Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Amsal 18 >> 

1Jelema nu tara campur jeung batur, sok mentingkeun dirina bae. Kana paham batur, kajeun ceuk nu rea bener, tara satuju.

2Keur nu gejul mah ngarti sukur henteu kajeun. Maksudna ge ngan ukur hayang ngabengbrengkeun kapinteran sorangan.

3Dosa katut wiwirangna rerentetan. Mun harga diri geus leungit, kari hinana.

4Ucap-ucapan jelema bisa jadi hikmah, jero ibarat sagara, seger lir cai walungan.

5Condong ka nu salah jeung teu mere kaadilan ka jelema nu beresih tina kasalahan teh goreng pisan.

6Lamun nu gejul geus mimiti ngasongkeun alesan, eta sarua jeung menta paneunggeul.

7Nu gejul mah ana geus nyarita sok terus ngocoblak, nepi ka karingkus ku ucap-ucapna keneh.

8Aya ku genah ari ngadengekeun upatan! Mun kongang mah mani hayang nyamualkeun.

9Jalma kedul sarua gorengna jeung jelema nu ngaruksak.

10Jenengan PANGERAN lir benteng anu tohaga. Jalma anu ibadah bisa muru ka dinya, tangtu rahayu.

11Ari ceuk pangrasa nu baleunghar, harta bandana teh bisa ngajaga dirina, lir kuta tohaga ngabudeur nagara.

12Ari hayang dihormat kudu rendah hate. Ari angkuh mah baris tijungkel.

13Memeh ngajawab regepkeun heula. Lamun henteu kitu, tetela maneh teh bodo, celaeun.

14Kahayang kana cageur ari keur gering, bisa nunjang kakuatan. Leungit eta, harepan ge musna.

15Jelema pinter mah kana nyiar elmu teh mani nyongsrong tur junun.

16Anjeun rek ngadeuheus ka jelema penting? Bawakeun tanda katineung, moal teu lungsur-langsar.

17Nu nyarita ti heula di pangadilan, memeh lawanna ngabantah mah caritana sok siga enya.

18Lamun dua jalma nu sarua kawasana padu di pangadilan, bisa disapih ku ngalung dadu.

19Kudu nulung ka dulur, engke manehna ngabela ka urang lir kuta anu tohaga ngabenteng nagara. Sabalikna lamun digetrengan, kaanjangan ge embungeun.

20Jamuga moalna urang, gumantung kana omongan sorangan.

21Sabab hirup teh goreng ku omong hade ku omong. Balukar tina omongan urang, nu nanggungna urang-urang keneh.

22Nu boga pamajikan teh estu jelema bagja. Eta teh rahmat PANGERAN.

23Nu malarat mah ngucapkeun pamentana lengas-lengis. Tapi nu beunghar mah ana ngajawab teh ketus.

24Loba sobat nu teu awet, aya oge nu satia leuwih ti dulur sorangan.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Amsal 18 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel