Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Amsal 22 >> 

1Lamun kudu milih, mending milih ngaran seungit ti batan milih kabeungharan.

2Nu beunghar jeung nu miskin aya kasaruanana, nya eta duanana oge PANGERAN anu nyiptakeunana.

3Jalma anu surti mah kana pibahlaeun teh awas, seug disingkahan. Ari nu teu boga pikiran mah noyod bae, temahna kaduhung.

4Masing ajrih sarta rendah hate ka PANGERAN, tangtu maneh bisa beunghar, kaajen, jeung umur panjang.

5Betah keneh hirup mah ulah nyorang jalan anu aya balahina, anu sok ngajiret jelema jahat.

6Budak teh papatahan kumaha kuduna hirup, sangkan ingeteun saumur-umur.

7Nu mariskin jaradi badega nu baleunghar, anu nginjeum duit sok jadi budakna anu nginjeumkeun.

8Lamun melak kacurangan, bahla pijadieunana, eureun nindes ka batur ge.

9Kudu berehan, kudu daek mere dahar ka nu kokoro, tangtu baris meunang berkah.

10Anu moyok kudu disingkiran, tangtu moal jadi cekcok silih cental atawa silih poyok.

11Lamun mikaresep kana ati suci tur someah hade basa, tinangtu raja ge misobat.

12Ku jalan ngabolekerkeun omongan tukang bohong, PANGERAN midamel sangkan hal anu sabenerna kapiara.

13Nu kedul mah ngan ulukutek di imah bae, majar teh di luar sieun ditekuk kerud.

14Awewe bangor ibarat senteg. Jalma anu meunang bebendu ti PANGERAN mah tangtu beunang.

15Barudak mah biasa sok bolostrong sologoto. Tapi ari dididik hade-hade mah tangtu ngarti.

16Sering barang kirim ka nu beunghar, atawa ngumpulkeun kabeungharan ku ngagencet nu mariskin, engkena sorangan jadi malarat.

17Regepkeun, kami rek ngajarkeun pituturna jalma-jalma bijaksana. Pek arulik,

18tangtu bagja lamun geus bisa kacekel.

19Ayeuna urang pedar, malak mandar jadi lantaran ngandel ka PANGERAN.

20Eta tilu puluh pitutur ku kami geus dituliskeun jang maraneh, eusina panemu reujeung nasehat anu harade,

21nu bakal nuduhkeun naon saenyana nu disebut bener teh. Engke, ari maraneh ditanya sual eta, bisa mere jawaban anu bener.

22Ulah ngarah untung ti nu mariskin, ulah kena-kena bisa. Ulah meres ka jelema nu taya dayana di pangadilan.

23Karana PANGERAN baris ngabela perkarana, sarta anu nyilakakeunana baris diarah patina.

24Ulah nyobat jeung jelema nu galede ambek, nu kalasar tabeatna,

25bisi ari katepaan hese miceunna deui.

26Ulah sasanggupanan mangmayarkeun hutang batur.

27Bisi ari teu kabayar, barang-barang maneh tepi ka ranjang-ranjang dirampas.

28Ulah ngarobah-robah wawatesan beunang netepkeun karuhun.

29Kungsi maneh manggih jelema anu hade gawena? Jalma kitu henteu pantes aya dina lingkungan jelema biasa, sabab layak aya dina lingkungan raja-raja.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Amsal 22 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel