Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ayub 6 >> 

1(6:1-2) Ayub: "Duka lara diri kuring, mun ditimbang ku taraju,

2(6:1)

3beurat alah batan keusik sapanjang basisir. Piraku henteu kama’lum, lamun kuring tadi kalepasan omong.

4Awak katiir jamparing Allah Nu Maha Kawasa, peurahna nyaksrak saluar awak. Diri diambreg ku sagala pirentageun anu diatur ku Allah.

5Kalde, ari keur ngagabres jukut tara hohoang, sapi, najan nyatuan jukut garing tara emoh-emohan.

6Tapi cik, saha nu beuki kadaharan anu hambar teu diuyahan? Naon ngeunahna endog bobodasna wungkul?

7Dahareun jiga kitu, kuring mah henteu hayang-hayang acan, didahar ge kalah ka sebel.

8Ku naon atuh pamenta kuring ku Allah henteu dikabul? Ku naon atuh panyambat kuring henteu didangu?

9Kahayang teh bek bae kuring ku Mantenna paehan.

10Lamun bek mah ku Mantenna dipaehan, meureun emprak awahing ku atoh-atohna, keun bae nyerina mah moal dirasa. Da nyaho Allah mah suci, sagala timbalana-Na ku kuring hamo dilawan.

11Naon nya tanaga nu matak kuring hirup bae teh? Keur naon dihirupan ge, ari euweuh arep-arepeunana deui mah?

12Na diri kuring teh tina batu, awak kuring teh tina tambaga?

13Kuring geus teu daya teu upaya, tapi ka saha nya menta tulung, ka ditu suwung ka dieu suwung.

14Waktu keur sangsara kieu, boh ninggalkeun Allah, boh henteu, kuring teh butuh sobat sajati.

15Ari heug aranjeun mah, anu majar nyobat, bet lain puntanganeun, jeg walungan keur katiga mani ngoletrak.

16Jeg walungan anu katutup ku es jeung salju,

17ari geus kapanasan bet ngadak-ngadak saat, dasarna mani ngoletrak.

18Kapilah bati kokolopokan neangan cai, ubak-ubek di gurun keusik nepi ka paraeh pating golepak.

19Kapilah ti Syeba reujeung ti Tema, gura-giru maruru eta walungan.

20Ari datang les musna harepanana, nempo walungan garing ngoletrak.

21Tah aranjeun ka kuring ge jeg walungan siga kitu, nenjo nasib kuring kieu teh ngajenghok sieun.

22Na kuring bieu ka anjeun teh pepentaan? Atawa menta dipangnyogokkeun si Anu?

23Atawa menta dibela sangkan rahayu, boh ti musuh, boh ti jalma anu telenges?

24Pek, kuring papatahan, tuduhkeun naon kasalahanana, kuring rek cicing, rek ngaregepkeun.

25Omongan anu ihlas mah matak sugema. Tapi eta anu keur diomongkeun ku anjeun teh omong kosong.

26Omongan kuring ku anjeun dianggap angin, tapi ari kuring humandeuar bet ditempas!

27Balikanan anjeun, ka budak pahatu ge tega ngalotrekeun nasibna ku ngalung dadu. Malah ka sobat dalit ge tega meres keneh bae, da hayang beunghar.

28Bisi pajarkeun bohong, yeuh teuteup beungeut kuring.

29Geus kacida ngalanturna omongan anjeun teh. Meujeuhna eureun tina micatur anu teu bener. Ari ieu bet kuring nu disalahkeun, padahal kuring nu bener.

30Tapi kitu tea bae, ceuk pamikir anjeun mah keukeuh kuring nu teu bener, keukeuh nyangka yen kuring teu nyaho bener jeung salah.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ayub 6 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel