Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Tawarikh 34 >> 

1Yosia mimiti jumeneng raja Yuda dina yuswa dalapan taun. Ngarajaanana tilu puluh hiji taun, calikna di Yerusalem.

2Anjeunna midamel anu sapagodos jeung manah PANGERAN, nulad lampah Raja Daud karuhunna, sakuat-kuat ngalakonan sagala papakon Allah.

3Sanggeus jadi raja, dina taun kadalapanna, Yosia anu anom keneh pisan teh geus mimiti ngajalankeun ibadah ka Allah panutan Raja Daud karuhunna. Heuleut opat taun deui anjeunna mimiti ngagempur tempat-tempat ngabakti ka brahala, numpes arca-arca Asera jeung arca-arca brahala salian ti eta.

4Anjeunna metakeun jalma-jalmana ngaruksakkeun altar-altar paranti ngabakti ka Baal, ngancurkeun altar-altar parukuyanana sakurilingeun eta. Arca-arca Asera kitu deui arca-arca sesembahan lianna dibebekan nepi ka jadi tipung, tuluy diawurkeun ka kuburan jelema-jelema anu keur harirupna sok ngalurban di dinya.

5Tulang-taleng para imam brahala ku anjeunna diduruk dina altar-altar urut maranehna ngabakti. Ku jalan kitu Yuda jeung Yerusalem ku anjeunna disina beresih deui.

6Kota-kota jeung wewengkon-wewengkon tarikolot di tanah Menase, Epraim jeung Simeon, terus nepi ka tanah Naptali di kaler, eta oge ku anjeunna dikitukeun.

7Altar-altar jeung arca-arca Asera di sakuliah wewengkon Karajaan Kaler ku anjeunna dilebur-leburkeun, brahala-brahalana dibubukkeun nepi ka jadi lebu, altar-altar parukuyanana diremuk-remukkeun. Sanggeus kitu kakara anjeunna mulih deui ka Yerusalem.

8Dina taun kadalapan belas pamarentahanana, sabada nyucikeun tanah jeung Bait Allah ku jalan numpes kabiasaan ibadah ka brahala, Raja Yosia miwarang ngomean Bait Allah ka tilu jelema, Sapan bin Asalya, Maaseya, gupernur Yerusalem, jeung Yoah bin Yoahas, gegeden luhur.

9Duit anu dikumpulkeun di Bait Allah ku para pangawal tea dipasrahkeun ka Imam Agung Hilkia. (Eta duit teh beunang ngumpulkeun ti urang Epraim, ti urang Menase jeung ti urang Karajaan Kaler salian ti eta, kitu deui ti urang Yuda, ti urang Binyamin jeung ti urang Yerusalem.)

10Tuluy ku Imam Agung Hilkia diserenkeun ka anu tiluan tea anu kudu makihikeun ngomean Bait Allah. Ku maranehna diserenkeun

11ka tukang-tukang kayu jeung tukang-tukang ngadegkeun, sina dibalanjakeun meuli kayu jeung batu keur ngomean adegan-adegan anu bareto diraruksak ku raja-raja Yuda.

12Anu migawe eta pagawean kabeh jelema jujur, dikapalaan ku opat urang Lewi: Yahat jeung Obaja ti golongan Merari, Jakaria jeung Mesulam ti golongan Kahat. (Urang Lewi teh palinter nabeuh.)

13Urang Lewi salian ti eta gawena ngatur anu ngakutan bahan-bahan, jeung ngatur rupa-rupa pigaweeun kuli-kuli, nu sawareh deui purah nyatet-nyatetkeun atawa purah ngajaga.

14Waktu nyandak duit ti kamar simpen, Hilkia mendakan kitab Hukum PANGERAN, anu ku Allah diserenkeun ka Musa tea.

15Anjeunna sasauran ka Sapan, "Kaula nimu kitab Hukum PANGERAN ti Bait Allah," saurna bari kitabna diasongkeun ka Sapan.

16Ku Sapan disanggakeun ka raja sarta piunjukna, "Sugri timbalan parantos dijalankeun.

17Artos anu disimpen di Bait Allah parantos dibantun, diserenkeun ka anu didaramel sareng ka mandor-mandor."

18Piunjukna deui, "Sareng abdi ngabantun ieu kitab ti Hilkia." Kitabna ku Sapan tuluy dibaca di payuneun raja.

19Sanggeus ngadangu ungel eta kitab, raja mani ngagebeg terus nyosoeh raksukan.

20Geuwat marentah ka Hilkia, Ahikam bin Sapan, Abdon bin Mikaya, Sapan sekretaris nagara, jeung ka Asaya pangaping raja, timbalanana,

21"Kami, kitu deui rahayat anu araya keneh di Israil jeung Yuda buru-buru pangnaroskeun ka PANGERAN hal ungel ieu kitab. Geuning eta timbalan-timbalan PANGERAN teh geus teu dilalampahkeun ku karuhun urang bareto, kamistian-kamistian anu kaungel dina eta kitab ku aranjeunna henteu dilakonan. Tangtu urang dibenduan ku PANGERAN."

22Kalawan timbalan raja, Hilkia jeung nu sejenna arangkat ka Hulda, nabi istri anu calikna di Yerusalem di babakan anyar rek tumaros ka eta nabi. (Caroge eta nabi nya eta Salum bin Tikwa putu Harhas, purah ngurus jubah-jubah Bait Allah.) Perkarana ku aranjeunna dicarioskeun ka eta nabi istri.

23Aranjeunna ku eta nabi istri dijurung ka raja deui pikeun ngunjukkeun

24amanat ilahi ti PANGERAN anu kieu, "Kanyahokeun, Kami rek ngadatangkeun kacilakaan ka Yerusalem jeung rahayatna, ngeunakeun panyapa-panyapa anu kaungel dina kitab anu dibacakeun ka raja tea.

25Jalma-jalma geus mariceun ka Kami, seug ngalurban ka aallahan-aallahan bangsa sejen, laku lampahna ngahudangkeun amarah Kami. Amarah Kami ka Yerusalem geus ngagugudag moal pareum-pareum.

26Ari pikeun raja pribadi, kieu timbalan Kami, GUSTI Allah Israil: Maneh geus nurut kana ungel eta kitab,

27sarta barang nyaho yen Kami ngancam rek ngahukum Yerusalem jeung pribumina, maneh tobat, ngarendahkeun diri di payuneun Kami, nyosoeh pakean jeung ceurik. Panyambat maneh ku Kami didangu.

28Ku sabab eta, sapanjang maneh tacan mulang ti dunya mah Kami moal waka prak ngahukum Yerusalem. Ajal maneh mah ku Kami rek dicandak dina kagenahan." Geus kitu aranjeunna ngadareuheus deui ka Raja Yosia rek ngunjukkeun eta amanat.

29Sanggeus kitu, Raja Yosia miwarang kumpul ka sakumna pamingpin Yuda jeung Yerusalem,

30ti dinya sarerea arindit ka Bait Allah jeung anjeunna, dibarengan ku para imam jeung urang Lewi kitu deui rahayat lianna, anu beunghar, anu miskin. Seug raja ngaos kitab perjangjian anu katimu ti Bait Allah tea hareupeun sarerea nepi ka tamat.

31Lajeng anjeunna ngadeg deukeut pilar paranti raja-raja, ngucapkeun ikrar ka PANGERAN yen sumeja anut ka Mantenna, baris nohonan sagala papakon jeung timbalana-Na terus jeung manah, tembus kana lelembutan, baris ngalakonan hukum-hukum anu aya dina eta perjangjian, sakumaha ungel eta kitab.

32Urang Binyamin jeung sakur anu araya di Yerusalem diajak jangji yen seja nohonan eta perjangjian. Prak urang Yerusalem ngalampahkeun kamistian-kamistian eta perjangjian anu ku maranehna geus diikrarkeun ka Allah jungjunan karuhunna.

33Ti dinya Raja Yosia numpes sakabeh arca brahala pikagirukeun ti sakuliah wewengkon anu asup ka wewengkon urang Israil, sarta sapanjang jumenengna anjeunna ngudukeun supaya rahayat ngabdi ka PANGERAN, Allah karuhunna.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  2 Tawarikh 34 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel