Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Amsal 12 >> 

1Jalma nu boga pangarti mah dibejaan salahna teh atoh. Ngan nu gejul nu embung dibebener mah.

2PANGERAN misuka jelema bener. Ari jelema julig ku Mantenna dihukum.

3Jalma doraka hirupna moal aman. Jalma bener mah reugreug.

4Pamajikan bageur matak reueus matak bungah salaki. Pamajikan nu ngerakeun mah ibarat panyakit dina tulang-tulangna.

5Jalma jujur resep terus terang. Ari tukang cidra mah ngan arek nipu.

6Ucap-ucapan jelema jahat mah nyilakakeun. Sabalikna ucap-ucapan jelema bener mah ngajait nu keur kaancam.

7Jalma jahat baris tumpur jeung moal boga turunan. Ari rumah tangga jelema bener mah tangtu jamuga.

8Anu boga kapinteran tangtu pada ngajenan. Nu bodo mah pada nyapirakeun.

9Mending jadi jelema biasa, dapon wekel kana usaha, ti batan niru-niru menak, tapi hirup seuseut seuat.

10Jelema hade mah rumawat kana pipiaraan. Nu jahat mah telenges kana pipiaraan teh.

11Jurutani anu wekel digawe moal kurang dahareun. Kacida bodona miceunan waktu pikeun hal nu mubadir.

12Jalma jahat ngan nyiar pidorakaeun, ari nu bener mah hirupna teh reugreug.

13Jalma jahat kabeulit ku omonganana keneh. Ari ku nu jujur mah pikasusaheun ge luput.

14Ganjaran teh gumantung kana ucap jeung laku lampah, saimbang jeung pagawean.

15Jalma gejul mah sok ngarasa bener bae. Sabalikna nu wijaksana mah daek narima pituah.

16Lamun jalma palung pundung, sok terus nangarkeun maneh. Ari nu lantip mah tahan ku pangweweleh.

17Lamun maneh nyarita nu saenyana, kaadilan baris jalan. Sabalikna lamun bohong, kaadilan moal jalan.

18Omongan anu teu dipikir heula lir pedang nojos, jero ngaraheutanana. Demi omongan anu make akal budi mah jadi tamba.

19Bohong mah moal tahan lila-lila. Sabalikna nu saestuna mah tagen sapapanjangna.

20Nu ngareka kajahatan, ngareka picilakaeun. Sabalikna anu nyieun pibenereun mah baris pinanggih bagja.

21Jalma ibadah mah moal meunang mamala. Sabalikna jalma jahat tangtu meunang susah.

22PANGERAN ngewa ka tukang bohong, sabalikna misuka ka nu nedunan jangjina.

23Jalma lantip mah tara ieu aing nyaho, sabalikna anu palung mah nembrakkeun kabodoanana.

24Wekel digawe matak boga kawasa. Nu kedul mah paling-paling jadi badega.

25Ku kasusah mah jalma teh leungit kabagjaanana, tapi ku pangbeberah mah kasusahna paler.

26Jalma bener jadi tuduh jalan ka nu sejen, demi nu jahat mah sabalikna, sok nyasabkeun ka batur.

27Anu kedul moal bisa ngahontal udaganana, sabalikna nu rajin mah baris pinanggih jeung bagja.

28Bener teh nungtun kana jalan hirup. Ari kagejulan nungtun kana jalan pipaeheun.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Amsal 12 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel