Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Amos 5 >> 

1Darengekeun eh urang Israil, darengekeun ieu lagu anu ngalengis:

2Parawan Israil geus tibeubeut, hamo menyat deui! Ngajoprak dina taneuh pada ninggalkeun, taya nu ha’at nulungan.

3PANGERAN Nu Maha Agung ngandika, "Hiji kota di Israil ngiangkeun sarebu prajurit, nu bisa mulang ngan saratus. Kota nu hiji deui ngiangkeun saratus, nu bisa mulang ngan sapuluh."

4Dawuhan PANGERAN ka urang Israil, "Hiap ka Kami, tangtu rahayu.

5Lamun rek ngabarakti ulah arindit ka Bersyeba. Mun arek neangan Kami ulah ka Betel, sabab Betel bakal tumpur. Ulah neangan ka Gilgal, sabab urang Gilgal bakal cilaka diboyong."

6Geura datang ka PANGERAN sangkan rahayu. Upama henteu tarobat, tinangtu Mantenna nyamber saperti seuneu ka urang Israil. Seuneu bakal ngaduruk urang Betel, seuneuna moal aya nu bisa mareuman.

7Cilaka maraneh, eh tukang nangtang kaadilan, tukang ngalanggar hak pada jalma!

8PANGERAN ngadamel bentang-bentang, bentang Tujuh jeung Orion. Mantenna ngaganti poek ku caang, ngaganti beurang ku peuting. Mantenna nyaur cai ti laut, dikucurkeun ka daratan. Jenengan Mantenna PANGERAN.

9Mantenna numpes anu karawasa katut pertahananana.

10Maraneh ijid ka sakur anu ngalawan kateuadilan jeung ka nu ngomong saenyana di pangadilan.

11Maraneh ngajepit nu mariskin, ngarampasan gandumna. Ku sabab kitu, maraneh moal bisa nyicingan imah-imah gedong beunang maraneh nyieun. Moal bisa nginum anggur ti kebon anggur beunang maraneh melak.

12Sabab tetela pisan ka Kami dosa maraneh pohara gedena, kajahatan maraneh teu kira-kira. Maraneh nyusahkeun jalma-jalma anu balener. Maraneh resep disogok, sarta nyegah sangkan nu mariskin ulah meunang kaadilan di pangadilan.

13Anu matak, dina jaman anu jahat kawas kitu mah jalma teh leuwih utama lamun cicing.

14Usahakeun migawe nu bener, ulah migawe nu jahat, supaya bisa hirup. Lamun kitu, PANGERAN, Allah Nu Maha Kawasa bakal kersaeun nyarengan, sakumaha pamenta maraneh.

15Kudu ijid kana kajahatan, pikaresep lampah bener, adegkeun kaadilan di pangadilan, malakmandar PANGERAN kersaeun mikawelas ka nu harirup keneh di ieu bangsa.

16PANGERAN Nu Maha Agung jeung Maha Kawasa, nimbalan, "Di unggal jalan di kota, jalma-jalma bakal careurik aluk-alukan. Malah patani-patani ge bakal dicaralukan diajak nyeungceurikan nu geus paraeh, bareng jeung jalma-jalma anu diupah nyeungceurikan.

17Di kebon-kebon anggur ge bakal aya nu maridangdam. Hal eta tangtu kajadian, sabab Kami tangtu datang ngahukum maraneh." Kitu timbalan PANGERAN.

18Cilaka maraneh, ngarep-ngarep kana poena PANGERAN! Da naon pihadeeunana eta poe keur maraneh? Pikeun maraneh mah eta teh poek, lain poe caang.

19Keur maraneh mah ibarat kabur ti singa amprok jeung biruang! Atawa cara nu datang ka imah, barang nyabak tembok, ari cok dipacok oray!

20Poena PANGERAN bakal mawa poek, lain mawa caang, hiji poe mendung, lain poe anu bengras.

21Timbalan PANGERAN, "Kami ijid jeung geus teu tahan pesta-pesta agama maraneh!

22Kami embung nampa kurban beuleuman jeung kurban kadaharan ti maraneh. Kami embung nampa sato-sato beunang ngalintuhan anu ku maraneh dibaktikeun ka Kami.

23Meugeus eureunan nyanyian-nyanyian maraneh anu ngagandengan, sarta Kami teu hayang ngadenge sora kacapi maraneh.

24Sabalikna jalankeun kaadilan lir walungan ngocor, jalankeun kajujuran sing saibarat walungan anu teu saat-saat.

25Eh urang Israil, di jero opat puluh taun Kami nuyun maraneh di gurun keusik, Kami teu menta kurban-kurban, teu menta pangbakti.

26Ayeuna, ku sabab maraneh geus nyarembah ka arca Sakut, dewa anu ku maraneh dijieun raja, jeung ka Kewan dewa bentang maraneh, maraneh bakal ngagogotong eta arca-arca,

27waktu maraneh engke ku Kami dipiceun ka pangbuangan di beulah ditueun Damsik." Kitu dawuhan PANGERAN, anu jenengana-Na Allah Nu Maha Kawasa.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Amos 5 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel