Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Bilangan 9 >> 

1Dina bulan kahiji taun kadua ti barang urang Israil budal ti Mesir, PANGERAN ngandika ka Musa di Gurun Keusik Sinai. Pangandika-Na,

2(9:2-3) "Dina tanggal opat welas bulan ieu, sasurupna panonpoe, sakumna bangsa Israil kudu ngalakonan Paska, prakprakanana kudu nurutkeun aturan jeung pikukuhna."

3(9:2)

4Seug Musa marentahkeun sangkan urang Israil ngalakonan Paska.

5Tuluy ku maranehna dilampahkeun di Gurun Keusik Sinai dina tanggal opat welas bulan kahiji, sasurupna panonpoe. Sagala rupa timbalan PANGERAN ka Musa ditarurut.

6Aya sawatara jelema anu kanajisan lantaran nyabak mayit, jadi henteu meunang marilu ngalakonan Paska. Seug ngadareuheus ka Musa jeung Harun

7sarta arunjukan, "Nun, abdi-abdi teh keur kanajisan, nyabak mayit. Nanging piraku dugi ka teu kenging ngiring nyanggakeun kurban ka PANGERAN sapertos nu sanes?"

8Waler Musa, "Ke heulaanan urang taroskeun ku bapa ka PANGERAN."

9PANGERAN nimbalan ka Musa,

10pikeun urang Israil, timbalana-Na, "Sing saha bae, maraneh atawa anak incu, anu keur kanajisan lantaran nyabak mayit, atawa keur di satengahing perjalanan jauh, lamun hayang ngalakonan Paska,

11meunang, tapi kudu sabulan sanggeusna, nya eta dina maleman tanggal opat welas bulan kadua, pabuburit. Pek lampahkeun dina waktu eta, dahar domba Paska jeung roti teu diragi jeung lalab pait.

12Dahareunana teu meunang aya anu disesakeun nepi ka poe isukna, sarta tulang-tulangna ulah aya anu dipotongkeun. Ngalakonan Paska kudu nurutkeun sakabeh pikukuhna.

13Sabalikna, sing saha anu henteu keur kanajisan, atawa keur henteu di satengahing perjalanan, heug henteu ngalakonan Paska, moal diaku deui umat Kami, sabab henteu ngahaturkeun kurban ka Kami, padahal enggeus waktuna. Eta kitu teh dosa sarta bakal aya balukarna.

14Saupama aya jelema lain urang Israil anu cicing di Israil hayang milu ngalakonan Paska, meunang, sarta prakprakanana kudu luyu jeung aturan katut pikukuhna. Sabab aturanana teh pikeun sakabeh jelema boh pribumi boh lain pribumi."

15(9:15-16) Sanggeus Kemah PANGERAN beres diadegkeun, dina poeanana keneh aya mega turun nyimbutan eta Kemah. Ari ti peuting eta mega teh siga hurung kawas seuneu, kitu bae salawasna.

16(9:15)

17Lamun eta mega unggah, eta tanda yen urang Israil kudu bobongkar pasanggrahan pikeun pindah tempat nuturkeun eta mega, di mana turunna di dinya masanggrahanana.

18Boh bobongkarna boh masanggrahanana deui salawasna kudu kalawan timbalan PANGERAN. Sapanjang eta mega nyimbutan keneh Kemah PANGERAN, pasanggrahan urang Israil kudu tetep di tempatna.

19Lamun mega tea unggah tapi tetep ngagantung luhureun Kemah PANGERAN sawatara lilana, urang Israil kudu tetep ngajaraga kawajibanana ka PANGERAN, acan prak parindah.

20Tempo-tempo eta mega teh ngagantungna di luhureun eta Kemah ngan sababaraha poe bae. Sajeroning kitu urang Israil teh naha kudu pindah atawa henteu, kudu kumaha timbalan PANGERAN.

21Sakapeung eta mega teh aya di luhureun Kemah Suci ngan ti sareupna nepi ka isuk, terus unggah, sarta urang Israil kudu pindah harita keneh. Iraha bae eta mega unggahna, urang Israil kudu terus pindah.

22Ari eta mega tacan unggah mah sarta tetep keneh ngagantung luhureun Kemah Suci, naha dua poe, naha sabulan, atawa sataun atawa leuwih, maranehna tetep bae di tempatna. Pindah-pindah lamun eta mega geus unggah.

23Masanggrahanana jeung arinditna ti pasanggrahan teh nurutkeun sakumaha timbalan PANGERAN ka Musa tea.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Bilangan 9 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel