Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Daniel 2 >> 

1Dina kadua taunna Nebukadnesar jumeneng raja, anjeunna ngimpen. Impenanana ngabarubahkeun manahna, nepi ka teu iasa kulem deui.

2Ku sabab kitu tuluy anjeunna manggil tukang-tukang ngaramal, dukun-dukun, tukang-tukang jampe, jeung tukang-tukang sihir, sina nerangkeun impenanana. Sanggeus maranehna karumpul di payuneun raja,

3raja ngandika, "Kami teu garenah hate ku impian. Kami hayang nyaho pihartieunana."

4Wangsul maranehna, dina basa Aram, "Mugia Kangjeng Raja wilujeng sapapaosna! Sumangga impenan teh dawuhkeun, pihartoseunana bade diterangkeun."

5Dawuhan raja, "Pakarepan kami, maraneh lain ngan kudu nerangkeun pihartieunana, tapi kudu jeung bari neguh impianana. Lamun teu barisa, awak maraneh baris diteukteukan sabagian-sabagian, sarta imah maraneh dirubuh-rubuhkeun.

6Sabalikna lamun bisa neguh eta impian, jeung nerangkeun naon hartina, ku kami tangtu diganjar, nya barang, nya kahormatan. Pek impianana caritakeun, tuluy terangkeun hartina."

7Ari warangsulna, "Sadaya-daya, upami Gusti nyaurkeun impenanana, abdi sadaya sanggem nerangkeunana."

8Dawuhan raja, "Bener bae sakumaha pangira kami, maraneh rek ngulur waktu, lantaran ngarasa

9bakal narima hukuman anu sarua lamun teu bisa nerangkeun. Tangtuna ge maraneh baris sapongkol ngarang-ngarang pihartieunana, ngabobodo ka kami, reujeung harepan sangkan kami ngarobah putusan. Sebutkeun heula impianana, kakara kami percaya yen maraneh bisa nerangkeun pihartieunana."

10Eta para jurunasehat ngawangsul deui, "Dawuh timbalan, di sadunya moal aya nu tiasa ngunjukkeun perkawis sarupi kitu ka linggih Gusti. Teu acan aya raja, dalah anu pangagungna sareng pangkawasana oge, anu kitu pamundutna ka tukang-tukang torahna, atanapi ka dukun-dukunna kitu deui ka tukang-tukang sihirna.

11Anu dipundut ku Gusti teh abot teuing, dugi ka moal aya nu tiasa nyubadanan kajabi ti dewa-dewa. Nanging dewa-dewa mah cicingna sanes di manusa."

12Raja ngagidir awahing ku wera, tuluy nimbalan, supaya sakabeh jurunasehat nu aya di Babul dipaehan.

13Parentah ngahukum dikaluarkeun, supaya eta jelema-jelema diparaehan, kaasup oge Daniel jeung rencang-rencangna.

14Ari Daniel tuluy nepangan Ariok, pamingpin pangawal raja, anu dipiwarang ngalaksanakeun hukuman tea. Kalawan ati-ati pisan anjeunna naroskeun ka Ariok,

15naon sababna sang raja ngaluarkeun parentah anu sakitu kerasna. Ku Ariok dibejakeun hal ihwalna.

16Harita keneh Daniel ngadeuheus ka raja, mundut heula waktu pikeun ngamanah-manah pihartieun impenan raja. Ku raja kawidian.

17Geus kitu Daniel mulih, wawartos ka Hananya, Misael jeung Asaria.

18Anjeunna ngajak neneda ka Allah nu di sawarga, nyuhunkeun sih kurnia-Na, nyuhunkeun diterangkeun perkara impenan raja, sangkan ulah milu dipaehan jeung para jurunasehat urang Babul tea.

19Peuting eta keneh eta kagaiban impenan raja teh kabuka ku Daniel, dina hiji titingalian. Seug anjeunna muji ka Allah nu disawarga:

20"Maha bijaksana Allah, maha kawasa. Puji sapapanjangna.

21Mantenna ngatur waktu, ngolah mangsa. Mantenna ngadegkeun raja, Mantenna nu ngarurudna. Nya Mantenna anu maparin hikmat jeung pangarti.

22Mantenna ngebrehkeun nu jero-jero, nu gaib-gaib. Tingali ka nu nyamuni di nu poek, tur Mantenna ku anjeun kaliputan ku cahya.

23Puji sukur ti abdi, nun Allahna karuhun abdi, wireh abdi dipaparinan hikmat katut kakiatan, reh panuhun abdi dikabul, diebrehan perkawis anu kedah diunjukkeun ka raja."

24Daniel nepangan deui Ariok, anu ku raja dipapancenan ngalaksanakeun hukuman ka para ahli tea. Saurna, "Para ahli teh ulah waka dipaehan. Deuheuskeun abdi ka raja, bade ngunjukkeun perkawis impenanana."

25Harita keneh Daniel ku Ariok dideuheuskeun ka Raja Nebukadnesar. Piunjuk Ariok ka raja, "Abdi sumeja nyanggakeun hiji jalmi tawanan bangsa Yahudi, anu sanggem nerangkeun impenan Sang Raja."

26Raja mariksa ka Daniel, nu dilandi Beltesasar tea, saurna, "Nyaho maneh impian kami sarta jeung nerangkeun hartina?"

27Daniel ngawangsul, "Kangjeng Raja, kana perkawis eta, moal aya tukang sihir, jurutenung, dukun, atanapi ahli palak anu tiasa nerangkeun.

28Nanging di sawarga aya nu jumeneng Allah, anu kawasa muka nu gaib-gaib, Mantenna parantos nembongkeun ka Kangjeng Raja perkawis engke ka payun. Ayeuna impenan Gusti, anu katingali nalika keur kulem, ku abdi sumeja disanggemkeun.

29Salebeting kulem, Kangjeng Raja ngimpen perkawis engke ka payun. Allah, anu muka rasiah nu gaib-gaib, ka Gusti parantos mintonkeun nu baris kajadian ka payun.

30Ayeuna eta rasiah teh parantos diebrehkeun ka abdi. Sanes ku margi abdi pinter ngungkulan nu lian, nanging supados Gusti uninga kana hartosna eta impenan, sareng supados ngahartos kana pikiran-pikiran anu dongkap ka Gusti.

31Kangjeng Raja, Gusti ngimpen ningali hiji arca raksasa, herang gugurilapan, nanging bangunna pikasieuneun.

32Sirahna tina emas murni, dada sareng leungeunna tina perak. Cangkeng sareng bobokongna tina tambaga,

33pingpingna tina beusi, sukuna sapalih tina beusi, sapalih tina taneuh liket.

34Sabot Gusti neuteup eta arca, aya batu ageung anu bongkar tina hiji gunung karang, padahal teu aya anu noel-noel acan, teras ngagulundung neumbrag kana suku arca anu tina beusi sareng taneuh liket tea dugi ka remuk.

35Sapada harita keneh eta arca ngarempeyek, beusina, taneuh liketna, tambagana, perakna sareng emasna bareng ancur, bubuk lembut sapertos kekebul di tempat pangirikan di musim halodo, lajeng katiup angin, beresih teu aya urut-urutna. Dupi batu tea wuwuh ageung, dugi ka ngajadi gunung sareng minuhan bumi sakuliahna.

36Kitu impenanana. Ayeuna abdi sumeja ngahaturkeun pihartoseunana.

37Kangjeng Raja, Gusti teh raja anu pangagungna ti sadaya raja-raja. Ku Allah anu jumeneng di sawarga parantos dijenengkeun raja, dipaparin kakawasaan, kagagahan, sareng kahormatan.

38Ku Mantenna dikersakeun murba ka sakuliah bumi katut nu nyicinganana, sarta murba ka sasatoan sareng manuk-manuk ka Gusti sami taraluk. Sirah anu tina emas teh nya Gusti ku anjeun.

39Sapandeurieun Gusti, pingadegeun hiji karajaan, kirang mulyana ti karajaan Gusti. Sapandeurieun eta, aya deui karajaan katilu, anu dilambangkeun tambaga, anu bakal ngawasaan sakuriling bumi.

40Saparantos eta, aya karajaan anu kaopat, anu kakiatanana lir teuasna beusi. Sakumaha beusi kiat ngaremukkeun sareng ngancurkeun saniskanten, eta karajaan oge bakal ngaremukkeun sareng ngancurkeun karajaan-karajaan anu ti payun-payun tea.

41Katingali oge ku Gusti, sukuna sareng ramo-ramona sabagian tina taneuh liket, sabagian deui tina beusi. Ieu hartosna, eta karajaan teh kabagi-bagi. Eta karajaan gaduh oge kakiatan sapertos beusi, margi taneuh liket teh pacampur sareng beusi.

42Ramo-ramona sapalih beusi sapalih taneuh liket, nawiskeun eta karajaan teh sabagian kiat, sabagian deui lemah.

43Katingali ku Gusti beusi campur sareng taneuh liket. Ieu nawiskeun para pangereh eta karajaan ihtiar ngahijikeun warga-wargana ku jalan kawin campur pacorok jodo, nanging teu tiasa raket, sakumaha beusi moal tiasa dalit sareng taneuh liket.

44Nalika eta karajaan-karajaan tea ngadeg, Allah anu jumeneng di sawarga ngadegkeun hiji karajaan anu moal aya tungtungna, moal aya nu tiasa ngelehkeun, malah bakal numpes numpurkeun karajaan-karajaan anu tadi tea sadayana, lajeng ngadeg salalanggengna.

45Perkawis eta, kaimpenkeunana ku Gusti aya batu ngagulundung, anu bongkar tina gunung karang kalayan teu aya anu noel-noel acan, teras neumbrag eta arca tina beusi, tambaga, taneuh liket, perak sareng emas. Allah anu agung parantos mintonkeun ka Gusti, hiji perkawis nu baris kajadian ka payun. Kitu kaulanun, impenan Gusti, sareng kitu pihartoseunana."

46Bruk Raja Nebukadnesar sujud ka Daniel. Ti dinya lajeng marentah, sangkan Daniel dibaktian ku kurban-kurban jeung rupa-rupa pangbakti.

47Geus kitu sasauran ka Daniel, "Allah anjeun pangagungna ti sakabeh allah, Gustining raja-raja, hiji-hijina Allah anu iasa muka anu gaib-gaib. Kami yakin kana eta perkara, sabab anjeun geus bisa nerangkeun sakabeh rasiah hal-hal anu gaib."

48Ti dinya Daniel dipaparin hiji kalungguhan luhur, kitu deui dipaparin ganjaran, barang-barang nu arendah, dipaparin cangkingan di propinsi Babul tur dijadikeun kapala sakabeh jurunasehat raja.

49Tapi kalawan pamundut Daniel, eta kalungguhan pikeun nyekel pamarentahan propinsi Babul teh ku raja dicangkingkeun ka Sadrah, Mesah, jeung Abednego. Ari Daniel ku anjeun, tetep nyepeng kalungguhan di karaton raja.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Daniel 2 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel