Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ayub 36 >> 

1Saur Elihu deui,

2"Sabar heula sakedap, dangukeun deui pihatur sim kuring, kalayan pajenengan Allah.

3Pangarti sim kuring teh mahi, ayeuna rek digunakeun, rek dipake nembongkeun yen Allah anu ngajadikeun sim kuring teh estu bener.

4Sim kuring sanes rek ngabobodo. Ieu anu dipayunan teh jalmi cekap bijaksana.

5Allah teh maha perkasa! Tapi ka jalma teu mandang rendah. Tur keur Mantenna mah taya hal nu teu kahartos.

6Mantenna tara ngantep jalma jahat nanjung. Sabalikna anu sangsara mah dibela.

7Anu balener dijaga diraksa, sina sajajar jeung raja-raja, sina mulya salalawasna.

8Jelema nu dirante, tur sangsara ku pamolahna,

9ku Mantenna dibere terang, yen kituna teh ku karana dosana jeung adigungna.

10Ti dinya digeuing dipepelingan sangkan babalik pikir.

11Anu narurut sarta ngabakti ka Allah, hirupna mukti santosa.

12Sabalikna mun ngabaha eta teh tetela bodo, sabab tangtu cilaka tigebrus ka jero kubur.

13Mungguh nu henteu malire ka Allah, angger bae murka, dihukum ge pamohalan sasambat ka Allah.

14Ngora-ngora keneh jiwana geus paeh, ruksak ku laku hirupna nu nista.

15Manusa ku Allah sok dipeperih, dipaparin kasukeran, eta maksad-Na ngawulang sangkan areling.

16Bapa ge geus tangtu baris dijait, dipaparin deui kabagjaan, hirup mo aya kakurang.

17Hukuman anu keur karandapan, eta teh balukarna tina lalampahan.

18Atos-atos, najan lara ulah dugi ka sasar ucap, ulah nepi ka ngaco ku beuratna sarat.

19Menta tulung nepi ka jejeritan ge, meak-meakkeun tanaga, moal aya tulungna.

20Peuting tong diarep-arep datang, sa’at pimusnaeunana bangsa-bangsa.

21Atos-atos, ulah malikan deui dosa. Kapan nu matak Bapa nandangan lara oge, maksad-Na sangkan ulah dugi ka kitu.

22Sing emut, Allah teh Maha Kawasa, Allah teh Guru Nu Agung, guru urang sarerea.

23Moal aya nu bisa nguah-ngieuh ka Mantenna kudu kitu kudu kieu, atawa nyela dadamelana-Na.

24Sagala damel-Na salawasna layak dimulyakeun. Bapa oge kudu ngamulyakeun.

25Sagala tapak damel-Na eces ebreh ka sarerea, tapi saurang ge moal aya nu ngaharti.

26Kaagungana-Na lain jugjug-jugjugeun, kitu deui lawasna Mantenna jumeneng, lain taksir-taksireun.

27Nya Allah nu nyaabkeun cai tina beungeut bumi, lajeng dikucurkeun deui ngajadi hujan.

28Hujan ngucur tina mega mendung, jadi rahmat ka sakabeh manusa.

29Saurang taya terang jalanna mega di awang-awang, kumaha jadina gelap ngabeledag di langit, panglinggihan Allah.

30Kilat sina patingburinyay di angkasa, ari di dasar sagara angger-angger poek ngajumbleng.

31Kitu Mantenna ngayakeun jalan geusan ngabayuan manusa, keur nyayagikeun dahareunana kalawan taya kakurang.

32Kilat ditewakan, digenggem, lajeng ditimbalan sangkan nyamber titik tujuan.

33Lamun gelap ngabeledag, ciciren topan rek datang, dalah sasatoan oge nyaho yen eta teh tandaning topan rek ngamuk.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ayub 36 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel