Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Bilangan 5 >> 

1PANGERAN ngandika deui ka Musa,

2"Parentahkeun ka urang Israil supaya jelema anu boga kasakit lepra atawa kasakit bengang, atawa anu antel kana bangke, kudu dikaluarkeun ti pasanggrahan.

3Sakur anu kaayaanana najis saperti kitu sina kaluar, supaya ieu pasanggrahan tempat Kami di maraneh ulah kanajisan."

4Urang Israil narurut, sakur anu kaayaanana najis dikaluarkeun ti pasanggrahan.

5PANGERAN maparinkeun ieu aturan ka Musa,

6pikeun urang Israil: Lamun aya anu henteu satia ka PANGERAN lantaran ngarugikeun batur,

7kudu ngaku kana kasalahanana sarta karugian baturna tea kudu dibayarkeun deui sajenisna ditambah saperlimana.

8Upama baturna tea geus maot tur teu aya baraya deukeutna, duit pamayar karugian teh kudu diserenkeun ka PANGERAN pikeun imam. Kajaba ti eta kudu ditambah ku domba jalu pikeun upacara mupus kasalahanana.

9Naon bae pangbakti urang Israil ka PANGERAN anu diserenkeun ka imam, eta keur imam.

10Jadi sagala pangbakti anu diserenkeun ka imam, keur imam.

11PANGERAN ngandika deui ka Musa,

12(5:12-14) maparinkeun ieu aturan keur urang Israil: Bisa jadi aya salaki anu curiga ka pamajikanana. Nyangka pamajikanana serong jeung geus nganajiskeun diri jinah jeung lalaki sejen. Tapi teu bisa mastikeun, lantaran kalakuan pamajikanana tea rikip tur teu aya saksi, sarta henteu kaperego. Atawa hiji salaki teu pupuguh timburuan ka pamajikanana, padahal pamajikanana teh teu serong teu naon.

13(5:12)

14(5:12)

15Dina hal saperti kitu, eta salaki kudu mawa pamajikanana ka imam bari mawa tipung tarigu sakilo pikeun kurban, tipungna ulah dikucuran minyak jetun jeung ulah diteundeunan dupa, sabab eta mah kurban ti hiji salaki anu timburuan, pikeun ngabuktikeun hal anu sabenerna.

16Awewena ku imam kudu dibawa ka hareupeun altar sina nangtung di dinya.

17Imam kudu nyicikeun cai suci kana hiji paso, cemplungan taneuh sacolek tina dasar Kemah supaya jadi pait.

18Udar buuk eta awewe ku imam sina ngarumbay, tipung kurban tea sina dicekel ku leungeunna. Paso eusi cai anu geus jadi pait jeung geus ngandung panyapa, cekel ku imam.

19Geus kitu awewena sina ngaregepkeun ucapan anu diikrarkeun ku imam, anu kieu pokpokanana, "Lamun maneh henteu jinah, panyapa anu dikandung ku ieu cai suci moal teurak ka maneh.

20Sabalikna lamun maneh jinah,

21demi kersaning PANGERAN, maneh masing jadi sasapaan di antara umat Mantenna. Ieu cai sing matak bareuh beuteung, sing matak murungkut puhu pingping.

22Ieu cai masing muhit dina peujit, sing ngabareuhkeun beuteung, sing murungkutkeun puhu pingping maneh." Awewe tea kudu ngahaminan, "Amin, demi PANGERAN, sing kabuktian."

23Geus kitu eta panyapa teh ku imam kudu dituliskeun, tuluy kucekkeun kana cai pait tea.

24Samemeh eta cai suci diinumkeun ka eta awewe, anu bisa jadi bakal nimbulkeun kanyeri luar biasa,

25tipung pikurbaneun anu dicekel ku eta awewe tea cokot ku imam, tuluy unjukkeun ka PANGERAN, teundeun dina altar.

26Cokot sakeupeul terus beuleum di dinya, tanda yen enggeus dikurbankeun. Geus kitu awewe teh sina nginum eta cai panyapa.

27Upama enya manehna jinah, bakal ngarasa nyeri luar biasa, beuteungna jadi bareuh, puhu pingpingna jadi murungkut. Ngaranna bakal jadi sasapaan di kalangan bangsana.

28Tapi saupama manehna taya dosana, moal kua-kieu sarta bakal bisa boga anak.

29(5:29-30) Kitu pikukuhna upama aya salaki nu curiga jeung timburuan, nyangka pamajikanana geus jinah. Awewena sina nangtung hareupeun altar, imam ngajalankeun upacarana.

30(5:29)

31Ari salakina mah henteu kabawa salah. Sabalikna pamajikanana, lamun enya salah, kitu pitemaheunana.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Bilangan 5 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel