Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Tawarikh 6 >> 

1Raja Suleman neneda, "Nun PANGERAN, Gusti parantos kersa linggih di nu angkeub sareng poek.

2Dupi ayeuna ku abdi parantos disayagian gedong anu agreng, linggihaneun Gusti sapapaosna."

3Geus kitu raja malik mayun ka sakumna bangsa Israil anu kumpul, mundut berkah Allah keur maranehna.

4Ti dinya ngadawuh kieu, "Sagala puji ka GUSTI Allah Israil! Mantenna pengkuh kana jangji anu dikedalkeun ka Daud rama kami anu kieu tea,

5‘Ti semet ngabudalkeun umat Kami ti Mesir, nepi ka waktu ieu Kami tacan nyokot kota anu mana bae oge di tanah Israil sangkan bisa nyieun gedong tempat Kami dibakti. Jeung tacan ngangkat jelema pikeun jadi lulugu umat Kami Israil.

6Ayeuna Kami teh milih Yerusalem pikeun tempat Kami dibakti, sarta maneh, Daud, kudu jadi lulugu umat Kami.’"

7Suleman neruskeun dawuhanana, "Daud rama kami bareto aya manah rek ngadamel gedong paranti ngabakti ka GUSTI Allah Israil.

8Tapi dawuhan PANGERAN ka anjeunna, ‘Niat maneh hayang nyieun gedong pikeun Kami teh hade pisan.

9Sanajan kitu maneh mah ulah tulus nyieun eta. Gedong pikeun Kami teh sina dijieun ku anak maneh, anak sorangan.’

10Tah ayeuna PANGERAN geus ngabuktikeun eta jangji, reh kami geus ngadeg raja nyangking Israil ngaganti ama, geus anggeus nyieun ieu gedong tempat ngabakti ka GUSTI Allah Israil,

11sarta Peti Perjangjian wadah papan batu anu ngamuat perjangjian anu ditimbalkeun ku PANGERAN ka urang Israil, ku kami geus disimpen di Bait Allah."

12Sanggeus kitu Suleman nyaketan altar, ngadeg hareupeunana tuluy nadahkeun panangan, neneda hareupeun sarerea.

13Di tengah-tengah buruan Bait Allah teh aya paimbaran tambaga anu diadegkeun ku Suleman, ukuran dua meter dua puluh senti pasagi, luhurna sameter tilu puluh senti. Suleman mancat kana eta paimbaran, tuluy sideku jeung namprakkeun panangan ka langit, tembong ka sarerea.

14Seug unjukan ka PANGERAN, "Nun GUSTI Allah Israil, di satungkebing langit satangkaraking jagat teu aya allah sapertos Gusti. Gusti pengkuh kana timbalan anu diikrarkeun ka ieu umat, sareng ngabuktoskeun kaasih ana maranehna leres-leres tumut ka Gusti.

15Gusti tigin kana jangji ka Daud pun bapa. Dinten ieu dawuhan-dawuhan Gusti teh sadayana buktos.

16Mugi jangji Gusti anu sanesna oge ka pun bapa, anu nyebatkeun yen upami turunan pun bapa leres-leres tumut kana Hukum Gusti sakumaha anjeunna, tangtos ti turunan anjeunna salamina baris aya anu nyepeng parentah, jadi raja di Israil. Nun GUSTI Allah Israil, mugi hal eta oge dilaksanakeun, ayeuna.

17Nun GUSTI Allah Israil, saneskanten jangji Gusti ka Daud teh mugi buktos.

18Nanging nun Allah, naha leres-leres Gusti teh iasa linggih di ieu bumi sareng jalmi awewe lalaki? Margi saleganing langit oge dilinggihan ku Gusti mah moal muat, komo ieu gedong kenging abdi, bade cekap kumaha?

19Nun PANGERAN Allah panutan, abdi teh abdi Gusti. Mugi ieu piunjuk abdi didangu, mugi panuhun abdi dikabul.

20Mugi ieu gedong teh diraksa siang wengi. Gusti parantos jangji yen ieu tempat kangge tempat ngabakti ka Gusti. Ku margi kitu, samangsa-mangsa abdi neneda madep ka ieu gedong mugi didangu.

21Samangsa-mangsa abdi, kitu deui umat Gusti, ngunjukkeun paneda madep ka ieu tempat, mugi kersa ngadangukeun. Mugi kersa ngamakbul sareng ngahapunten ka abdi sadaya ti sawarga panglinggihan Gusti.

22Manawi aya jalmi anu diterka gaduh dosa ka batur dibantun kana altar Gusti di ieu gedong sina sumpah yen teu rumasa,

23nun PANGERAN, mugi didangukeun ti sawarga, lereskeun perkawisna abdi-abdi Gusti teh, anu lepatna mugi dihukum luyu sareng layakna, anu teu lepat mugi dibebaskeun.

24Manawi umat Gusti, Israil, eleh ku musuh lantaran gaduh dosa ka Gusti, seug dumeuheus ka Gusti di ieu gedong, sareng nyuhunkeun dihapunten kalayan pinuh karumasaan,

25mugi didangu ti sawarga. Mugi dosa-dosa umat Gusti teh dihapunten, sareng mugi maranehna diwangsulkeun deui ka ieu tanah paparin Gusti ka maranehna sareng ka karuhunna.

26Manawi Gusti dugi ka teu nurunkeun hujan lantaran umat Gusti gaduh dosa, saupami maranehna tobat sareng madep ka ieu gedong nyanggakeun panuhun kalayan karumasaan,

27nun PANGERAN, mugi dimakbul ti sawarga, mugi dosa-dosa Israil umat Gusti teh dihapunten, sareng tuduhan pilampaheun anu samunasabahna. Salajengna nun PANGERAN, paparinkeun hujan ka ieu tanah anu ku Gusti parantos dijadikeun milik maranehna sapapaosna.

28Manawi ieu tanah katarajang tigerat atanapi pagebug, atanapi upami pepelakanana reksak boh ku hama perang, boh ku hama beureum atanapi ku simeut, atanapi upami umat Gusti ditarajang ku musuh, atanapi upami maranehna aya anu katarajang kasakit atanapi paudur,

29mugi panyambat maranehna didangu. Upami ti umat Gusti, Israil, aya anu katarajang prihatin neneda ka Gusti bari ngangkatkeun leungeun ka lebah ieu Gedong Gusti,

30mugi Gusti ti sawarga ngadangu panyambatna sareng maparin hapunten. Mung Gusti anu waspaos kana kereteging hate manusa. Mugi satiap jalmi perkawisna ku Gusti ditimbang sakumaha layakna,

31dugi ka umat Gusti teh mikasieun sareng tumut ka Gusti saumur-umur, di tanah anu ku Gusti parantos dipaparinkeun ka karuhun abdi sadaya.

32Manawi aya jalmi bangsa sanes di tanah anu tebih ti dieu nguping wartos yen Gusti kalintang agungna, kalintang kawasana, tur salamina sayagi midamel kumaha bae, seug upami manehna dongkap neneda di ieu gedong,

33panedana mugi didangu. Mugi panyambat panuhunna dimakbul ti sawarga panglinggihan, supados jalmi-jalmi saalam dunya terang ka pajenengan Gusti sarta aranut sakumaha umat Gusti Israil. Sina tarerangeun yen ieu gedong kenging abdi teh estu tempat paranti ngabakti ka Gusti.

34Manawi ieu umat kagungan ku Gusti ditimbalan budal merangan musuh, sanaos di mana bae upami nyambat ka Gusti madep ka ieu dayeuh anu ku Gusti parantos kapilih, madep ka ieu gedong kenging abdi,

35mugi panyambatna didangu, dimakbul ti sawarga, perangna sing unggul.

36Manawi ieu umat gaduh dosa ka Gusti — kawantos taya jalmi anu henteu gaduh dosa — seug upami Gusti bendu dugi ka maranehna diantep kasoran ku musuh sareng diboyong ka nagara sanes, sanaos sakumaha tebihna eta nagara,

37mugi panyambat umat Gusti teh didangu. Manawi di dituna maranehna tarobat sareng sasambat ka Gusti, rarumasaeun kana kalepatan sareng kadorakaanana, nun PANGERAN, mugi panyambatna didangu.

38Manawi di ditu teh maranehna leres-leres tarobat sasambat ka Gusti ngiblat ka tanah ieu anu ku Gusti dipaparinkeun ka karuhun abdi sadaya, ngiblat ka ieu dayeuh anu ku Gusti parantos kapilih, sareng ka ieu gedong kenging abdi ngadegkeun keur salira Gusti,

39mugi panyambatna didangu. Dangu eta umat Gusti teh, pikawelas, hapunten dosa-dosana ti sawarga panglinggihan.

40Ayeuna nun Allah panutan, tingali abdi sadaya, dangukeun panyambat abdi sadaya anu diunjukkeun di dieu.

41Sumangga geura ngadeg nun GUSTI Allah, geura lebet ka ieu gedong sinarengan Peti Perjangjian perlambang kakawasaan Gusti, mangga geura linggih di dieu sapapaosna. Mugi berkahan sagala gawe para imam Gusti. Paparin umat Gusti kabagjaan tawis Gusti teresna ka maranehna.

42Nun GUSTI Allah, mugi raja anu dijenengkeun ku Gusti teh ku Gusti ulah ditampik. Masing emut yen Gusti teh mikaasih ka Daud nu jadi abdi Gusti tea."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  2 Tawarikh 6 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel