Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ayub 1 >> 

1Di tanah Us aya hiji jelema, Ayub jenenganana. Jelema ibadah tuhu ka Allah, temen lempeng hade manah, tata-titi ati-ati, nyingkah tina lampah salah.

2Kagungan putra tujuh pameget, tilu istri.

3Kagungan ingon-ingon domba 7.000, onta 3.000, sapi 1.000, kalde 500. Bujangna mangpirang-pirang. Pangbeungharna di tatar Wetan mah.

4Ari putra-putrana nu pameget damelna curak-curak pepestaan, bagilir di bumina masing-masing silih ondang, tara lali ngajak saderek-saderek nu istri.

5Ari Ayub saban-saban putrana entas pesta, poe isukna pasti gugah subuh-subuh, nyanggakeun kurban, mundut ampun keur putra-putrana. Saban-saban kitu bae, sabab ceuk emutanana bisi aya talajak anak anu nincak dosa, teu kahaja, ngahina ka Allah.

6Hiji mangsa, waktu mahluk-mahluk surga ngadeuheus ka payuneun PANGERAN, di antarana Si Panggoda oge aya.

7Ku PANGERAN dipariksa, "Ari maneh tas naon bae?" Jawab Si Panggoda, "Tas luntang-lantung ngajajah jagat."

8Timbalan PANGERAN, "Nyaho maneh ka abdi Kami nu ngaran Ayub? Di sajagat taya deui nu satia jeung ibadahna cara manehna. Ka Kami estu gumusti, tata titi ati-ati, nyingkah tina lampah salah."

9Si Panggoda ngajawab, "Kumaha lamun teu dibere naon-naon, daekeun gumusti?

10Pan ku Anjeun sakitu dipukpruk-pukprukna sakulawarga, sagala pangabogana dijaga-jaga. Sagala pagaweanana diberkahan, tur dibere ingon-ingon sakitu reana, mani matak heurin sanagara.

11Coba cabut sagala pangabogana, harita keneh ge pasti nyumpahan ka Anjeun."

12Timbalan Allah ka Si Panggoda, "Heug, sagala pangabogana kawasaan ku maneh, asal ulah ganggu ka dirina." Leos Si Panggoda undur ti payuneun Allah.

13Dina hiji poe, waktu putra-putra Ayub keur pesta di nu cikal,

14torojol bujangna mawa beja ka Ayub, "Cilaka Juragan! Waktos bujang-bujang nuju ngawaruluku ku sapi, sareng kalde sadayana nuju nyaratuan di sampalan,

15ujug-ujug diambreg ku urang Syeba. Ingon-ingon diranjah, bujang-bujang tiwas sadayana. Mung abdi anu salamet, ngawartosan ka Juragan."

16Can anggeus ngomongna, torojol deui bujang mawa beja, "Tiwas Juragan! Domba seep, nu ngangonna sadayana tiwas, dibentar gelap. Mung abdi nu salamet, ngawartosan ka Juragan."

17Ieu can anggeus nyarita, datang deui bujang mawa beja, "Aduh Juragan! Onta seep diranjah ku rampog-rampog ti Kasdim dugi ka tilu bubuhan. Bujang-bujang tiwas sadaya. Mung abdi anu salamet, ngawartosan ka Juragan."

18Ieu can anggeus nyarita, geus torojol deui bae bujang mawa beja, "Tobat Juragan! Putra-putra nuju pesta di nu cikal,

19ana gelebug aya topan nebak ti leresan gurun keusik. Gedong ambrug burak-barik, nu di lalebet kitu deui putra-putra sadayana tiwas. Mung abdi anu salamet, ngawartosan ka Juragan."

20Neut Ayub cengkat, seug nyosoeh anggoanana awahing ku remuk nya manah. Rambutna digundulan, bruk meubeutkeun anjeun nyium taneuh.

21Pok ngalahir, "Kami datang ka dunya teu babawaan, mulang ge mo babawaan. PANGERAN anu maparin, ku PANGERAN deui dicandak. Mugi Pajenengana-Na tetep dijungjung."

22Katarajang cilaka sakitu parnana oge imanna mah berekah, henteu nempuhkeun ka Gusti Allah.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ayub 1 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel