Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ayub 22 >> 

1(22:1-2) Elipas: "Na aya jelema, najan anu pangpinterna, anu baris mangpa’at ka Gusti Allah?

2(22:1)

3Upama anjeun bener ge tur hade gawe, keur Mantenna mah naon piuntungeunana, moal matak ngabantu.

4Mana ku Mantenna dilara-lara, diterapan cocoba oge lain ku sabab anjeun ibadah,

5tapi ku sabab geus loba teuing dosa, geus kacida dorakana.

6Ka dulur ge tega ngarampas gadeanana, nepi ka ngarangsadan, nepi ka dulur teu boga keur salin-salin acan.

7Ka nu mopo tara mere nginum-nginum acan, ka nu kalaparan bororaah mere dahar.

8Kalah ka ngarampas tanah, dicokot salegana, ngagunakeun kakawasaan jeung kalungguhan.

9Ka nu geus raranda cadu ngabantu, ka nu yatim tega ngarampog, tur neungteuinganan.

10Atuh pantes ayeuna anjeun dironom bahla, ngadak-ngadak loba kasieun,

11poe jadi poek medem nepi ka anjeun teu bisa nenjo, sarta kalimpudan caah.

12Allah teh jumeneng-Na di nu pangunculna, di manggung, ka bentang-bentang anu sakitu luhurna ge ningali-Na teh bari tungkul.

13Kari-kari ceuk anjeun, ‘Uninga naon Gusti Allah, da Mantenna mah di ditu, kahalangan ku angkeub, mo iasa naon-naon.’

14Anjeun ngira, Mantenna moal ningalieun waktu keur angkat dina pelengkung langit, lantaran kahalangan ku mega.

15Bet kitu pipikiran anjeun mah, dipake nuturkeun jalan nu disorang ku nu jarahat.

16Mungguh nu karitu tea, memeh tepi ka mangsa ge geus palid manten ku caah.

17Moal teu karitu jelema-jelema nu nolak Allah mah, nu teu percaya yen Mantenna kawasa ka manusa.

18Padahal barisana mukti teh ku saha lamun lain ku Gusti Allah. Kuring mah teu ngarti kana pipikiran jelema jahat teh.

19Nu matak pantes, mun aya nu jahat meunang wawales teh. Jelema-jelema anu balener jeung teu baroga salah mah kacida aratoheunana.

20Moal henteu, nu jarahat mah sagala pangabogana baris dibasmi, sesana dihuru nepi ka taya nu kari.

21Anu matak, ayeuna mah sing nurut ka Allah, sing sadrah, ulah ngamusuhan kitu, sangkan ginanjar berkah-Na.

22Turut piwulang-Na, imankeun timbalana-Na, teundeun dina ati sanubari.

23Kudu handap asor rendah hate, tobat ka Allah, eureunan sagala dosa jeung kadorakaan. Sing beresih rumah tangga teh tina sagala masiat.

24Emas-emasan piceunan, nu pangalusna ge tong lebar alung-alungkeun ka leuwi.

25Nu jadi emas perak urang, leuwih mulya batan eta, tur taya wates wangenna, nya Allah Nu Maha Kawasa.

26Lamun kitu, batin anjeun moal weleh ngait ka Allah, da karasa Mantenna teh sumber kabagjaan anjeun.

27Mun sasambat ku Mantenna tangtu diwaler, sarta anjeun baris nekanan panadaran.

28Sagala usaha baris ngajadi, jalan hirup ngabulungbung, caang sagala-galana.

29Jalma anu rendah hate, tangtu diraksa ku Allah, sabalikna ari adigung mah baris digejretkeun.

30Lamun hirup anjeun lempeng sarta satemenna, sarta bener dina sagala tingkah laku, tangtu ku Mantenna dirahayukeun."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ayub 22 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel