Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Amsal 28 >> 

1Nu jahat mah euweuh nu ngudag ge lumpat. Sabalikna jelema jujur mah teuneung cara singa.

2Bangsa baris kuat sarta tahan, lamun para pamingpinna palinter sarta laluhung, tapi bangsa anu dosa mah pamarentahna ngan gunta-ganti bae.

3Mun pangagung ngagencet ka nu balangsak, ibarat hujan gede anu ngaruksak pibuateun.

4Teu malire kana hukum, tanda mihak ka nu jarahat. Sabalikna lamun tunduk kana hukum, tangtu ngalawan ka nu jahat.

5Nu jahat mah teu nyaho di adil. Ari nu ngesto ka PANGERAN mah ngarti enya-enya.

6Malarat oge kajeun asal jujur, ti batan beunghar tapi curang.

7Budak ngora anu tigin kana aturan, cingcirining pinter. Tapi anu nyobat jeung anu baragajul mah tangtu ngerakeun bapana.

8Beunghar ku jalan ngarentenkeun jeung meres, kabeungharanana bakal ragrag ka jelema anu nyaah ka nu miskin.

9Nu teu tunduk kana hukum Allah, panedana oge ku Allah kacida dipikacuana.

10Sing saha nu merdaya jelema jujur sangkan nyieun kajahatan, bakal tigubrag ku kajailanana sorangan. Jalma nu beresih tina kasalahan, tangtu baris diganjar.

11Jalma beunghar sok umangkeuh pinter. Tabeatna kitu teh ku nu miskin tapi pinter mah kama’lum pisan.

12Mun jelema hade unggah nyekel kawasa, jelema-jelema milu suka. Sabalikna lamun nu jahat nyekel kawasa, rahayat teh ngadedempes bae.

13Nu ngabunian dosa, moal jamuga hirupna. Lamun ngaku kana dosana sarta tuluy tobat, tangtu ku Allah dipikawelas.

14Kudu sieun ku PANGERAN sapapanjangna, sangkan bagja, da ari wangkelang mah tangtu cilaka.

15Rahayat miskin moal aya dayana lamun pangerehna jalma jahat. Eta jalma sarua ngabahyakeunana jeung singa nu guar-gaur, atawa biruang nu adar-ider neangan mangsa.

16Pangereh anu teu boga akal sehat sok lalim kabina-bina, tapi pangereh nu mikangewa lampah curang bakal awet marentahna.

17Jalma nu boga dosa maehan, ibarat ngali kuburan gagancangan keur ngaruang maneh. Keun antep.

18Kudu jujur, tangtu hirup salamet, mun teu jujur, pasti tereh tijungkel.

19Jurutani anu rajin moal kakurangan pangan. Jalma anu resep nganggur bakal malarat saumur-umur.

20Jalma jujur tangtu mujur. Ari anu hayang gancang beunghar, mo luput tina hukuman.

21Pilih kasih teh goreng. Tapi sok aya hakim anu teu bener, lantaran kabita ku pangruruba anu teu pira.

22Jalma sarakah mah hayang buru-buru beungharna bae, teu nyahoeun yen dirina baris malarat.

23Terus bae elingan jelema teh, lila-lila ge narima, ti batan dialem-alem.

24Majarkeun teh maling ti kolot mah teu naon-naon. Padahal taya bedana ti bangsat.

25Mentingkeun diri sorangan teh matak pikasusaheun. Kaayaan maneh bakal jadi pohara leuwih hadena upama maneh percaya ka PANGERAN.

26Nurut kana pikiran sorangan bae teh kalangsu. Mun hayang mulus rahayu, piwulang nu palinter teh gugu.

27Mere ka nu kakurangan, maneh moal kakurangan. Lamun maneh pura-pura teu nenjo ka nu balangsak, tangtu pada nyarumpahan.

28Mun jalma jahat unggah nyekel kawasa, rahayat ngadedempes. Mun eta enggeus tiguling, nu balener baris nyarekel deui kawasa.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Amsal 28 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel