Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Bilangan 2 >> 

1PANGERAN ngandika deui ka Musa jeung Harun hal aturan kieu:

2Urang Israil kudu diatur masang pakemahanana. Unggal jelema kudu nurutkeun umbul-umbul pasukan jeung bandera kaomna masing-masing. Pakemahanana kudu dipasang sakurilingeun Kemah Tepangan.

3(2:3-9) Pakemahan pasukan umbul-umbul Yuda di beulah wetan, sapasukan-sapasukan katut kapalana masing-masing nya eta: Kaom-Kapala-Jumlah Prajurit; Yuda-Nahson bin Aminadab-74.600 urang; Isaskar-Netanel bin Suar-54.400 urang; Sebulun-Eliab bin Helon-57.400 urang; Jumlah=186.400 urang. Lamun maju, balad Yuda anu pangheulana.

4(2:3)

5(2:3)

6(2:3)

7(2:3)

8(2:3)

9(2:3)

10(2:10-16) Pakemahan pasukan umbul-umbul Rubin di beulah kidul, sapasukan-sapasukan katut kapalana masing-masing nya eta: Kaom-Kapala-Jumlah Prajurit; Rubin-Elisur bin Sedeur-46.500 urang; Simeon-Selumiel bin Surisaday-59.300 urang; Gad-Elisap bin Rehuel-45.650 urang; Jumlah=151.450 urang. Lamun maju, balad Rubin kudu kadua.

11(2:10)

12(2:10)

13(2:10)

14(2:10)

15(2:10)

16(2:10)

17Ti dinya, antara pasukan balad kahiji jeung kadua, nya eta aleutan kaom Lewi anu ngagotong Kemah Tepangan. Unggal pasukan balad barisna kudu nurutkeun aturan pasukan anu diatur di pasanggrahan katut umbul-umbul masing-masing.

18(2:18-24) Pakemahan pasukan umbul-umbul Epraim di beulah kulon, sapasukan-sapasukan katut kapalana masing-masing nya eta: Kaom-Kapala-Jumlah Prajurit; Epraim-Elisama bin Amihud-40.500 urang; Menase-Gamaliel bin Pedasur-32.200 urang; Binyamin-Abidan bin Gidoni-35.400 urang; Jumlah=108.100 urang. Balad Epraim majuna katilu.

19(2:18)

20(2:18)

21(2:18)

22(2:18)

23(2:18)

24(2:18)

25(2:25-31) Pakemahan pasukan umbul-umbul Dan di beulah kaler, sapasukan-sapasukan katut kapalana masing-masing nya eta: Kaom-Kapala-Jumlah Prajurit; Dan-Ahieser bin Amisaday-62.700 urang; Aser-Pegiel bin Okran-41.500 urang; Naptali-Ahira bin Enan-53.400 urang; Jumlah=157.600 urang. Pasukan balad Dan majuna pangpandeurina.

26(2:25)

27(2:25)

28(2:25)

29(2:25)

30(2:25)

31(2:25)

32Jumlah urang Israil anu asup kana daptar pasukan-pasukan nurutkeun rombonganana masing-masing aya 603.550 urang.

33Kaom Lewi henteu diasupkeun ka dinya, sakumaha timbalan PANGERAN ka Musa.

34Sagala timbalan PANGERAN ka Musa ku urang Israil dijalankeun. Masanggrahanana, majuna, kabeh nurutkeun umbul-umbul masing-masing, sapasukanana-sapasukanana.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Bilangan 2 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel