Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ayub 4 >> 

1(4:1-2) Elipas: "Ki Sobat! Punten nya, tong ngambek, kuring ayeuna seja nyarita. Geus teu kuat ngabetem salila-lila.

2(4:1)

3Anjeun teh tukang wuwuruk, tukang nyangkeh leungeun-leungeun nu ngaraplek,

4purah ngeumbing nu tiguling, purah nuyun nu ngudupruk, ngabeberah nu laleuseuh jeung sarusah.

5Ayeuna Ki Sobat pisan ngalaman katerap lara, bet aral nandanganana.

6Ongkoh Ki Sobat ibadah, taya cawadeun nya lampah. Atuh tong aral subaha, tarimakeun masing pasrah.

7Kudu ngeunteung ka nu enggeus-enggeus, na aya jalma ibadah nandang cilaka?

8Ana kapanggih ku kuring, pangna jelema meunang cilaka reujeung sangsara, lantaran geus melak dosa, tandur binih kajahatan.

9Atuh tangtu Allah bendu, tangtu narajang lir topan, jalma nu kitu digempur.

10Nu jarahat tinggalaur, tingharegem cara singa, tapi jep ku Allah dibungkem nepi ka jempling, sihungna beak dipingges-pinggeskeun.

11Lir singa taya mamangsan, maranehna tarariwas, anak-anakna paburencay.

12Kungsi kuring meunangkeun hiji harewos pituah, pohara launna mehmehan henteu kadenge.

13Karasana asa eukeur ngimpi goreng ngaganggu keur hees tibra.

14Kuring mani ka ngeleper, gumeter, sakujur awak ngadegdeg bawaning ku sieun.

15Hiliwir aya angin kana beungeut, kuring sumiak muringkak, sabulu-bulu muriding.

16Breh teh ningali nu ngabelegedeg di hareupeun, dihantem diawas-awas, weleh teu nyaho eta teh naon. Ana ngong aya soara, datangna ti alam jempling.

17Pokna, ‘Taya jalma nu bener payuneun Allah. Taya jalma nu beresih di payuneun Nu nyiptana.

18Sadalah abdi-abdi Allah di sawarga, ku Allah taya anu dipercaya. Malah para malaikat, ku Mantenna kapendak aya cacadna.

19Kumaha pamikir Ki Sobat, na Mantenna rek percaya ka mahluk nu asal tina taneuh lempung, anu asal tina kebul, tur baris ajur lebur lir dihakanan ku geget?

20Manusa mah, isuk-isuk jagjag waringkas, ari sorena kelepek paeh teu kanyahoan.

21Sagala nu ngancik dina dirina, les musna tanpa karana. Nepi ka paehna ge tetep henteu nyaho naon-naon.’


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ayub 4 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel