Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ayub 30 >> 

1Na ari ayeuna, ku nu leuwih ngarora ge diseungseurikeun. Bet inget ka kolot-kolotna, kabeh jalma tanpa guna. Leuheung keneh anjing kuring, aya-aya gawena purah ngajaga domba.

2Naon maranehna mah, jelema ge ruruntukna, diarah tanagana bororaah, kacida halengkerna.

3Ku miskin-miskinna, ku lapar-laparna, akar-akar garing ge disaregetan, ti peuting, di tengah tegal gundil,

4nyarabutan tutuwuhan tegal, diharakan ka akar-akar tangkal nu euweuh rasana.

5Ku itu ku ieu dibuburak, dieuah-euah kawas ka bangsat.

6Hareesna di nu nyangkeredong-nyangkeredong, atawa ngalaliang dina lamping karang,

7tingsalegor kawas sato bae badis, bacacar di handapeun rurungkunan.

8Manusa piceuneun wungkul, teu paruguh indung bapana, dibuburak ti jero lembur.

9Eta nu karitu patut, ayeuna mah ka kuring nyeungseurikeun mani nganggap bodor.

10Bangun kacida sarebeleunana. Tapi ceuk pangrasana mah sakitu teh bageur teuing, da nepi ka nyariduhan kana beungeut.

11Meureun meungpeung kuring ku Allah dikieu-kieu, nya geus teu walakaya, nya geus beak araheunana, maranehna sakama-kama mupuas ka kuring.

12Seug eta gorombolan teh narajang, ngabeberik teu eureun-eureun,

13maregatan arek mergasa, taya nu ngahalang-halang.

14Maranehna ambreg kana lombang pertahanan kuring, ditenjragan nepi ka runtuh.

15Cindekna kuring teh eleh, sieunna kabina-bina, beak wawanen kapupul bayu. Asal mukti geus burindil, lir mega kasapu angin.

16Ayeuna mah kari nunggu-nunggu ajal taya harepan kana menyat deui.

17Ari peuting karasa satulang-tulang nyareri, mani asa dikerikan teu eureun-eureun.

18Sabot kitu, beuheung baju ku Allah ditongtak, tuluy dipuril-puril,

19terus kuring dibalangkeun ka nu jeblog, taya bedana ti miceun runtah.

20Ka Allah abdi ngagero, nanging teu diwaro. Ka Gusti abdi jumerit, nanging teu ditolih.

21Gusti bengis liwat saking, nyiksa pupuasan.

22Ku Gusti diapung-apung, atuh kabantun ku angin, dibuntang-banting ku topan.

23Teu sak deui, tangtos bade dicabut nya umur, bade ditotogkeun ka kubur, pangbalikan sarerea.

24Na ku naon dugi ka nyiksa ka nu parantos teu walakaya, anu parantos teu tiasa naon-naon, kajabi ti neda dipikarunya.

25Padahal abdi kapungkur, ka nu prihatin sok ngiring sedih, ka nu tunggara ngiring sungkawa.

26Nu diteda, bagja katut jamugana, nu katampi, papait sareng balai.

27Awak bejad, dijejewet ku karisi jeung kanyeri, nu kapeleng mung wungkul pisangsaraeun.

28Titingalan parantos paroek, gegerungan menta tulung, sasambat ka nu araya, nanging lapur taya anu ngalilipur.

29Sora abdi matak ngarakacak hate kawas sora babaungna ajag atawa jeritna manuk onta di tempat sepi tur suwung.

30Kulit jadi hideung, awak nyongkab muriang.

31Kapungkur mah sok nguping lalaguan nu gumbira ayeuna mung bati lumengis midangdam.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ayub 30 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel