Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Tawarikh 30 >> 

1Raja Hiskia nyebarkeun parentah ka sakumna bangsa Israil jeung Yuda, supaya daratang ka Bait Allah di Yerusalem, pikeun nedunan Paska jeung ngahormat ka PANGERAN, Allah Israil. Urang Epraim jeung urang Menase mah malah diperlukeun disuratan.

2Raja, para pajabatna jeung pagempungan di Yerusalem barempug. Paska teh dilampahkeunana arek dina bulan kadua bae,

3sabab teu kaburu dina waktuna, bulan kahiji, lantaran para imam tacan kabeh susuci diri, jeung jalma-jalma ge tacan loba anu kumpul di Yerusalem.

4Raja geus satuju, kitu deui pagempungan,

5tuluy ngondang sakumna bangsa Israil ti Dan di kaler nepi ka Bersyeba di kidul, diajak nedunan Hukum Musa, diajak babarengan ngalampahkeun Paska, ngarah eta Paska leuwih loba anu nungkulanana ti batan nu enggeus-enggeus.

6Para utusan riab ka sakuliah Yuda jeung Yerusalem ngemban parentah raja jeung ponggawa-ponggawana, nyebarkeun surat ondangan anu kieu ungelna, "Eh urang Israil anu saralamet waktu ieu nagara dielehkeun ku urang Asur, geura marulang ka PANGERAN, Allah Ibrahim, Ishak jeung Yakub. Mantenna tangtu nyarengan deui.

7Ulah kawas karuhun jeung urang Israil anu lianna, anu barelot ti PANGERAN Allahna, da aranjeun terang geuning maranehna disiksa ku Mantenna sakitu bangetna.

8Ulah baredegong kawas eta. Sing nurut ka PANGERAN. Hiap daratang ka Bait Allah di Yerusalem, anu ku PANGERAN geus disucikeun salalanggengna. Geura ngabarakti ka Mantenna, sangkan henteu dibenduan deui.

9Upama aranjeun marulang ka PANGERAN, baraya-baraya aranjeun anu dibaroyong teh tangtu bakal dipikarunya ku anu ngaboyongna nepi ka diparulangkeun deui. PANGERAN Allah aranjeun teh sipat rahman sipat rahim, tangtu kersaeun nampi ka aranjeun, di mana aranjeun aranut deui ka Mantenna."

10Saban kota wewengkon Epraim jeung Menase, nepi ka tungtung kaler di wewengkon kaom Sebulun, kabeh didatangan ku para utusan. Tapi ngan ngadon disaleungseurikeun jeung diparoyok ku urang dinya.

11Parandene kitu teu burung aya sawatara jalma kaom Aser, Menase jeung Sebulun, anu daraekeun daratang ka Yerusalem.

12Jeung deui urang Yuda ku Allah disina sahate satujuan aranut kana pangersa-Na, narurut kana parentah raja jeung para ponggawana.

13Dina bulan kadua, jalma-jalma ambreg ka Yerusalem kacida lobana, seja ngalakonan Pesta Roti Teu Make Ragi.

14Altar-altar di Yerusalem anu sok diparake ngurban jeung ngukus ku maranehna disingkir-singkirkeun, dipiceun ka Lebak Kidron.

15Tuluy dina tanggal opat welasna mareuncit anak domba pikeun kurban Paska. Para imam jeung urang Lewi anu henteu susuci kacida areraeunana, tuluy bae susuci ngabdikeun diri ka PANGERAN,

16tuluy merenahkeun maneh di Bait Allah, dina parantina, sakumaha aturan dina Hukum Musa abdi Allah tea. Getih sato-sato kurban ku urang Lewi diasongkeun ka para imam sina dikepret-kepret kana altar.

17Loba pisan jelema anu henteu prak sorangan meuncit anak domba pikeun Paska lantaran henteu susuci. Anu matak ditalangan ku urang Lewi dipangmeuncitkeun terus disucikeun ka PANGERAN.

18Sajaba ti eta anu henteu nyarucikeun diri heula teh loba keneh, jalma-jalma ti kaom Epraim, Menase, Isaskar jeung Sebulun, jadi henteu sah marilu Paska. Anu matak ku Raja Hiskia dipangnedakeun ka PANGERAN,

19"Nun PANGERAN, Allah karuhun abdi sadaya, mugi ieu jalmi-jalmi anu ngabarakti ka Gusti kalayan hate anu suhud, ku Gusti dihapunten sanaos maranehna teu acan susuci diri."

20Paneda Hiskia ku PANGERAN dikabul, jelema-jelema teh ku Mantenna dihampura, henteu aya sakara-kara.

21Jalma-jalma karumpulna di Yerusalem tujuh poe, ngalakonan Pesta Roti Teu Make Ragi. Sajeroning kitu unggal-unggal poe urang Lewi jeung para imam nyanggakeun paneda ka PANGERAN kalawan suhud.

22Urang Lewi ku raja dipuji kabinangkitanana ngatur eta upacara ngabakti ka PANGERAN. Sanggeus anu tujuh poe wekasan, anu dieusi ku nyanggakeun kurban-kurban beuleuman jeung pupujian ka PANGERAN Allah karuhunna,

23jalma-jalma kabeh rempug rek neruskeun pesta tujuh poe deui. Seug nareruskeun pesta, kacida aratoheunana.

24Raja Hiskia nyumbangkeun sapi sarebu jeung domba tujuh rebu, peunciteun jeung dahareun sarerea. Para ponggawa nyumbangkeun sapi sarebu jeung domba sapuluh rebu. Para imam loba anu kudu terus nyarucikeun diri.

25Jalma-jalma barungah, urang Yuda, para imam, urang Lewi, urang wewengkon kaler, kitu deui jelema-jelema anu ngadon tetep di Israil jeung Yuda.

26Kota Yerusalem pinuh ku bagja, lantaran ti jaman Raja Suleman putra Daud kakara aya deui pesta anu rongkah kitu.

27Para imam jeung urang Lewi nyarambat berkah PANGERAN mangnedakeun jalma rea. Panedana ku Allah dimakbul ti sawarga panglinggihana-Na.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  2 Tawarikh 30 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel