Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Timotius 3 >> 

1Inget anaking, dina ahir jaman bakal loba kasukeran.

2Jalma-jalma ngan inget ka diri sorangan bae, sararakah, takabur, garumede, resep ngagogoreng, bahula ka kolot, taya panarima, teu baroga agama;

3taya karunya, taya hampura, resep mitenah, bengis, dedegler, ijid ka jelema hade;

4resep ngahianat, sambarangan, aradigung, ka Allah geus teu nyaraah, leuwih resep senang-senang;

5ngajalankeun agama semet nedunan lahirna, ari kawasana agama teu dipalire. Jelema-jelema kitu jauhan.

6Aya anu nyulusup ka imah batur, mikat awewe hengker anu beurat ku dosa jeung kasalahan sarta diudag-udag ku rupa-rupa kahayang,

7awewe-awewe anu haben bae menta diajar, tapi teu datang ka nyaho kana hal anu bener.

8Eta jelema-jelema teh pikir benerna geus teu jalan, imanna geus runtag, kawas Yanes jeung Yambres anu ngalawan ka Musa tea.

9Tapi kituna teh moal laju deui, kageloanana bakal tereh katara ku sarerea, cara Yanes jeung Yambres.

10Sukur hidep mah geus nuturkeun pangajaran bapa, kalakuan bapa, jeung tujuan hirup bapa. Geus nyaho kana iman bapa, kasabaran bapa, kanyaah bapa, jeung kapengkuhan bapa.

11Geus nenjo bapa dikaniaya, geus nenjo bapa sangsara. Geus nyaho kumaha bapa dikaniaya di Antioki, di Ikonium, jeung di Listra, estu matak ginggiapeun! Tapi Gusti geus ngajait bapa tina eta panganiayaan-panganiayaan.

12Da kitu ari anu merih kana hirup ibadah jeung hayang ngahiji ka Yesus Kristus mah, kabeh ge bakal nandangan panganiayaan.

13Ari anu daroraka, anu marunapek, geus jahat teh bakal beuki jahat, beuki nyasabkeun ka batur, bari dirina sorangan nyasab.

14Hidep mah kudu pangger kana kayaktian beunang diajar tea, sing kukuh percayana, sing inget saha guru-guru hidep.

15Ti bubudak hidep geus nyaho kana Kitab Suci, anu ka hidep mere pangarti, nungtun kana jalan salamet lantaran percaya ka Yesus Kristus.

16Eusi Kitab Suci, sagemblengna wahyu ti Allah, sarta mangpa’at pikeun ngawurukkeun kayaktian, pikeun ngaweweleh anu salah, pikeun ngomean kasalahan, jeung pikeun nungtun kana hirup bener,

17supaya jelema anu ngabdi ka Allah lengkep sampurna kanyahona kana sagala rupa lampah nu hade.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  2 Timotius 3 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel