Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Amsal 19 >> 

1Miskin oge ari jujur mah leuheung, ti batan nya gede bohong nya gejul.

2Sumanget ngagegedur ge ari bari jeung euweuh pangarti mah jang naon. Tur ari gurunggusuh teh sok matak nyusahkeun maneh.

3Aya jalma nu cilaka ku lantaran kalakuanana anu bodo, tapi neumbleuhkeun ka PANGERAN.

4Nu beunghar mah babari meunang sobat-sobat anyar. Ari nu malarat mah sobat nu aya ge sok nungtutan areuweuh.

5Ngabohong di pangadilan tinangtu dihukum, hamo bisa luput.

6Sasaha ge ku jelema penting mah hayang kaaku, ku nu balabah hayang dipisobat.

7Keur nu miskin mah boga dulur ge sarua jeung henteu. Komo sobat mah sakumaha hayangna ge moal boga.

8Kudu daek diajar sabisa-bisa, ciri yen nyaah ka diri, seug ingetkeun beubeunangan diajar teh, tangtu bagja.

9Nu ngabohong di pangadilan moal aya anu luput tina hukuman, pasti binasa.

10Nu barodo mah teu pantes hirup mewah. Kitu deui jalma beulian pimanaeun pantes marentah ka pangagung.

11Jalma anu asak sasar mah sok bisa mengkek amarah. Lamun urang digogoreng tapi ku urang teu ditolih, estu mulya kacida.

12Amarah raja ibarat gaurna singa. Sabalikna kurniana mah ibarat hujan beunang hayang.

13Anak bodo bisa matak ancur bapana. Pamajikan nu cerewed ibarat cai nyakclakan teu eureun-eureun.

14Imah jeung harta bisa diwaris ti kolot. Ari nu iasa maparin bojo binangkit mah ngan PANGERAN.

15Rek kedul pek, rek hees bae pek, moal teu kalaparan.

16Turutkeun papagon Allah tangtu maneh panjang umur; mun dilalaworakeun, tangtu maneh paeh.

17Barang bere ka nu miskin ibarat nginjeumkeun ka PANGERAN. Mantenna nu baris ngabalesna.

18Warah anak teh sangkan nurut ti lelembut, diajar ti bubudak. Mun diantep, sasat urang keneh anu nyilakakeun engkena.

19Jalma anu gede ambek mah antep sina ngarasakeun balukarna. Ditulungan sakali engke teh menta deui menta deui.

20Denge nu mere nasehat, sing daek mulungan luang, tangtu baris boga pangabisa.

21Manusa ngareka itu jeung ieu, ari jadi henteuna mah kumaha kersa PANGERAN.

22Jalma hawek mah pikasebeleun. Saleuheung nu miskin ti batan nu gede bohong.

23Masing iman ka PANGERAN sangkan panjang umur, reugreug moal meunang bahla.

24Aya jelema anu ku kedul-kedulna, nepi ka hoream ngahuap.

25Nu angkuh kudu dihukum, geusan pangajaran ka jalma anu teu nyaho pisan ka nu hade. Ku jalma berbudi mah panggeuing teh dijieun piluangeun.

26Anu nganyenyeri ka bapa atawa nundung ka indung, estu jelema doraka, teu boga rasa rumasa.

27Anaking, mun maneh geus embung deui diajar, ka anu geus beunang ti heula ge bakal gancang poho.

28Lamun saksi geus niat rek ngagebruskeun, hamo aya kaadilan. Jelema jahat mah kana kagorengan teh pohara beukina.

29Tukang popoyok mah tangtu meunang hukuman, nu garejul pasti meunang pangrangket.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Amsal 19 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel