Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ayub 37 >> 

1Ari aya topan teh sim kuring mah nepi ka sok ratug angen.

2Sorana ngagelebug asal tina baham Allah. Darangukeun! Eta teh gentra Mantenna.

3Jorelat kilat meulah langit, ti tungtung jagat ka tungtung jagat.

4Beledag sorana, gelap ngampar handaruan, eta teh gentraning Allah, bareng jeung kilat patingburinyay.

5Kalawan timbalan Allah, seug aya nu matak helok, anu aheng henteu kahontal ku akal.

6Kalawan timbalana-Na, salju murubut kana taneuh, hujan gede abreg-abregan.

7Pagawean manusa kabeh katunda, ku Allah dipegat, sabab Mantenna rek mintonkeun damel-Na anu rongkah.

8Margasatwa marubus kana liang atawa guhana.

9Ti kidul datang angin topan, ti kaler datang hawa anu kacida matak tirisna.

10Cai karimpel katiup ku hawa napasing Allah, tuluy padet ngajadi es.

11Kerelep kilat ngaburinyay ti jero mega,

12tingjorelat, jalanna nurutkeun timbalan Allah, tunduk kana parentah-Na, sarapat-serepet ka sakuliah jagat.

13Allah nurunkeun hujan ka bumi, bisa matak bahla, keur hukuman ka manusa, bisa jadi rahmat, keur nandakeun kurnia-Na.

14Lenyepkeun, bandungan, Pa Ayub! Manahan eta padamelan Allah nu araheng tea.

15Kumaha Bapa uninga petaning Allah midamel jeung nimbalan kilat sina ngaburinyay ti jero mega?

16Kumaha Bapa uninga kaajaiban anu dipidamel ku Allah, sangkan mega patingkalayang di awang-awang?

17Moal, moal uninga. Ukur bisa ngarasa panasna ngaheab, ana eta mega ngareueukan bumi lantaran katebak angin ti kidul.

18Sanggup Bapa mantuan Allah mentangkeun langit, nepi ka kuatna lir logam beunang ngecor?

19Cik sim kuring papatahan, kumaha pokna ari nyanggem ka Allah! Da pikiran urang teh kosong molongpong, moal bisa gunem catur jeung Mantenna.

20Paliyas sim kuring mah nyuhunkeun widi cumarita ka Mantenna, kuriak salah tuluy katulah.

21Ayeuna cahaya langit keur bengras, kacida matak serabna kana panon langit lenglang beresih, mega disapu ku bayu.

22Breh ebreh di beulah kaler cahaya burahay lir emas. Saestuna kamulyaan Allah teh matak ajrih.

23Sakitu rosana kawasaning Allah, ku urang hamo kasungsi. Ka manusa sipat wijaksana tur adil.

24Pantes saban jalma mikagimir ka Mantenna. Ka nu boga angkeuh pinter Mantenna teu pisan nganggap."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ayub 37 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel