Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ester 2 >> 

1Sanggeus benduna leler, raja ngejelengut ngemut-ngemut talajakna Wasti jeung kana putusan anjeunna hal Wasti tea.

2Juru-juru nasehatna maparin bongbolongan, "Saena Sang Raja milarian deui piprameswarieun, seueur parawan-parawan anu gareulis.

3Sae upami di unggal propinsi di sakuliah karajaan, Sang Raja ngangkat tukang milarianana. Sakur-sakur anu gareulis kedah dikintun ka Susan, kangge eusi tempat selir-selir, dibawah panalingaan Hagai, anu ngurus istri-istri kalangenan Raja. Salajengna kedah dirawat kageulisanana.

4Sang Raja kantun milih mana anu pangkamanahna, kangge dijenengkeun prameswari gegentos Wasti." Eta nasehat ku raja kamanah sarta tuluy dilampahkeun.

5Di ibu kota Susan aya hiji urang Yahudi, ngaranna Mordekai, anak Yair ti kaom Binyamin, turunan Kis jeung Simei.

6Tadina asal kaboyong, bareng jeung boyongan-boyongan anu lianna. Kaboyongna keur jaman Raja Nebukadnesar jadi raja Babul, ngaboyong Raja Yoyakin raja nagara Yuda, ti Yerusalem.

7Mordekai boga alo awewe ngaranna Ester, ngaran Ibranina mah Hadasa. Ku sabab geus teu indung teu bapa, ku Mordekai diaku anak. Ester rupana geulis, pangawakanana hade.

8Di antara parawan-parawan anu dibawa ka Susan keur nedunan parentah anyar ti raja tea, Ester ge kaasup. Dipernahkeun di lingkungan karaton, ditalingakeun ku Hagai purah ngurus selir-selir tea.

9Hagai kacida katajina ku Ester, atuh pohara mikanyaahna. Ngarawatna leuwih enya-enya, taya waktu kapiceun dipake ngurut jeung ngatur daharna. Kamarna dibere nu pangalusna, malah dibere mojang petingan ti karaton tujuh urang, purah ngalalayanan.

10Memeh eta Ester ku Mordekai geus diomat-omatan ulah bebeja yen urang Yahudi.

11Unggal poe Mordekai sok ngalanglangan, mundar-mandir di latar tempat selir-selir, hayangeun nyaho Ester salamet henteuna, jeung arek dikumahakeun.

12Geusan ngarawat parawan-parawan tea lilana sataun. Diurut ku minyak emur genep bulan, ku minyak seuseungitan lianna genep bulan. Anggeus eta, mojang-mojang teh bagilir saurang-saurang dideuheuskeun ka raja.

13Dina jungna ka karaton, nyi parawan meunang barang pake nu kumaha bae.

14Asupna ka karaton kudu wanci burit, kaluarna poe isukna, tuluy dibawa ka imah nu hiji deui, tempat para selir raja, anu dibawah panalingaan Saasgas, tukang ngajaga selir-selir raja. Tara marek-marek deui kajaba lamun raja mikapalay, kakara disaur sanggeus disebut ngaranna.

15Datang giliran Ester dideuheuskeun ka raja. Ester, putra Abihail, alo Mordekai anu terus diangken putra teh mani matak bengong sarerea. Dangdosna henteu mundut itu ieu, estu tumut sakumaha saur Hagai tea bae nu ngurusna.

16Ari dideuheuskeunana Ester ka Raja Ahasweros di karaton teh, nya eta dina katujuh taunna anjeunna jadi raja, dina bulan Tebet, bulan nu kasapuluh.

17Barang beh katingali, raja joljol kataji, leuwih ti batan ku mojang-mojang sejenna. Meunangna katresnan sang raja teh leuwih ti anu lianna. Rap diterapan makuta, diangkat jadi prameswari gegentos Wasti.

18Tuluy raja ngayakeun pesta, mestakeun Ester, ngondangan para gegeden jeung para pajabat. Sakuliah karajaan dibebaskeun tina pajeg, sarta raja ngabagi-bagikeun hadiah anu marahal, sakumaha layakna hadiah ti raja.

19Harita Mordekai teh ku raja geus dipaparin hiji jabatan.

20Ari Ester tetep pageuh ngarasiahkeun asal-usulna. Pesen Mordekai yen hal eta ulah nepi ka aya nu nyaho teh diestokeun pisan, ngestona ka Mordekai teh estu teu beda ti keur alitna keneh.

21Sajeroning Mordekai nyekel tugas di karaton, aya dua ponggawa purah jaga lawang kamar raja, nya eta Bigtan jeung Teres. Maranehna pohara ngarasa tugenahna ku Raja Ahasweros, nepi ka sakait rek nelasan raja.

22Ku Mordekai diwartoskeun ka Ratu Ester, anu terus ngunjukkeun eta hal anu kapendak ku Mordekai ka raja.

23Barang eta hal dipariksa, tetela yen bener. Seug jelemana duanana digantung. Eta kajadian ku raja dipiwarang dicatet dina kitab babad karajaan.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ester 2 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel