Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Daniel 5 >> 

1Dina hiji peuting, Raja Belsyasar ngayakeun pesta gede, ngondangan sarebu gegeden. Para ondangan ngarinum anggur.

2Sabot ngarinum, Belsyasar miwarang ngaluar-luarkeun mangkok-mangkok jeung cangkir-cangkir emas, anu ku Nebukadnesar, ramana, dijabel ti Bait Allah di Yerusalem tea. Maksudna rek dipake ngaleueut ku anjeunna, ku para gegedenna, ku istri-istrina, jeung ku selir-selirna.

3Harita keneh mangkok-mangkok jeung cangkir-cangkir emas teh dikaluarkeun, tuluy diparake nginum anggur,

4bari muji dewa-dewana anu tina emas, perak, tambaga, beusi, kayu, jeung batu.

5Dak-dumadak aya leungeun jelema, sabeulah, sarta nulis dina bilik karaton lebah nu pangkasorotna ku lampu-lampu. Ku raja eta leungeun sabeulah teh katingalieun.

6Tuluy rarayna sepa, tuurna nyorodcod awahing ku sumeblak manahna.

7Tuluy ngagorowok ngagentraan jalma, miwarang ngadeuheuskeun juru-juru tenung, tukang-tukang sihir jeung ahli-ahli palak. Sanggeus jaronghok, sang raja ngandika, "Sing saha anu bisa maca eta tulisan reujeung mere pihartieunana, ku kami rek dipakeanan raksukan wungu, beuheungna dikongkorongan kongkorong emas tanda kahormatan, sarta dijieun kawasa katilu di karajaan."

8Tuluy eta juru-juru nasehat teh maju, tapi saurang ge teu aya nu bisa maca eta tulisan, komo ngahartikeunana.

9Raja Belsyasar beuki sepa awahing ku geumpeur. Para gegeden teu barisa majar kumaha.

10Ngadangu recok-recokna raja jeung para gegeden, ibuna raja lebet ka tempat pesta. Tuluy ngalahir, "Mugia Raja wilujeng sapapanjangna! Teu kedah geumpeur sumeblak dugi ka sepa kitu.

11Di ieu karajaan aya hiji jalma anu kalinggihan ku roh dewa-dewa saruci. Nalika rama suwargi jumeneng keneh eta jalma parantos nyata caang pikir, rea katerang, ngagaduhan hikmat sapertos hikmatna para dewa. Ku tuang rama, Raja Nebukadnesar, dugi ka dijadikeun pamingpin juru-juru ramal, juru-juru tenung, tukang-tukang sihir, sareng ahli-ahli palak.

12Kamampuhna, luar biasa, bijaksana sareng gaduh kaahlian napsirkeun impian, ahli mecahkeun sual-sual muskil, ahli ngahartikeun anu gaib-gaib. Wastana Daniel, ku tuang rama dilandi Beltesasar. Mangga saur, hamo gagal, tangtos tiasaeun ngahaturkeun pihartoseun eta tulisan."

13Harita keneh Daniel dideuheuskeun. Ngandika raja ka anjeunna, "Maneh Daniel teh, urang Yahudi anu ditawan ka dieu ku rama kami ti nagri Yuda?

14Kami aya anu ngabejaan yen maneh kalinggihan ku roh dewa-dewa saruci, boga kaahlian, boga pangarti jeung hikmat.

15Kami geus ngadatangkeun juru-juru nasehat jeung tukang-tukang sihir, sina maca eta tulisan, jeung nerangkeun hartina. Tapi teu barisaeun mecahkeun.

16Ceuk nu nyarita, maneh bisa nyungsi harti nu samuni, nyingkabkeun nu gaib-gaib. Upama maneh bisa maca eta jeung nerangkeun hartina, baris dipakeanan jubah wungu karajaan, beuheung dikongkorongan ku kongkorong emas tanda kahormatan, jeung dijieun kawasa katilu di ieu karajaan."

17Daniel ngawaler, "Kangjeng Raja teu kedah maparin ganjaran, atanapi ganjaranana lelerkeun ka anu sanes. Sumangga abdi sumeja maca eta tulisan, sareng nerangkeun hartosna.

18Rama Gusti, Nebukadnesar, ku Allah Nu Maha Agung dipaparin kahormatan sareng kamulyaan.

19Kalintang agungna, dugi ka jalmi-jalmi, sagala bangsa, seler bangsa sareng basa-basa, sadayana gimir sareng gumeter. Upami saurna paehan eta jalma, nya dipaehan. Upami saurna hirupan, nya dihirupan. Kawasa ngajungjung sareng ngahandapkeun saha bae kumaha kersana.

20Nanging, ku margi jadi ngunculkeun anjeun, heuras manah sareng lalim, anjeunna digulingkeun tina tahtana, dileungitkeun kaagunganana.

21Anjeunna diusir ti kalangan hirup manusa, sarta emutanana barobah, jadi teu benten ti adat sato, campur sareng kalde alas, tuang jukut sapertos sapi. Kulemna diluar di nu ngabuliklak, salirana teu kahalangan tina kaibunan. Ahirna anjeunna ngangken, yen Allah Nu Maha Agung murba kawasa ka sadaya karajaan manusa, sarta kawasa nyelehkeunana ka saha bae kersa-Na.

22Dupi Gusti, nu jadi putrana, tur uninga kana eta perkawis sadaya, Gusti henteu ngarendahkeun salira.

23Gusti parantos ngaluluhuran ka Gustining Sawarga, ngakutan mangkok-mangkok sareng cangkir-cangkir anu asal ti Bait Mantenna. Sang Raja ku anjeun, para gegeden, garwa-garwa, parekan-parekan, ngaraleueut anggur nganggo eta parabot, bari muji dewa-dewa tina emas, perak, tambaga, beusi, kayu sareng batu, dewa-dewa anu teu tiasa ningal teu tiasa ngareungeu, sareng teu terang naon-naon. Dupi ka Allah, anu iasa nangtoskeun hirup sareng pati Kangjeng Raja henteu hormat.

24Nya ku margi kitu, Allah ngadatangkeun eta leungeun sina nyerat dina tembok.

25Eta seratan teh ungelna: ‘Mene, mene, takel, uparsin.’ Hartosna: Diitung, diitung, ditimbang, dibagi.

26Maksadna diitung: Allah parantos ngetang umur karajaan Gusti, tetela parantos meujeuhna ditigas.

27Maksadna ditimbang: Gusti parantos ditimbang dina timbangan, kabuktosan hampang pisan.

28Maksadna dibagi: Karajaan Gusti parantos dipecah dua, dipaparinkeun ka bangsa Media sareng Persia."

29Harita keneh Belsyasar nimbalan ka ponggawa-ponggawa, seug Daniel dianggoan jubah wungu karajaan, dianggoan kongkorong emas tanda kahormatan, sarta diangkat jadi kawasa katilu di karajaan.

30Tapi peuting eta keneh pisan Belsyasar raja Babul teh ditelasan.

31Karajaanana dijabel ku Darius ti Media. Harita Darius yuswana geus genep puluh dua taun.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Daniel 5 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel