Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Bilangan 27 >> 

1Aya hiji jalma lalaki, ngaranna Selopehad bin Heper, turunan Yusup. Jujutan silsilahna ti luhur kieu: Yusup, Menase, Mahir, Gilad, Heper, Selopehad. Manehna boga anak awewe ngaranna Ahla, Noa, Hogla, Milka, jeung Tirsa. Eta anak-anakna teh

2ngadareuheus ka Musa, Imam Elasar, para kapala, jeung ka sakumna bangsa Israil, di gapura Kemah PANGERAN. Arunjukan kieu,

3"Pun bapa parantos tiwas di tanah gurun, henteu gaduh anak lalaki. Dupi tiwasna henteu bareng sareng anu marilu ka Korah anu ngalawan ka PANGERAN, tiwasna ku margi dosana bae.

4Ku naon ngaran pun bapa kedah leungit ti Israil mung ku karana teu gaduh anak lalaki? Atuh abdi-abdi oge paparin tanah milik sapertos wargi-wargi pun bapa anu sanesna."

5Eta perkara ku Musa disanggakeun ka PANGERAN.

6Ari timbalan PANGERAN ka anjeunna,

7"Pamenta anak-anak Selopehad layak. Pek bere tanah milik saperti baraya-baraya bapana nu lian. Pusaka pikeun bapana wariskeun ka maranehna.

8Jeung umumkeun ka jalma rea yen upama bapa paeh teu ninggalan anak lalaki, tanah milikna kudu diwariskeun ka anakna anu awewe.

9Upama anak awewe ge teu boga, wariskeun ka dulurna nu lalaki.

10Upama teu boga dulur lalaki, kudu diwariskeun ka dulur-dulur lalaki bapana.

11Upama bapana teu bogaeun dulur lalaki, sarta paman oge henteu boga, kudu diwariskeun ka baraya pangdeukeutna, sina jadi hak milikna. Ieu aturan sahkeun, sarta kudu digarumatikeun ku urang Israil. Kitu diaturna ku Kami, PANGERAN."

12PANGERAN ngandika deui ka Musa, "Maneh kudu unggah ka Gunung Abarim. Awas-awas ti dinya tanah anu ku Kami rek dibikeun ka urang Israil teh.

13Upama eta enggeus ka tenjo, maneh ku Kami bakal dipundut sakumaha Harun lanceuk maneh,

14lantaran maraneh basa keur di tanah gurun Sin kungsi ngalawan ka Kami. Harita, basa sakumna bangsa Israil gegelendeng ka Kami di Meriba, maneh henteu ngajalankeun sakumaha timbalan Kami, teu nembongkeun pangawasa Kami anu suci ka maranehna." (Meriba teh hiji cinyusu di Kades, di tanah gurun Sin.)

15Musa nyanggakeun panuhun,

16"Nun GUSTI Allah, Sumber hirupna sugri anu kumelip, mugi nuduhkeun keur gegentosna anu bakal nungtun urang Israil,

17anu bakal ngapalaan dina perang, supados umat Gusti ulah dugi ka sapertos domba teu aya nu ngangon."

18Timbalan PANGERAN ka Musa, "Yosua bin Nun layak pikeun ngaganti. Tumpangkeun leungeun maneh kana sirahna

19hareupeun Imam Elasar, kasaksian ku sapakumpulan. Tuluy umumkeun di dinya yen manehna pikeun gaganti maneh.

20Sawatara kakawasaan maneh turunkeun ka manehna supaya urang Israil tunduk kana parentahna.

21Pikeun nganyahokeun naon-naon pangersa Kami, Yosua kudu gumantung ka Imam Elasar, anu baris nanyakeun ka Kami make Urim jeung Tumim. Ku hal eta Elasar kudu nuduhan Yosua dina sagala urusan perkara urang Israil umumna."

22Sakumaha timbalan PANGERAN ku Musa dilaksanakeun. Yosua dicandak sina nangtung payuneun Imam Elasar kasaksian ku sakumna bangsa Israil,

23seug ku anjeunna ditumpangan panangan sarta diumumkeun yen bakal jadi gaganti anjeunna, sakumaha timbalan PANGERAN tea.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Bilangan 27 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel