Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ayub 3 >> 

1Tungtungna Ayub nu mimiti buka soara, nyumpahan poe wedalna, saurna,

2(3:2-3) "Ya Allah, mugi la’nat poe wewedalan abdi, mugi la’nat wengian abdi dicipta.

3(3:2)

4Eta poe jadikeun poek, ya Allah. Tong diemut-emut deui tong disinaran ku caang deui.

5Sina medem sing ngajumbleng, dingdingan ku mendung hideung, ulah kasorot sang surya.

6Wengi eta dudut ti jero taun, tong dietang-etang deui,

7jieun wengi anu suwung, tuna tina kabungahan.

8Timbalkeun ka tukang tenung, nu tiasa ngagendam ka Lewiatan, sina nyapa eta poe,

9sina nyandet sinar bentang timur, sangkan eta wengi ulah katumbu balebat.

10Sing disapa eta wengi anu ngantep abdi dijurukeun, nepi ka abdi ayeuna nandang panyiksa.

11Mun antep abdi teh kapungkur teu dijurukeun, atanapi antepkeun burusut tuluy.

12Keur naon abdi kapungkur dilalahun ku indung? Keur naon kapungkur disusuan ku anjeunna?

13Mun harita teras maot, ayeuna kantun genahna,

14genah mondok, lir raja sareng pangagung, anu nembe rengse ngadegkeun deui karaton-karatonna jaman baheula.

15Tibra mondok, lir para pangeran, nu tas ngeusian gedongna ku emas perak,

16henteu usik-usik, lir orok udul.

17Di jero kubur mah, nu jahat eureun ngajahat, nu cape gawe, reureuh tina gawena.

18Sakitan-sakitan ge di dinya mah ayem-tengtrem, teu nguping anu sesentak reujeung hahaok.

19Di dinya mah mulya hina sami bae, budak beulian ge bebas merdeka.

20Kanggo naon Si Nalangsa dihirupan? Kanggo naon Si Prihatin dicaangan?

21Balik pepeh nunggu paeh, ajalna teu datang-datang. Nu kitu mah sono keneh ka kuburan batan kana pependeman.

22Nu kitu mah nembe senang mun hos paeh, rup ku padung rap ku lemah, nembe genah.

23Nu kitu mah hirupna ku Allah dikepung sakurilingna, mangsa pikahareupeunana ku Allah disamunikeun.

24Mungguh abdi boro-boro bisa neda, balas rumahuh, humarurung udah-aduh.

25Nu dipikasieun nampeu, nu dipikahariwang datang.

26Hayang tengtrem teu tiasa, hayang genah teu tiasa, lara teu aya sudana."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ayub 3 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel