Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ayub 32 >> 

1Anu tiluan balem bae teu kersaeun ngawaler, lantaran Ayub ngaraos kacida yakinna yen anjeunna bener.

2Tapi kasauran aranjeunna teh aya anu ngabandungan di dinya, nya eta Elihu putra Barakel, urang Bus ti kaom Ram. Anjeunna panas manahna ka Ayub anu neugtreug tur sakitu suabanana ka Allah.

3Ka sobat-sobat Ayub anu tiluan oge jengkeleun pisan dumeh beunang kapeupeuh ku Ayub, siga pisan dina eta perkara teh memang Allah anu lepat.

4Tadi, ku sabab rumaos panganomna, nyabar-nyabar anjeun bae, ngadago seepna kasauran anu geus sarepuh.

5Barang anu tiluan tea teu ariasaeun ngawaler, Elihu teu tahan deui,

6pok bae misaur, "Sim kuring rumasa ngora keneh, paralun kumawantun ka nu geus sarepuh, teu wantun milu ngedalkeun kereteg hate.

7Ceuk emutan, keun Bapa-bapa bae anu cacarios, kawantu sepuh-sepuh mah tangtos luhung panemuna.

8Nanging sanaos kitu, luhung teh kapan ku kersaning Roh Allah Nu Maha Kawasa.

9Jalmi jadina pinter atanapi terang kana bebeneran teh sanes ku dumeh kakolotanana.

10Ku kituna darangukeun, sim kuring seja mihatur.

11Waktos Bapa-bapa sasauran, sim kuring anteng ngabandungan, seja mulungan pituah-pituahna anu marunel.

12Dibandungan ti awitna, Bapa-bapa sidik gagal, kawon ku ucap-ucapan Ayub.

13Atuh naon tawisna, majar Bapa-bapa parantos seueur elmu panemu teh? Ku sabab Bapa-bapa parantos kawon, tangtos mung Allah nu iasa ngawaler ka Ayub.

14Memang Ayub sasauranana teh ka Bapa-bapa, lain ka sim kuring. Sim kuring seja mangjawabkeun, tapi moal nganggo jalan mamanahan Bapa-bapa.

15Ayub! Aranjeunna parantos kawon, teu ariasaeun deui ngawalon.

16Ningal nu parantos bungkem, naha pantes sim kuring cicing-cicing bae? Aranjeunna kalah ka tingharuleng, seepeun pisaureun.

17Kari sim kuring anu kedah nyarita, kedah ngajawab, ngedalkeun kereteg hate.

18Sim kuring geus meh teu kuat, hayang buru-buru kedal, piomongeun parantos teu bisa dipondah.

19Lamun nepi ka teu bisa dikedalkeun, tangtu mudal bedah sorangan, lir kirbat anu pinuh ku anggur anyar.

20Teu tahan, kudu dibudalkeun.

21Tapi teu pisan-pisan rek mihak, moal ngugung ka itu, moal ngugung ka ieu.

22Ongkoh teu tiasa ngugung-ngugung teh, malah mun nepi ka ngugung-ngugung, muga ulah jamuga ti Allah.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ayub 32 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel