Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ayub 5 >> 

1Ki Sobat! Aya kira-kirana nu bisa ngajawab kana hal eta? Mangga calukan. Atawa, aya kira-kirana malaikat nu bisa dipentaan mangjawabkeun?

2Aral ku diri, hayang paeh awahing ku jengkel-jengkelna, eta mah nya bodo nya tanpa guna.

3Kuring geus manggih aya nu garejul nararanjung, tapi harita keneh ge tempat tinggalna ku kuring disapa.

4Anak-anakna teu jaramuga, di pangadilan teu aya nu ngabela.

5Beubeunangan panenna, malah gandum nu di rungkun ge bakal ledis ku nu kalaparan. Kakayaanana dipikasirik ku nu aus kana harta. Harta bandana wungkul keur teureuyeun batur.

6Piraku atuh kajahatan bijil ti jero taneuh, piraku kasusah bijil ti jero bumi onaman.

7Lain, lain ti dinya. Manusa cilaka teh ku polahna keneh bae, cara silalatu mararetel tina seuneu.

8Mun kuring jadi anjeun, pasti nyaluuh ka Allah, rek balaka sumeja sadaya-daya.

9Sabab sugri damel-Na anu araheng ku urang hamo kaharti, sagala mujijat-Na teu aya wates wangenna.

10Mantenna nurunkeun hujan, tanah-tanah jeung tegalan disiram.

11Ku Allah mah nu laip dijait, nu tagiwur dililipur.

12(5:12-13) Mantenna ngagagalkeun rarancang jalma lalicik ngajiret anu palinter ku rarancangna sorangan nepi ka sagala usahana taya hasilna.

13(5:12)

14Pikeun anu kararitu, cacakan wanci manceran, nepikeun ka talag-tolog lir ti peuting.

15Balikanan nu mariskin, ku Mantenna dijagi ti baya pati, nu kakurangan, diraksa tina paneungteuinganan.

16Nu malarat, ku Mantenna dibeberah, anu jarahat dibungkem, henteu bisa kecat-kecet.

17Jalma anu dipeperih ku Allah mah bagja! Anu matak ulah aral lamun disandangan lara.

18Mun Mantenna ngaraheutan, Mantenna keneh nu ngalandongan. Upama Mantenna neunggeul, Mantenna keneh nu ngusapan.

19Saban wanci urang dijagi tina balai,

20usum kalaparan, moal paeh kalaparan, usum perang moal paeh ku perang.

21Ti nu linyok ti nu bohong, urang teh diaping-aping, dijauhkeun tina sagala bancang pakewuh.

22Ancaman lapar, ancaman kakerasan, ku urang diseungseurikeun; ku sato galak ge teu sieun.

23Waktu eukeur ngawuluku, taneuh riduh euweuh batu, tur teu kudu hariwang ku sato galak.

24Ana keur reureuh di saung, senang teu aya kabingung, ret nenjo ka ingon-ingon, gede hate da aman taya bahaya.

25Anak incu mani reuay, turunan geus teu kabilang, tanding jukut di sampalan.

26Hirup seubeuh panjang umur, nepikeun ka aki-aki, mun pare mah tepi ka koneng, nepi ka mangsa dipanen.

27Tah kitu saderek Ayub, kitu pamanggih ti kuring, beunang lila diajar tina luang anu kaalaman. Pek nyanggakeun, mugi-mugi katarima."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ayub 5 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel