Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Amsal 13 >> 

1Budak bageur, ari dipapatahan ku bapana teh nurut. Ari nu gede hulu mah dipepelingan teh embung.

2Jalma hade saucap-ucapna nguntungkeun, ari tukang tipu mah malah resep kana kakerasan.

3Ngomong masing ati-ati, hirup kudu dijaga. Nu ngomongna gagabah baris tijungkel.

4Pangedulan sanajan loba kahayang ge moal laksana, sabalikna nu getol, sagala kahayangna tangtu kahontal.

5Jalma jujur ngewa kana bohong, ari nu jahat mah saucap-ucapna teh ngerakeun jeung pikaijideun.

6Kayaktian teh ngaraksa ka nu teu salah. Ari kajahatan mah ngadatangkeun kacilakaan ka nu daroraka.

7Aya nu akon-akon beunghar padahal taya kaboga. Aya oge anu pura-pura miskin padahal beunghar.

8Anu beunghar, duitna teh dipake keur ngajaga kasalametanana. Sabalikna jiwa nu miskin mah moal aya nu ngarah.

9Jelema bener ibarat cahaya ngagebray, jelema jahat mah ibarat lampu melempem rek pareum.

10Sipat angkuh nungtun kana pisusaheun. Jadi jalma mah ulah sungkan menta luang.

11Banda mah beuki gampang dialana, beuki gampang beakna. Beuki wekel ngalana, beuki nambahan lobana.

12Estu nalangsa lamun pangharepan gagal, sabalikna ana kahayang laksana, hate pinuh ku bagja.

13Nolak nasehat, eta teh menta kasusah. Nurut kana nasehat tangtu mulus.

14Piwulang ti nu budiman, ibarat cinyusu ngaburial terus, bisa jadi jalan pisalameteun tina bahaya.

15Akal budi ngajungjung darajat, ari jelema anu sok cidra mah anggur tumpur.

16Jalma anu sehat akal, sagala lampahna dipikir ti samemehna. Ari nu gejul mah sok tuluy nangarkeun kagejulanana.

17Utusan anu teu beunang dipercaya matak nyilakakeun. Utusan anu satuhu mah ngalantarankeun rapih.

18Nu embung diajar bakal malarat tur taya harkat. Nu daek nampa panggeuing mah bakal diajenan.

19Kacida untungna lamun kahayang bisa laksana. Jalma gejul mah arembung babalik pikir.

20Pek nyampur jeung nu pinter, tangtu pinter. Pek babaturan jeung nu garejul, tangtu ancur.

21Di mana-mana ge nu doraka mah dikukuntit ku picilakaeun. Sabalikna nu balener mah baris meunang ganjaran.

22Jalma hade bisa ngawariskeun kakayaanana ka incu-incu. Sabalikna harta banda jelema jahat mah baris ragrag ka jalma anu balener.

23Tanah nganggur bisa ngahasilkeun dahareun pirang-pirang keur nulung anu mariskin. Tapi ku jelema jahat mah dicarek, teu meunang dikebonan.

24Nu tara ngawarah anak tandaning teu nyaah. Mun enya nyaah ka anak tangtu daek ngelingan.

25Jalma bener moal kurang dahareun, sabalikna jalma jahat mah salawasna lapareun bae.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Amsal 13 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel