Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Amsal 17 >> 

1Mending dahar sangu bear tapi hate tengtrem, ti batan kadaharan nu ngareunah di imah anu pinuh ku kasusah.

2Badega anu binangkit bisa ngelehkeun anak dunungan nu tanpa guna. Malah bisa kabagi warisan sagala.

3Emas jeung perak diujina ku seuneu. Ari hate jelema mah diujina ku PANGERAN.

4Jalma jahat ngaguguna kana pikiran jahat, tukang bohong kana bohong.

5Ngulinkeun nu miskin sarua jeung ngulinkeun PANGERAN nu ngadamelna. Ulah atoh nenjo batur nu goreng milik, bisi kahukum.

6Nu geus karolot sok agul ku incu-incu, cara barudak sok agul ku bapana.

7Jelema nu lantip budi nyaritana moal bohong, jeung pamohalan pisan jelema gejul nyarita aya eusina.

8Aya jalma anu nganggap, yen panyogok teh matih, sagala ge ku eta mah leeh.

9Mun hayang dipikaresep, kudu daek ngahampura batur nu salah ka urang. Ngunek-ngunek bae kana kasalahanana mah keur nyobat ge bisa pegat.

10Panegor sakali ge ku jalma berbudi mah leuwih karasaeun mangpa’atna, ti batan jalma bodo digebugan ratusan kali.

11Ka jalma jahat anu salawasna nyieun onar, pati teh datangna lir utusan nu kejem.

12Aya saleuheung amprok jeung biruang anu karampas anakna, ti batan tepung jeung anu burung nu pipikiranana gejul.

13Males goreng ka nu hade, balukarna kagorengan teh bakal nyayang di imah.

14Awal pasendatan, ibarat mimiti bocorna hiji bendungan. Memeh bedah kudu geuwat diomean.

15Nyalahkeun jelema beresih, atawa ngaleupaskeun jelema jahat, duanana ge kaceuceub PANGERAN.

16Ngongkosan nu gejul sangkan dididik euweuh hadena, da puguh teu bogaeun pikiran sehat.

17Sobat salawasna sok nembongkeun kanyaahna. Ari dulur pikeun naon mun lain keur silih tulungan dina kasusah?

18Anu sasanggupanan mangmayarkeun hutang tatangga mah, ngan jelema anu teu boga pikiran.

19Jalma nu resep kana masiat, resep pasea, jalma anu osok nyombong bae, neangan pipaseaeun.

20Gindi pikir jeung goreng biwir, ngan cilaka bagianana, moal meunang kahadean.

21Pikeun nu jadi bapa mah lamun anakna milampah kagejulan, taya lian ti matak nalangsa.

22Gumbira teh matak sehat. Nguluwut bae mah matak gering nangtung.

23Hakim anu piduit, ririkipan daek disogok, kaadilan mah teu dijalankeun.

24Jelema anu asak luangna, nu diulik teh lampah nu bijaksana. Ari anu atah luangna mah sok kumaha bae karepna.

25Anak gejul, ka bapa matak susah, ka indung matak nalangsa.

26Henteu pantes ngadengda jelema anu henteu salah. Henteu pantes ngahukum jelema bageur.

27Jalma nu yakin kana dirina, tara ngomong sagawayah. Jelema bijaksana mah ayem.

28Nu gejul ge ari repeh jeung sungutna kuateun balem mah sok disangka bijaksana.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Amsal 17 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel