Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Amsal 23 >> 

1Mun urang pareng dahar jeung jelema penting, kudu inget eta teh saha.

2Najan pohara laparna kudu nyengker maneh.

3Ulah mangpang-meungpeung pedah dahareunana ngareunah, boa teuing eta teh rek ngadoja.

4Ulah nyusahkeun diri tipoporose hayang beunghar.

5Duit mah ku sakilat ge bisa musna, siga nu ngadak-ngadak jangjangan, biur hiber kawas heulang.

6Ulah daek dahar di imah jelema kumed, komo nepi ka makmak-mekmek mah pedah ngarareunah.

7"Mangga sing kenging," carekna, padahal ceuk hatena mah lain kitu. Sikepna piseueuleun.

8Boa-boa sangu nu geus dihuapkeun ge kautahkeun deui. Cumah urang muji-muji oge.

9Ka nu gejul mah ulah pangangguran ngomong nu aya hartina, da moal dihargaan.

10Ulah mindahkeun wawatesan beunang nangtukeun baheula, ulah ngarampas lahan bogana jalma pahatu,

11sabab nya PANGERAN nu bakal ngabelaan, anu baris ngadu perkara jeung maneh.

12Guru teh kudu digugu, regepkeun piwurukna enya-enya.

13Tong asa-asa ngawarah budak, diteunggeul saeutik mah budak teh piraku paeh.

14Neunggeul soteh saenyana mah malah sangkan hirupna karaksa.

15Anaking, mun hidep bijaksana, Bapa teh bungah.

16Tada teuing agulna mun ngadenge ucap-ucapan hidep ngareusi.

17Ulah sirik ku nu marigawe dosa, anggur sing ajrih ka PANGERAN.

18Lamun kitu, hidep nyanghareupan mangsa anu gumilang.

19Dengekeun anaking, masing bijaksana, teuleuman jalan hirup teh.

20Poma ulah pipilueun jeung jalma-jalma anu barareuki teuing anggur, atawa tukang ngadedetan bae beuteung.

21Sabab pamabokan jeung tukang nyatu mah temahna matak malarat. Hirup ngan nyatu jeung hees bae mah alamat rudin ruwang-rawing.

22Sing nurut ka bapa, teu ku bapa mah hidep moal aya. Sing ngajenan ka indung di mana indung geus kolot.

23Bener, hikmah, didikan jeung pangarti, memang mahal pameulina, tapi pohara gede ajenna pikeun hidep upama dijual.

24Jadi bapana jelema bener mah pantes rek ngarasa bagja oge. Anak anu bijaksana, matak agul anu jadi bapa.

25Tarekahan sangkan indung bapa teh agul ku maneh. Senangkeun hate indung teh.

26Lenyepkeun anaking, pek piconto lampah Bapa.

27Awewe palacuran, awewe serong, ibarat senteg nu matak bahla.

28Lampahna kawas garong nu ngadodoho, ngalantarankeun loba lalaki anu henteu saratia.

29(23:29-30) Tembongkeun ka Bapa jalma anu loba teuing nginum inuman keras da hayang ngumbar panglamunan. Ku Bapa rek ditembongkeun kaayaanana anu cilaka jeung nyiksa maneh, salilana ngan nyusahkeun bari humandeuar. Matana beureum getih, awakna aleumeur, tur padahal kituna teh bisa disingkiran ku dirina.

30(23:29)

31Jadi poma hidep ulah kagoda ku anggur inuman, sanajan warnana beureum pikabitaeun, sarta cahayana mani ngenclong, sarta rasana ni’mat ngageleser dina tikoro.

32Ana isukna geus lilir, awak karasa nyareri asa dipacok ku oray matih,

33tetenjoan asa lalewang, teu bisa mikir, ngomong ge asa balelol.

34Rarasaan asa keur di tengah lautan, mabok laut, asa kaapungkeun kana congo tihang layar.

35Heug bae ngacaprak, magar teh, "Aya nu neunggeul ka aing. Aing aya nu neunggeulan, tapi poho deui jelemana. Iraha nya aing rek nyaring teh? Hayang nginum deui."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Amsal 23 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel