, tuluy arangkat ka Bait Allah,

21nyandak sapi tujuh siki, domba tujuh siki, anak domba tujuh siki, jeung embe jalu tujuh siki, kurbankeuneun pikeun nebus dosa raja sakulawarga, dosa urang Yuda, jeung pikeun nyucikeun Bait Allah. Raja nimbalan ka para imam turunan Harun, sina mimiti ngurbankeun eta sato-sato kana altar.

22Para imam meuncitan pikurbaneun. Mimitina sapi heula, tuluy domba, tuluy anak domba. Getihna dikepret-kepret kana unggal kurban dina altar.

23Ahirna, imam-imam teh nyokot embe-embe, dibawa ka payuneun raja jeung ka jelema-jelema anu keur ngabarakti, tuluy raja jeung jalma rea narumpangkeun leungeunna ka eta embe-embe.

24Tuluy embe-embe teh dipeuncitan ku para imam, getihna dikepret-kepret kana altar, jadi kurban pamupus dosa rahayat, karana timbalan raja eta kurban-kurban beuleuman jeung kurban pamupus dosa teh pikeun nebus dosa sakumna bangsa Israil.

25Raja ngajalankeun aturan-aturan anu ku PANGERAN geus diandikakeun ka Daud ku jalan Gad, nabi raja, jeung ku jalan Nabi Natan. Anjeunna nempatkeun urang Lewi di Bait Allah, purah narabeuh kacapi jeung kecrek,

26tatabeuhan anu sok dipake dina jaman Daud. Para imam nyarekel tarompet, narangtung.

27Raja Hiskia miwarang ngamimitian nyanggakeun kurban-kurban beuleuman. Prak dimimitian nyanggakeun, breng pakumpulan maruji ka PANGERAN, dipirig ku tarompet jeung tatabeuhan lianna.

28Kabeh ngabarakti, maruji, tatabeuhan terus, nepi ka kurban-kurban beres disanggakeun.

29Geus kitu Raja Hiskia sideku, kitu deui anu sejen, nyanggakeun hormat ka Allah.

30Urang Lewi ku raja jeung ku para pamingpin bangsa dipiwarang nyanggakeun pupujian ka PANGERAN, tina pupujian karangan Daud jeung karangan Nabi Asap. Breng maruji bari sarideku dibarengan ku suka, ngabarakti ka Allah.

31Raja Hiskia nimbalan ka pakumpulan, dawuhanana, "Ayeuna maraneh geus bareresih. Prak geura nyaranggakeun kurban panarima ka PANGERAN." Seug pakumpulan nyanggakeun kurban. Aya anu kalawan sukana pribadi marere sato pikurbaneun,

32sapi tujuh puluh, domba saratus, anak domba dua ratus, kabeh pikeun kurban beuleuman kangge PANGERAN.

33Aya oge anu marere keur peunciteun baris dahareun sarerea, sapi genep ratus, domba tilu rebu.

34Ku sabab kakurangan imam anu kudu meuncitan eta sato-sato sakitu lobana, seug dibarantuan ku urang Lewi nepi ka anggeus. Para imam lianna loba anu ngadadak susuci supaya barisa mantuan. (Dina hal susuci diri, urang Lewi leuwih tigin ti batan para imam.)

35Kajaba ti kudu nyanggakeun kurban-kurban anu dibeuleum weuteuh baris dahareun jalma rea, para imam teh kudu ngaduruk gajih sato-sato tea, jeung kudu ngucuran kurban-kurban beuleuman ku cianggur. Ku jalan kitu hal ngabakti di Bait Allah teh mimiti diayakeun deui.

36Raja Hiskia suka galih, jalma rea bararungah, reh kalawan pitulung Allah eta pagawean bisa gancang rengse.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  2 Tawarikh 29 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel