Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ayub 27 >> 

1(27:1-2) Ayub: "Kuring sumpah demi jumenenging Allah Nu Maha Kawasa, anu teu adil ka kuring, anu nganalangsakeun hate kuring,

2(27:1)

3yen: Sapanjang Allah maparin keneh ambekan,

4paliyas ieu biwir ngucap goreng, ieu letah moal dibikeun ngabohong.

5Kana pamadegan aranjeun ge pamohalan ngabenerkeun, sarta nepi ka paeh ge keukeuh kuring teu rumasa boga salah.

6Seja kukuh dina cecekelan yen kuring bener, moal robah pipikiran yen yakin kitu.

7Mugia teuing anu ngabararantah ngalawan kuring sing nandangan hukumanana, tong dibedakeun ti nu jahat, ti nu garoreng lampahna.

8Lamun nyawana ku Allah geus dicararabut, cik eta anu marunapek teh rek kumaha!

9Dina waktu maranehna katarajang papait, naha panyambatna bakal didangu ku Allah?

10Keun sina galandrung hararayang meunang kabagjaan ti Allah, sina sasambat ka Mantenna teu eureun-eureun.

11Sugan aranjeun teh kudu dipapatahan ku kuring, diwuruk hal agungna kawasaning Allah, sangkan nyaraho kumaha rarancang Mantenna Nu Maha Kawasa,

12sanajan eta teh kateuteu-ari, da ku aranjeun ge geus karasa. Na ku naon atuh anggur ngocoblak taya hartina?"

13Sopar: "Kieu hukuman ti Anu Maha Kawasa ka nu doraka tur lalim:

14Pek sing laloba anak, tapi anak-anakna kabeh baris paraeh ku perang, incu-incuna karurang dahar.

15Nu barisa keneh hirup baris hus hos ditekukan ku panyakit, ku randana ge moal ieuh diceungceurikan.

16Pek baroga perak mangpeti-peti, papakean sababaraha lamari,

17tapi perakna kapimilikna mah ku nu jalujur, papakeanana dipakena mah ku jalma-jalma anu balageur.

18Imahna nangtungna moal lila-lila, cara ramat lancah, atawa sasaungan tukang tunggu kebon.

19Basa reup mondok mah beunghar, tapi panungtungan, da barang nyaring, kasugihanana geus euweuh.

20Jol balahi narajang, lir caah ngadadak, wanci peuting dirina kapangpengkeun ku angin ribut,

21kabawa kabur ti imahna ku angin ti wetan.

22Sabot roroesan hayang salamet, gebut ku angin dibeubeutkeun taya kawatir.

23Barang keur lumpat, hiuk katebak deui ku angin, ngagelebug matak sieun, matak binasa."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ayub 27 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel